Tutunggul rentul dihias ku kembang kamboja, geus rada jarang tangkal caringin badag mah, ngan aya hiji dua mah anu teu dituar. tangkal caringin eta paragi reureuh manuk uncuing mun tas nyaba tinu jauh, ceunah mah tos tugas ngabejaan papaten, Wallohu alam.
Di handapeun eta tangkal caringin aya kuburan anu sakitu panjangna, kabayang anu dikubur jalmana jangkung badag. Tutunggulna oge make batu anu lonjong panjang tur hideung. Disagigireun kuburan ditaretes ku batu anu geus lukutan. Keur mah lebah dinya mah hawana tiis matak jadi lukut. Teu sagawayah jalma anu wani ngulampreng ka astana eta, ceunah cek beja geueuman. Malahan aya dongengna ceunah aya barudak ngora ngadon bobogohan di eta patempatan "dihakan" ku Sakadang Gancet. Enya bae mun dipikir-pikir mah, astana bae geus boga "aturan" anu teges sakur-sakur anu ngadon bobogohan di astana hukumana kudu siap dilegleg ku Sakadang Gancet. Naha atuh ari di urang anu hirup, anu bobogohan mani maceuh, paduli teuing gigireun masjid, naha bet diarantep. Malahan teu saeutik jalma anu ngadagangkeun kahormatan dirina, dijalan-jalan, dihotel-hotel jeung rea-rea deui, ngan teu daekeun ari di astana mah da sieun ku Sakadang Gancet. Eces mun kitu mah aturan astana leuwih dipikasieun tibatan aturan pamarentah. Jigana konci kasuksesan aturan astana anu ngalibatkeun Sakadang Gancet teh nyaeta ; teges jeung teu pilih bulu. Kumaha ari di urang salaku anu ngageugeuh patempatan masing-masing? aya keneh kitu anu sok bobogohan anu teu ngenal wates? dikumahakeun mun seug kaperegok keur bobogohan? paling oge mun seug kaperegok keur bobogohan lain jeung muhrimna mah paling banter dikawinkeun kalayan disaksian ku Hansip, eta oge mun si pelaku teu bisa 'nego' jeung anu ngageugeuh eta patempatan. Masih keneh kitu Sakadang Gancet kiwari? cikan susuganan aya dongengna ti ki dulur ngeunaan Sakadang Gancet... mangga diantos. Cag Kebo Hideung - Tasikmalaya