2. Kecap Panganteur

 

Dina basa Sunda aya nu disebut Kecap Panganteur, boh kecap panganteur
pagawean, boh kecap panganteur kaayaan. Iyeu kecap teh gunana pikeun
ngantebkeun caritaan.

Diantarana nyaeta :

 

Am dahar

Barakatak seuri

Bek dahar

Berebet lumpat

Berewek soeh

Biur ngapung

Blak nagkarak

Blok bahe

Blug labuh

Bluk nangkuban

Bray beunta

Bray beurang

Bray caang

Bray muka

Breg hujan

Brus mandi

Bus asup

Burusut ngisin*

Cat unggah

Celengkeung ngomong

Celengok nyium

Cep tiis

Cer kiih

Celeuketeuk seuri

Cikikik seuri

Clak tumpak

Cleng ngacleng

Clik murag

Cong nyembah

Crot niduh

Deker dahar

Dug sare

Gampleng nampiling

Gantawang nyarekan

Gap nyabak

Gaplok nyabok

Gedig indit

Gek diuk

Geleber hiber

Geleser maju

Gewewek ngegel

Gok paamprok

Goledag ngedeng

Hing ceurik

Jedak diadu

Jeduk tidagor

Jep jempe

Jep jempling

Jleng luncat

Jol datang

Jrut turun

Jung nangtung

Kerewek nyekel

Kuniang hudang

Lar ngaliwat

Lat poho

Leguk nginum

Lek heurey

Leos indit

Lep teuleum

Les leungit

Luk tungkul

Nyah beunta

Nyeh imut

Pes pareum

Pok ngomong

Rap dibaju

Rengkenek ngigel

Reup peureum

Segruk ceurik

Terekel naek

Tret nulis

(Dicutat ti Unak Anik Basa Sunda; Dedi, S.Pd.)

 

Bade ngadamel conto aah.. :

Bray alam mayapada buana panca tengah mulai caang. Nyah kuring beunta,
gigisik kana panon, asa tunduh keneh ngan geus kudu siap-siap barangkat ka
leuweung nyiar kipayah. Kuniang kuring hudang bari rada peureum keneh oge.
Na meja aya keneh kulub sampeu sesa keur peuting, atuh am ku kuring di dahar
bari can mandi jeung gosok gigi oge. Sabab na iklan odol, ceunah gogok gigi
teh sanggeus dahar jeung rek sare. Rengse ngadahar kulub sampeu, leguk
kuring nginum ci herang tina kendi.

Bus kuring asup ka kamar mandi, Cer kiih, burusut ngisin* bari nagog, beres
ngisin* Cat unggah tina WC, Brus mandi, cep caina karasa pisan meuni tiis
tapi matak jadi seger kana awak, dan ma'lum cai langsung ti gunung. ( mangga
ah nu bade ngalajengkeun...)

 

Wassalam.

Sopian

 

  _____  

From: Ahmad Sopiani [mailto:[EMAIL PROTECTED] 
Sent: Monday, October 29, 2007 2:57 PM
To: 'urangsunda@yahoogroups.com'
Subject: Tatakrama Basa Sunda (Undak usuk Basa; Bag.1.02)

 

Nu bade nganggo mangga.. alhamdulillah,  nu teu bade ge mangga teh
teuing.... kuring mah 'nating tu lus' saja lah...

=====000===

 

Basa Loma/kasar    Basa Lemes

 

Panggih <> tepang/pendak

Meureun <> panginten

Ninggalkeun <> ngantunkeun

Indung kuring <> pun biang

Bapa kuring <> pun bapa

Indung anjeun <> tuang ibu

Bapa anjeun <> tuang rama

Pamajikan kuring <> pun bojo

Salaki anjeun <> caroge

Pamajikan anjeun <> garwa

Ngondang <>ngahaturkeun

 

Ngaran2 nu aya na anggota badan

 

Basa kasar    Basa Lemes

 

Buuk <> rambut

Huis <> silalatu

Kutu <> untang

Lisa <> paseuk

Sirah <> mastaka

Beungeut <> raray

Tarang <> taar

Halis <> kening

Panon <> soca

Irung <> pangambung

Pipi <> damis

Ceuli <> cepil

Kumis <> rumbah

Biwir <> lambey

Sungut <> baham

Huntu <> waos

Letah > ilat

Gado <> angkeut

Beuheung <> tengek

Punduk <> pundak

Taktak <> taraju

Dada <> payun

Susu <> pinareup

Kelek <> ingkab

Beuteung <> patuangan/lambur

Bujal <> udel

Cangkeng <> angkeng

Ramo <> rema

Kuku <> tangay

Bujur <> imbit

Alat vital <> rarangan

Pingping <> paha

Tuur <> dengkul

Bitis <> wetis

 

(dicutat ti : Unak Anik Basa Sunda; Dedi, Spd)

 

Tadina mah bingung, naha kutu sareng lisa dicantumkeun, singhoreng judulna
aya kecap "nu aya", pan lisa jeung kutu aya na anggota badan, nyaeta aya di
rambut.. Clear lah.

 

 

 

Ahmad Sopiani
Package Team

R & D Group
AV Factory

PT. LG Electronics Indonesia
Block G, MM 2100 Industrial Town
Cikarang Barat - Bekasi 17520

Jawa Barat, Indonesia
Mail : [EMAIL PROTECTED]
Tel  : +62-21-8989418

Kirim email ke