Muhun beurat pisan ari resep henteu resep ku Kang
Alkarta disandingkeun sareng Sunnah Nabi
mah...Tobat..yayie....

--- Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Tah geuning tos terang yen nu dipikaresep ku wanoja
> teh nu ehm*ruruncang bolenang nu hejo carulang
> heheh*. 
> 
> Ah, bade Mang Dase, Kang Keanu atanapi Jang Casilas,
> ari kasep tiditunamah nya kaseeeep weeee* tapi, (aya
> tapina) pami nu kasep pinuh ku bangsaning bubuluan,
> saha nu terangeun yen anjeuna kasep? Komo pinuh ku
> roro mbeheun sareng kapalan mah, raray-rarayna atuh
> katingali* ni katurug katutuh, keur mah*. hayoh
> di"buluan" nya tambih we teu katingali hihih*.
> Leres kacipta pami wanoja daremo bari nyarandak
> spanduk* "Panjangkan kumis & janggut!" atanapi
> "Babat habis kumis!" Wah suwer, talux  pami
> disambungkeun sareng sunah rasul mah...
> Nya etamah teu langkung, bade dipanjangan
> manggaaaa*atanapi  dikurud oge saeeeee da panginten
> tos kenging mapantes sewang-sewangan. Pami seueur
> wanoja nu resepeun atanapi heunteu oge teu langkung*
> da panginten (deui wae) karesepna ge benten2.  Da
> moal paliron atuh, Alloh ge nyiptakeun sagala rupi
> pasti aya pasanganana sanes?... saneeeesss*heheh.
> Eh, punten kokolot begog yeuh* ;)
> Nuhun pedaranana Kang,
> ro2
> 
> "Simkuring" <[EMAIL PROTECTED]> [EMAIL PROTECTED] 
> 
> Hehehe*sumuhun, apanan ieu mah bubuhan kaharti we
> basa na, nyaeta henteu ku Sunda nya ku basa endonesa
> matak nyebutkeun "urang endonesa" oge, duka tah mun
> di Jepang atanapi di nagri sanes da rumaos kuuleun J
> Teh Roro, simkuring kantos tatalepa naroskeun naon
> anu dipikaresep ku wanoja pami nilik kana dedegan
> jajaka, sababaraha diantawisna nyaeta resep ka
> jajaka anu janggot sareng kumisna di kurud dugika
> bolenang, kaimpleng ceunah ruruncang (leres kitu
> namina?) tempat nyangkoyotna kumis sareng angkeut
> tempat ngagulayunna janggot janten katingal hejo
> carulang matak gegeut sing saha wae (wanoja) anu
> neteup, enya puguh ari Keanu Reeves atanapi Casilas
> (kiper real Madrid) dikitukeun teh bujeng ning
> dikurud, dalah dirurujad siga baramaen oge tinangtu
> bakal pikauruyeun wanoja, kumaha mun mang Dase
> tukang nanggung bata dikurud janggotna (punten bilih
> kasabit nami, ieu mah mungguh conto wungkul J ), nu
> pinuh ku rorombeheun jeung kapalan naha bakal janten
> pikauruyeun  wanoja kitu? Ah nyaeta atuh da anu
> puguh mah sanes perkara kacindekan nanging ieumah
> panginten luyu na sareng budaya di tiap tempat, di
> Asia nya da katurunan jarang buluan palebah kumis
> sareng janggot, nanging di barat sareng arab mah teu
> tiasa disingkahan, kukituna nya mereun di arab mah
> hiji "pengecualian" hehehe*.
> Nanging punten yeuh, pama nilik tina perkara ageman
> (agama), asa pamohalan para wanoja ngadon ngayakeun
> demo kumis sareng janggot atanapi sahenteuna nyarek,
> nyaram atanapi protes ka kikindeuwana kedah ngurud
> kumis sareng janggot, da seseeurna aranjeuna oge
> ngartos yen eta parantos hiji bagian tina sunnah,
> muhun sunnah Rasulullah tea. Apan dicaram jajaka
> muslim (ieu mah ditujukeun ka jajaka anu pareng di
> pasihan tumuwuh kumis sareng janggot) kanggo ngurud
> janggot sareng kumis dugika bolenang herang, kitu
> deui dicaram pisan ngingu janggot langkung panjang
> tina ranggeuman panangan (nyaeta di ukur ku
> sakeupeuleun panangan, pami aya langkungna nya kedah
> dipotong), malihan aya sawatara pameget anu hoyong
> ngingu janggot ku perkawis manut kana sunnah rasul
> nanging teu dipasihan leubeut, nya  kapaksa we
> ngingu tilu opat lamar dugika pupurilitan dina gado,
> atuh janten bahan gonjakan batur hehehe, nanging
> sakitu ogenan aya usaha tah jalma teh.   Sahenteuna,
> pemeget muslim, asal katingal ngajepat janggot anu
> parantos di reka reka ku nyalira atanapi salon, atuh
> kumisna nya kitu deui da ceuk simkuring mah moal
> ngirangan kagandangan eta jalmi, malihan katinggal
> macho mereun, heuheu, punten ah kanu teu gaduh
> kum-jang, sakali deui punten J .
> Tah sakitu teh Roro anu janten patarosan simkuring
> tea teh, saur kang Kabayan mah ceunah ngan wungkul
> curious J.
> 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke