Sigana dina acara HBH di Kirpay, kag Tito anu pang
bagjana sareng pagsugemana. Kumaha teu kitu, atuda
kenging "oleh-oleh" mangrupi iket, dipasihan ku
tokoh/sesepuh kasenian Sunda Buhun ti Rancakalong. Eta
iket teu sagawayah iket.Iket anu biasa diangge dina
upacara kasenian Sunda Buhun.
Rupina eta iket, "Panggero Goib" kanggo kang Tito,
upami aya upacara di Rancakalong, supados kang Tito
Sumping.Mangga dipedarkeun, aya kajantenan goib naon,
sabada kenging iket ti Sesepuh Rancakalong.

Hayu lah, upami aya acara di Rancakalong, urang
ngahajakeun dongkap. Taros ka Kang Oman geura, iraha
aya acara di Rancakalong. Urang HBH an di rancakalong.


baktos,

mrachmat UIdipura
 
--- Tito Suryana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Wilujeng enjing Kang Rachmat,
> hapunten nembe tiasa mairan dinten ieu.....
> sayaktosna mah abdi  ngaraos hemeng masalah HBH di
> kiara payung teh, naha asa kirang sugema ditilik
> tina kasumpingan pamilon nanging dina acara khusuna
> da teu benten ti HBH sateuacanan, kumargi kitu nya
> enjingna dinten minggu abdi sareng Apih Sidik ngajak
> ngariung ka sadayana  pantia ngabahas naon sababna
> sareng kumaha engke pami aya deui HBH taun payun. 
> bahasanana teu tebih tina masalah : tempat, acara,
> dedikasina (punten sundana naon) warga KUSNET,
> kasiapan waktos sareng panitiana sareng nu sanesna.
> hasil pamustungan samentawis perkawis tempat sareng
> waktos bade di ropea deui kanggo kapayuna, nanging
> pami masalah nu hubungan sareng pamilon etamah
> nyanggakeun ka masing-masing.
> kitu tah ingpo ti abdi mah hapunten anu kasuhun
> bilih kirang merenah.
> * sacara pribadi mah abdi ngaraos sugema tiasa riung
> mungpulung sareng warga sunda sanaos sataun sakali,
> alhamdulillah baraya jadi ngalobaan.
> baktos,
> Tito ti surabaya.
> 
> .

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke