enak oge mun di janten keun menu keur ngariung ditambih beuleum peuteuy


----- Original Message ----
From: surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Wednesday, November 7, 2007 12:24:53 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] sangu tutug Oncom jeung sangu reumbeuy kacang

Aeh nyarios roay..ayeuna aya di Supermarket roay
goreng..rsana edun pisan..ngerepes garing tapi
hipu..renyah. pangaosna kantong 1/4 kg lumayan. Mun
bari lalajo TV..tiasa sakedap ludes . Tapi naha nya
teu aya pangbudayaan anu skala ageung di tatar Sunda ?
rasana roay teh pan bolehlah. Di
mancanagara. .mah..meureun caket sareng anu dikalengan
namina "Lima Bean" tea...sigana Roay ti Amerika
Latin...

--- brad porenges <porengesbrad@ yahoo.com> wrote:

> Leres Kang, malah ceuk pamendak abdi angeun kacang
> di Texas mah rada-rada cangor sareng kirang kuled,
> ari kacang beureumna relatif arageung...hahaha!
> 
> Tah nu ilahar di lembur abdi mah, tulang cokor,
> tulang iga, tulang hulu seredan upami hajat
> nyunatan, nikahkeun, Rayagung atanapi
> syukuran-syukuran sanesna sok dibubuy digaringkeun,
> dikerik buluna teras disimpen di para seuneu supados
> garing oge awet. Sakapeung mah manggih Rayagung deui
> teu acan ka angeun. Hehehe
> 
> Teu mencog Kang, upami bade dipasak digodogna
> tiasa sawengi jeput supaya hipu bin muruhmuy.
> Digodogna dina hawu, suluhna kai nangka nu teuas meh
> ngagateng. Sumuhun, upami kaleresan usum kacang
> beureum mah sering digalokeun. Wah....Edun weh.
> Matak hese ngabentenkeun nu gembul sareng nu rewog!
> Hahaha
> 
> Sumuhun roay oge tiasa. Tapi ari dilembur abdi
> mah, roay sok dipelak minangka "pelengkap",
> pepelakan utama kacang beureum, sisi-sisi galenganna
> dipelakan roay. Roay jenis tangkal nu ngarambat
> janten keur sawareh tukang tatanen mah rada
> ngahesekeun, komo upami sanes icaleun mah. Janten
> roay sanes primadona, sanajan rasana langkung raos
> panginten!
> 
> siporenges,
> siga gembul tapi rewog!
> 
> 
> Aduh..kabita. .ari ras emut kana kacang beureum
> teh
> waktos di Sukabumi disuguhan eta godogan
> buntut/tangkar sapi anu digodog dugi kahipu sareng
> kacang beureum dugi ka ladug....waduh
> etamah...rasana
> teu eleh ku Texas Chili Rib oge....raoslah. ..Bener2
> tiasa olok kejo....
> 
> --- aWin <[EMAIL PROTECTED] sunda. or.id> wrote:
> 
> > 
> > 
> > Di mana lembur tehh kang Brad, abdi ge gaduh Uwa
> di
> > cihanja (sateuacan
> > Limbangan mun ti bandung) da sami “kacang minded”
> > hehe, ti leupeut kacang,
> > ulen kacang jrrd aya, kadang mun teu aya kacang
> > beureum sok diganti ku
> > kacang roay (leres teu roay??)
> 
> 
> 
> 
> ____________ _________ _________ _________ _________ __
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam
> protection around 
> http://mail. yahoo.com 

____________ _________ _________ _________ _________ __
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail. yahoo.com 



__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke