kacangcang oge nya

Gan Lesmana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:              
  Sanes baraya .......... ari sim kuring mah meni sok keuheul ari emut kanu 
kakacangan teh ....... meni hese da harita teh mukaanana oge ... nya eta ..... 
kacangreud ....!
  Aeh ..... benten deui meureun, nya ....!? Punten ah ...........
   
  wass,
  gl
   
  
   
  Dari: brad porenges <[EMAIL PROTECTED]>
Topik: Re: [Urang Sunda] sangu tutug Oncom jeung sangu reumbeuy kacang

      Leres Kang, malah ceuk pamendak abdi angeun kacang di Texas mah rada-rada 
cangor sareng kirang kuled, ari kacang beureumna relatif arageung...hahaha!
   
  Tah nu ilahar di lembur abdi mah, tulang cokor, tulang iga, tulang hulu 
seredan upami hajat nyunatan, nikahkeun, Rayagung atanapi syukuran-syukuran 
sanesna sok dibubuy digaringkeun, dikerik buluna teras disimpen di para seuneu 
supados garing oge awet. Sakapeung mah manggih Rayagung deui teu acan ka 
angeun. Hehehe
   
  Teu mencog Kang, upami bade dipasak digodogna tiasa sawengi jeput supaya hipu 
bin muruhmuy. Digodogna dina hawu, suluhna kai nangka nu teuas meh ngagateng. 
Sumuhun, upami kaleresan usum kacang beureum mah sering digalokeun. Wah....Edun 
weh. Matak hese ngabentenkeun nu gembul sareng nu rewog! Hahaha
   
  Sumuhun roay oge tiasa. Tapi ari dilembur abdi mah, roay sok dipelak minangka 
"pelengkap", pepelakan utama kacang beureum, sisi-sisi galenganna dipelakan 
roay.. Roay jenis tangkal nu ngarambat janten keur sawareh tukang tatanen mah 
rada ngahesekeun, komo upami sanes icaleun mah. Janten roay sanes primadona, 
sanajan rasana langkung raos panginten!
   
  siporenges,
  siga gembul tapi rewog!
   
   
  Aduh..kabita. .ari ras emut kana kacang beureum teh
waktos di Sukabumi disuguhan eta godogan
buntut/tangkar sapi anu digodog dugi kahipu sareng
kacang beureum dugi ka ladug....waduh etamah...rasana
teu eleh ku Texas Chili Rib oge....raoslah. ..Bener2
tiasa olok kejo....

--- aWin <[EMAIL PROTECTED] or.id> wrote:

> 
> 
> Di mana lembur tehh kang Brad, abdi ge gaduh Uwa di
> cihanja (sateuacan
> Limbangan mun ti bandung) da sami “kacang minded”
> hehe, ti leupeut kacang,
> ulen kacang jrrd aya, kadang mun teu aya kacang
> beureum sok diganti ku
> kacang roay (leres teu roay??)


  .

 


  
---------------------------------
  Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! 
Answers  

                         

 __________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Reply via email to