[EMAIL PROTECTED]
  
Sabengbatan Nga-Branding dinu Web-log
  
 
  
Kiwari urang kungsi ngareungeu istilah “Social Networking” atawa ceuk basa 
urang na mah jejaring sosial tea. Pasti loba anu nyaho contona samodel 
Friendster, Hi5, Facebook, Multiply, Youtube, MySpace, jrrd. Ieu teh hiji 
kamajuan teknologi di widang Internet anu bisa disebut oge WEB 2.0.
  
 
  
Tapi saha nu nyaho, diwidang jejaring sosial ieu oge aya parsaingan nu matak 
sengit antara Google jeung Microsoft. Sok komo ceuk beja mah kiwari si 
Microsoft geus meuli licensed Facebook nu teknologina geus make Ajax jeung 
Jquery, tapi keur Google nu mana ka koncara di widang Search Engine moal daek 
ngeleh kitu wae. Kiwari Google geus nyieun hiji istilah keur jejaring sosial 
teh nu diaranan Open Sosial, nu edas na teh Google geus ngarangkul Friendster, 
Youtube, jeung MySpace keur proyek manehna.
  
 
  
Kaluar ti pamasalahan ngeunaan Google vs Microsoft,  urang ge kungsi ngasaan 
ngeunaan jejaring sosial, sok komo nu kukulamprengan di dunia maya mah pasti 
geus wawuh nu ngaranan Blog mah, boh di Blogspot, atanapon Wordpress. Mun 
ningali ti istilah Blog teh, ceuk cenah mah asli na teh tinu Web Log. Atawa 
ceuk basa nu gampang na mah Web anu aya Log atawa ceuk tukang nganalisa web  
teh nu ngaranna Kang Steven Streight teh nu unina kieu :
  
 
  
“hiji landasan keur komunikasi, konektivitas, jeung interkasi nu mana nu makena 
teu perlu miboga kaahlian HTML keur cepet jeung bisa ngawawarkeun isina web 
keur halayak umum. Atawa ceuk basa pendekna mah blog teh situs web anu ipis”
  
 
  
Sajarah ayana blog ieu teh dimimitian na mah keur munggaran ayana internet, 
malihan mah web nu mimitain teh dijieunna kawas Blog, nu dijieun ku Kang Tim 
Berners jeung Kang Lee.
  
 
  
Blog teh salah sahiji media keur babagi pangalaman antara bloggers. Sabenerna 
mah kauntungan na ngablog teh bisa ditingali di hiji tempat urang bisa keur 
buku harian atawa diary tea, atanapon keur alat komunikasi.
  
 
  
Dina hiji kasus salian Blog bisa manfaatna keur dua samodel di luhur, blog oge 
bisa jadi keur media marketing. Dimana hiji pausahaan oge bisa ngapromosikeun 
produkna ngalewatan blog.
  
 
  
Media ieu bisa jadi leuwih murah jeung terarah, sok komo panan dinu blog mah 
mun urang ngalungkeun hiji produk atawa ide ilaharna mah sok aya nu mairan 
ngeunaan postingan urang. Tah dibeulah dieu urang bisa ningali pangsa pasar 
jeung da biasana mah nu mere komentar teh sok aya nu ngiritik sok komo deui aya 
nu mere saran. Antukna urang bisa nganalisis deui ngeunaan produk urang teh.
  
 
  
Biasana sacara umum teh nu sok macaan atawa ngomentaran blog urang teh bisa aya 
babaraha golongan : samodel palanggan satia (evangelists), palanggan tétép, 
palanggan nu satengah-satengah, palanggan nu kapaksa, jeung palanggan nu 
sabotase.
  
 
  
Tah tinu palanggan-palanggan kawas diluhur teh dumasar pangalamanna ka 
pausahaan urang. Kukituna urang kudu nyaho rehna tiap palanggan teh tara 
neangkeun aleusan ku reuseup atawa hanteu na, tapi dumasar kanu pangalaman 
positif servis ti pausaahan urang ka manehna.
  
 
  
Samodel hiji Branding teh ngaruh pisan ka palanggan teh lain pedah kanu 
ukuranna. Samodel hiji pausaahan Komputer “Apple” , nu mana sakanyaho mah 
jumlah nu make komputer ieu rada jarang di urang tapi anggeur weh Brand na 
Apple teh hiji pausaahan nu kakoncara di dunia tinu teknologina. Conto-conto nu 
lianna kawas Mobil BMW jeung Mercedes, atanapon Starbucks.
  
 
  
Tah ayeuna pakuat-pakait Blog jeung widang usaha urang teh kumaha cenah, ceuk 
beja mah hiji blog teh kudu boga Branding anu alus jeung deui ulah poho isi 
atawa content- na teh kudu di update teu paduli blog nu haratis-an atawa nu 
meuli. Mun nyieun atawa munggaran muka blog laju urang ngeusi content na loba 
cara meh para Blogger Walker nyahoan Blog urang teh.
  
 
  
Hiji cara nu gampang keur promosi nu kawilang cepetmah ngaliwatan Chating, sok 
komo mun urang loba ngaadd babaturan urang mah tinggal make status na di link 
keun langsung ka blog urang. Cara nu lian-na urang balikeun deui, urang kudu 
jadi Blog Walker laju bacaan blog-blog nu mana aya pakuat-pakait na atawa nu 
matak urang interest laju weh urang mere komentar di blog maranehna. 
  
 
  
Cara katilu, biasana mun urang loba babaturan nu make blog urang menta blog 
urang di asupkeun kanu link-link atawa tautan nu aya di Blog babaturan urang nu 
diarananan Blogroll tea. Tah bisa oge blog urang cenah kumaha mun hayang di 
Kang Google teh bisa asup ka sapuluh besar. Carana mah gampang pisan, urang 
kudu rajin mosting di komunitas-komunitas nu gedesamodel digg, teknorati, atawa 
ngaliwatan milist, tah didieu oge urang kudu rada nyaho heula élmu ngeunaan SEO.
  
 
  
Bisa oge mun urang aya modal mah, ngaiklankeun blog pausaahn urang ngaliwatan 
Google nu diaraanan Google Addwords tea. Jadi  link blog urang bakal mucunghul 
di belah tengen hasil paneangan google. Tapi sok kade aya modus kajahatan nu 
diaranan klik tea nu mana kungsi kareundeupan ku hiji pausaahaan nu diaraanan 
Financial Markets nu dipupuhuan Samuel Baruki Cohen.
  
 
  
Tah ku kituna naha urang geus jadi blooger kawas nu kungsi aya hiji kagiatan 
tempat kumpulna para blogger tea, nu mana basa eta teh loba nu daratang blogger 
ka Jakarta, aya oge nu jadi Pembicara na teh Pa Nukman , NdoroKakung jrrd. Ari 
ka Pa Nukman mah apal, da blog na nu kawentar tea (http://virtual.co.id/blog).
  
 
  
Sok atuh urang ngabiasakeun kutrat-kotret ngunaan kagiatan urang sapope atawa 
pagawean urang, meh urang bisa share atawa neangan paragi jampe pamake jeung 
élmu pangaweruh, sugan weh ngaliwatan blog teh urang bisa ngaluarkeun ide-ide 
dumasar kanu kabisa urang.
  
 
  
 
  
Cag Ach
  
November 13, 2007 . Kostan na Dudi
  
Yayan Mulyana
  
 
  
 
  
 
  
 
  
 
  
       
---------------------------------
 Yahoo! Answers - Get better answers from someone who knows. Tryit now.

Kirim email ke