Mang Oman & baraya,
 
Kaleresan sareret tadi maos "Nama & Peristiwa" dina Kompas dinten ayeuna. 
Didinya aya Nia Dinata nu kenging penghargaan di Festival Film di Brussels, 
Belgia dina filem karesep Urang Sunda "Berbagi Suami" (nyandung) hihihi*. Tah, 
kumaha pami urang minangsaraya ka anjeuna ngadamel pilem tandingan?
 
Hanjakal Nurul Arifin janten "pembelot" padahal anjeuna teh sanes urang 
Bandung? Kumaha salian ti Dede Yusup tambihan ku Ceu Rika "Oneng" (puguh2 
namina Dyah Pitaloka) nu urang Garut tea? Pasti moal serieus da rarayna ge tos 
pikaseurieun. Timana waragadna? Biasa ngencleng hehehe*.
  
Pami tiasa mah tong nyayandak marga Batax, US ge seueur nu keren... 
Gentos we ku Margahayu...puguh2 di Bandung heheh...

Pan saur Emang ge urang lawan bari seuri sanes?
 
baktos,
ro2
resepheureuy

>>> [EMAIL PROTECTED] 11/14/07 09:52AM >>>
Sapuk Mh, oge Mang Maya, Kang Dudi, KT jeung nu sejenna,

Ari keur panalungtikan mah hade wae nongton oge. Eta bagean tina 
ngalawan bari seuri tea. Mataholangna mah meureun sirah tetep tiis 
sok sanajan hate geus panas.

Anu rada manghariwangkeun teh lamun eta film ditongton ku umum anu 
narima kitu wae. Jadi ngajak boikot teh sacara umum wae. Kitu oge 
dina prak-prakanana mah rada susah ngontrolna. Ngan anu jadi udagan 
mah nya kudu aya wae rasa kahudangkeun ku kasus-kasus siga kitu anu 
dilakonan bari tetep tiis sirah tea.

Mangga, usulan Mh oge kang Surtiwa (ngadamel surat protes lain?), 
dirojong pisan. Saha anu seja ngaluluguan?. KT jeung Kusnet Jakarta 
mah arek neruskeun padungdengan Naskah Wangsakerta lin? 

Aya momen anu penting pakait jeung hal ieu. Kahiji, dina mangsa rame 
calon gubernur anyar, aya Dede Yusuf, ti kalangan artis. Naha kira-
kirana bisa henteu inyana diajak gawe bareng nyieun 
gerakan "ngalawan bari seuri"?, Upamana, nyieun film jejer nu sarua 
tapi dina jalan carita tandingan (dilawan ku film deui). Atawa calon 
anu nyalonkeun gubernur anu ti Barat ...eh anu margana Hutabarat 
bisa diajak badami? :).

manAR

Kirim email ke