Kebo ngaregepkeun mode on

  ----- Original Message ----- 
  From: ndoell 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Wednesday, November 14, 2007 10:15 AM
  Subject: Kusnet Jakarta => Re: [Urang Sunda] Re: Urang Sunda kudu 
reaktif....mun perlu boikot tah film teh....omat nya....


  Mang..
  Kang Hermawan Aksan nerbitkeun novel Dyah Pitaloka,
  eusina memang rada bersebrangan jeung pendapat urang wetan 
  nu geus sumebar salila ieu. 
  Jol deui urang wetan oge nerbitkeun novel deui ngeunaan
  perang Bubat ieu. Nya meureunan numutkeun versi-na urang wetan.
  Urang wetan ge boga rujukan sorangan, 
  urang sunda ge boga rujukan sorangan.
  Keun bae, da eta mah hak-na. 

  Ari soal pilem, ieu mah jigana teu leuwih tina pasualan bisnis.
  jaman kiwari masyarakat keur resep pilem-pilem anu settingna teh
  jaman karajaan. Ngan (meureun), nu boga carita-na kabeneran ngarujuk
  atawa ngumpulkeun data2-na ti beh wetan. Atawa boa memang apaleunanana
  ngan sakitu-kituna.

  Nu penting mah nyieun pilem, rame, payu dijual. eta wungkul tujuana 
  mah. Da tukang pilem kacangan mah kitu geuning, teu mikirkeun nanahaon
  salian ti duit. Soal aya nu kasigeung atawa nu protes, justru malah
  bakal ngaronjatkeun nilai jualna. Da pastina mun ku urang di boikot,
  pasti masyarakat justru panasaran, hayang lalajo.

  meureuuuun...

  -dul-
  tukangteuing

  --- In urangsunda@yahoogroups.com, "Oman Abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> 
  wrote:
  >
  > Sapuk Mh, oge Mang Maya, Kang Dudi, KT jeung nu sejenna,
  > 
  > Ari keur panalungtikan mah hade wae nongton oge. Eta bagean tina 
  > ngalawan bari seuri tea. Mataholangna mah meureun sirah tetep tiis 
  > sok sanajan hate geus panas.
  > 
  > Anu rada manghariwangkeun teh lamun eta film ditongton ku umum anu 
  > narima kitu wae. Jadi ngajak boikot teh sacara umum wae. Kitu oge 
  > dina prak-prakanana mah rada susah ngontrolna. Ngan anu jadi udagan 
  > mah nya kudu aya wae rasa kahudangkeun ku kasus-kasus siga kitu anu 
  > dilakonan bari tetep tiis sirah tea.
  > 
  > Mangga, usulan Mh oge kang Surtiwa (ngadamel surat protes lain?), 
  > dirojong pisan. Saha anu seja ngaluluguan?. KT jeung Kusnet Jakarta 
  > mah arek neruskeun padungdengan Naskah Wangsakerta lin? 
  > 
  > Aya momen anu penting pakait jeung hal ieu. Kahiji, dina mangsa 
  rame 
  > calon gubernur anyar, aya Dede Yusuf, ti kalangan artis. Naha kira-
  > kirana bisa henteu inyana diajak gawe bareng nyieun 
  > gerakan "ngalawan bari seuri"?, Upamana, nyieun film jejer nu sarua 
  > tapi dina jalan carita tandingan (dilawan ku film deui). Atawa 
  calon 
  > anu nyalonkeun gubernur anu ti Barat ...eh anu margana Hutabarat 
  > bisa diajak badami? :).
  > 
  > 
  > manAR
  > 
  > --- In urangsunda@yahoogroups.com, mh <kihasan@> wrote:
  > >
  > > Kang Jalak Pakuan,
  > > Tah aya momen nu hade keur garapeun Kusnet Jakarta. Lain keur 
  > neangan momen
  > > keur ngumpulkeun balad-balad. Ngarah rada objektif noongna, aya 
  > naon dina
  > > eta filem teh. Jigana Kusnet Jakarta perlu nonton babarengan 
  > ngaapresiasi
  > > eta filem (lain anti boikot nya, ngarah rada bengras we noongna), 
  > terus
  > > rempugan jeung nu ngarti sajarah. Cikan jiga kumaha tah hasil 
  > padungdengana.
  > > 
  > > salam,
  > > mh
  > > 
  > > On 11/13/07, Oman Abdurahman <o_arahman@> wrote:
  > > >
  > > > Kang Yayaoge baraya sadaya,
  > > >
  > > > Karek pisan liwat, 2 poe ka tukang si kuring padungdengan haneut
  > > > dina chatting conf., diantarana jeung Mh, Kang Dudi, Teh Ika, 
  > Mang
  > > > Maya, Kang Lesmana, jrr. Jejer conf. nya soal ieu yeuh 
  "ngungkit-
  > > > ngungkit mangsa anu geus lila kaliwat" alias hayoh 
  "ngaralieukan 
  > wae
  > > > ka tukang".
  > > >
  > > > Dina chatting conf. harita Mh ngaamanatan sangkan US enggeus 
  lah 
  > teu
  > > > kudu nguruskeun teuing anu geus kaliwat, kaasup soal UUBS (anu
  > > > pangaruh Mataram tea oge soal ieu perang bubat). Harita si 
  kuring
  > > > nempas anu maksudna kurang leuwih kieu: salian ti US anu 
  > diamanahan,
  > > > seler beulah wetan oge sarua wae kudu ditalatahan yen 
  > ngamasalahkeun
  > > > teuing mangsa ka tukang teh teu produktif. Kabuktian ayeuna, aya
  > > > film sarupa kitu (sabenerna ieu teh lain anu kahiji. Sababaraha
  > > > waktu ka tukang aya film ngeunaan masyarakat Cigugur, Kuningan, 
  > anu
  > > > eusina sarua wae, rada ngagerihan ka US).
  > > >
  > > > Kuring sapuk kacida jeung Kang Yaya, film sarupa anu 
  dibentangan 
  > ku
  > > > Gus Ipul jeung Nurul Arifin ieu kaasup media pembelajaran 
  > masyarakat
  > > > anu kontraproduktif. Komo lamun enya eusi film teh lempeng-
  > lempeng
  > > > wae alias hideung bodas teu ngandung bahan keur mikir anu leuwih
  > > > jero ngeunaan kasang tukang kajadian anu geus liwat. Pola mikir
  > > > anu "basajan" sarupa kitu teh pamustunganana mah ukur ngagiring
  > > > masyarakat kana nyieun kaputusan : si ieu nu salah, urang ditu 
  > anu
  > > > bener, jst.
  > > >
  > > > Aya naon? Aya lamun diaya-ayakeun mah sagala oge. Ceuk anu sarwa
  > > > karasa mah bisa wae ieu teh hiji gerakan keur ngaleutikkeun
  > > > (mendiskreditkan)US. Geura wae ilikan, dua kajadian akhir wae 
  > geus
  > > > tembong. Mangga waler patarosan ieu:
  > > >
  > > > - "Dimana mucunghulna Nabi palsu abad 21?" Di Bogor, di 
  > jajantungna
  > > > Pamarentahan US baheula
  > > > - "Saha anu salah lamun Indonesia balik deui jadi beulah 
  > paburencay
  > > > lir ibarat samangka dibagi lima?", US deui. Buktina? Tenjo atuh 
  > film
  > > > Gus Ipul jeung Nurul Arifin
  > > > - jst.
  > > >
  > > > Kacindekanana: "US teu pantes mimping ieu bangsa, ionohong ti US
  > > > ulah dipilih jadi Presiden bisi nyieun agama anyar anu mengpar 
  > tur
  > > > mengparkeun, bisi Nusantara paburencay deui". Kitu lain pola 
  > pikirna
  > > > anu nyieun skenario di luhur teh? Wallohu a'lam. Ah, boa eta mah
  > > > prasangka anu gede teuing rasa tinimbang akal. Boa, kitu oge.
  > > >
  > > > Aya dua pamikiran keur tindakan nyanghareupan sanu sarupa kitu.
  > > > Kahiji, sapuk jeung Kang Yaya. Kudu waer atuh aya "girah" atawa
  > > > sumanget keur neangan jeung nanjerkeun bebeneran. Kahirupan 
  > hanjakal
  > > > teu ngan ukur bodas jeung hideung. Sok sanajan US harita teu 
  > bener
  > > > sagemblengna, Majapahit ge teu bener sagemblengna.
  > > >
  > > > Komo deui lamun, sakumaha ceuk Kang Yaya, ngebrehkeun riwayat 
  > versi
  > > > anu dicekel ku US, Gajah Mada (GM) anu nyalenggorkeun paniatan 
  > Hayam
  > > > Wuruk (anu tunggal seler US keneh boga maksud hayang 
  nyambungkeun
  > > > deui getih). Diselewengkeun jadi alat keur ngudag ambisi pribadi
  > > > jeung nganggeuskeun janji (Sumpah Palapa) anu nalingkung
  > > > kalalakianana. Apan Sumpah Palapa teh eusina, ceuk sakaol, GM 
  > moal
  > > > kawin lamun Nusantaran can ngahiji dina pamarentahan Majapahit,
  > > > sedeng ari GM teh lalaki normal. Pajajaran dianggap ngahalangan,
  > > > padahal Hayam Wuruk taat kana nasehat nu jadi Uyut/luluhur, 
  Prabu
  > > > Darmasiksa, akina Raden Wijaya, Raja Sunda-Galuh. Jadi, nya 
  > kajadian
  > > > wae naon rupa anu geus kajadian. Anu kieu bukti US teu daek 
  > ngahiji
  > > > di Nusantara? Tega pisan euy!.
  > > >
  > > > Kadua, sapuk oge jeung kamalir pipikiranb Mh dina chatting 
  > conf. "US
  > > > ulah kabawa palid ku cai walungan caah ti golongan anu memang 
  teu
  > > > aya niat mawa ieu bangsa ngudag kajayaanana. Pikirkeun mah ka
  > > > hareup. Tuh tingali, aya hiji oge siraru Jepang (motor) anu 
  > meunang
  > > > nyieun bangsa Urang? Tingal data pendidikan, sakitu matak 
  > melangna
  > > > kaayaan bangsa urang. Menggeus ulah nostalgia wae, ulah aku-aku
  > > > angga wae. Geura prak digarawe, keun wae anu enggeus mah 
  enggeus 
  > da
  > > > moal bis balik deui sing nepi ka gagak buluna bodas oge". Kurang
  > > > leuwih kitu ieu kamalir pikiran anu kadua. Satuju oge, da memang
  > > > kitu kuduna.
  > > >
  > > > Jadi...? plin-plan nya atuh uing teh? ah henteu. Anu nangtang 
  > kudu
  > > > dilawanan kalawan nyantana (ksatria). Atuh mangsa ka hareup 
  tetep
  > > > kudu dipikir jeung digawean ti ayeuna. "Ngalawan bari seuri", 
  > ceuk
  > > > eusi wangsit Prabu Siliwangi oge. Tah salah sahiji jenis seuri 
  > teh
  > > > nyaeta nyeungseurikeun film model kitu patut ku cara: "Entong
  > > > ditongtong, peupeujeuh"!. Ngaboikot? lain, tapi ngalawan bari
  > > > seuri :)
  > > >
  > > > Cag.
  > > >
  > > > baktosna,
  > > > manAR
  > > >
  > > >
  > > > --- In urangsunda@yahoogroups.com <urangsunda%
  > 40yahoogroups.com>, "yr32"
  > > > <yr32@> wrote:
  > > > >
  > > > > Baraya,
  > > > >
  > > > > Gus Ipul jadi Hayam Wuruk dina film "Perang Bubat", Nurul 
  > Arifin
  > > > jadi
  > > > > prameswari Wirabumi, lamu film "Perang Bubat" tidak sesuai 
  > dengan
  > > > > versi Sunda sok komo mun seug nganyenyeri seler Sunda, seler 
  > Sunda
  > > > > kudu reaktif mun perlu boikot tah film teh....
  > > > >
  > > > > Dina ulasan detik.com geus rada miring tah, cenah tujuan si 
  > jurig
  > > > > Gajah Mada numpes Pajajaran teh sabab Pajajaran teu daek 
  > bersatu
  > > > > ngilu jadi Nusantara, jeung tujuan Hayam Wuruk ngalamar Dyah
  > > > > Pitaloka teh cenah tujuanna mah hayang naklukeun Pajajaran,
  > > > padahal
  > > > > pan lain kitu....mangga aos didieu:
  > > > >
  > > > >
  > > > 
  > http://www.detikhot.com/index.php/tainment.read/tahun/2007/bulan/11/
  t
  > > > > gl/12/time/192231/idnews/851584/idkanal/229
  > > > >
  > > > > Salam sono kasadayana,
  > > > >
  > > > > Kang Ya
  > > > > Tungtung Seoul
  > > > >
  > > >
  > > > 
  > > >
  > >
  >



   

Kirim email ke