HAHAHAHA...
satujulah Kang Endud...
kumaha tah kira2 reaksi urang sunda islam, mun urang sunda hindu atawa urang 
sunda nu ngagem agama sunda buhun ngomong kieu : "urang sunda asup islam ?! 
murtad jadi islam ?! beu !!! rek dikamanakeun beungeut kisunda ?! kumaha 
pertanggungjawaban-na ka luluhur urang sunda ?!"...

yeuh nya ceuk uing mah (si kuring urang islam - tingali we tina ngaran), 
kanyataanna urang sunda teu kabeh islam (bihari jeung kiwari)... 
urang sunda teu langsung jadi islam (hindu heula sa acan islam)...
luluhur urang kabeh (nu aya di ieu milist) baretona teu langsung jadi islam 
(sok susud terus ka luhur luluhur urang masing2)...
rek nu islam, nu karesten, nu hindu, nu sunda buhun, nu budha kabeh ge nampa 
kayakinan eta teh ngadasarkeun "ceuk cenah" alias beja... beja nu bisa datangna 
tina hasil bacaan, tina omongan atawa tina penafsiran titinggal nu aya... nu 
terus ditimbang-timbang ku akal masing-masing...

euweuh urang islam nu langsung panggih jeung nabi Muhammad SAW, euweuh urang 
karesten nu langsung panggih jeung nabi Isa/Yesus, euweuh urang hindu nu 
langsung panggih jeung dewa...
tah lantaran kabeh ge "ceuk cenah", jadi teu kudu hiji golongan ngarasa 
pangbenerna terus ngajejeleh golongan nu lain...

jadi nyikapan postingan hal2 anu jiga kieu, teu kudulah langsung 
nga-diskreditkeun atawa nga-gogoreng nu lain islam...
keun we urusan eta mah urusan masing-masing...
ayeuna mah sok we masing2 ngajalankeun kayakinan masing2, teu kudu ngomentaran 
nu lain...
nu islam, ngajalankeun sare'at islam sing bener...
nu karesten (sok ka portugis jeung walanda euy), ngajalankeun sare'at karesten 
nu bener...
keun da dua2na ge dijamin ku nagara...

lamun kabeh nu ngagem agama2 di ieu nagara ngarasa pangbenerna, jeung boga 
kayakinan yen batur kudu sarua atawa ngilu kana kayakinana, dijamin ieu nagara 
bakal paburantak... bakal dor-dar teu anggeus2... tuh contona di ambon jeung di 
poso... rek sabaraha nyawa jelema nu kudu paeh, lamun sikep nu kieu nu terus 
dicecepeng...



^_^
urang sunda islam...
(ngan sok era jeung heran, naha korupsi di nagara mayoritas islam ieu mahabu 
pisan...
teu kira-kira, menterina agamana pisan asup bui lantaran korupsi)
jadi ceuk uing mah daripada ngurus batur nu memang geus kanyataanna ti dituna 
teu sa-iman, mending urus dulur sa-iman nu aya supaya bener jeung teu 
ngerakeun... 



  ----- Original Message ----- 
  From: dudi herlianto 
  Subject: Re: Balasan: Re: [Urang Sunda] Re: SAmpurasuuun...


  heuheu, lain naha nya. ari sunda = islam kitu? cek saha? samemeh islam nincak 
tatar ieu ge cenah urang sunda mah geus aya...

  punten ah
  d



  On Nov 13, 2007 5:03 PM, rohmat s < [EMAIL PROTECTED]> wrote:



    urang sunda agamana kresten? murtad jadi kresten? beu ngerakeun pisan eta 
mah,rek dikamanakeun beungeut ki sunda..........ambuing-ambuing .....

    wassalam


    asep smd
  . 
   

Kirim email ke