Baraya..catetan sajarah anu didugikeun ku Kang Aadnan Abubakar kacida munelna 
sareng ngebrehkeun lakuning ketak para karuhun urang nu bajoang negakeun 
kalimatullah sareng ajen Islam di Tatar Jawa Barat.

Sim kuring asa kailhaman ku eta seratan..Saupami diimeutan sarelesna mah 
tugasna karuhun urang si'ar Islam teh dibarung ku hasil munajat ka Allah, SWT 
teu sagawayah si'ar Islam bari jeung teu didadasaran ku karomah ti Allah.  Tah 
ninggal lalampahan Wangsa Goparana kunaon Anjeuna mumpang ka nu jadi rama ? 
Tangtos gaduh dasar sanes mung palay ngagem Islam jeung si'arna tapi langkung 
lebet ti dinya Anjeuna gaduh pancen tinu maha kawasa nyepeng tugas Islam jeung 
Islam-na.  Kumargi kitu kunanon Anjeuna nganjrek tetep tumetep di Sagala herang 
atanapi Nangka Beurit....nyaeta nyandak simbol qolbu urang kudu sagala beresih 
taya geutah nafsu nu nyangkaruk....sing saha anu beresih qolbu tinangtu caket 
ka Mantena janten Insan nu Utami.

Candak deui sajarah karuhun urang nu sanesna : cobi uarang tataan :
1. Luluhur Nagara;
2. Cimata Indung;
3. Sokawayana;
4. Batara Guru;
5. Pamaotan;
6. Danuwarsih;
7. Cinta Ratu;
8. Wanaraja;
9. Sukanagara;
10. Pante Carita
11. jrrd

Saupami diguar atuh matak munelna sajarah teh, mung hanjakal sim kuring kurang 
wawasan..palay uninga nu langkung tebih manawi Baraya aya nu gaduh sajarah 
sareng pamendak.

Hatur Nuhun

----- Original Message ----
From: AAdnan Abubakar <[EMAIL PROTECTED]>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Thursday, November 15, 2007 9:45:02 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Re: SAmpurasuuun... (Bakal rame moal nya ?! sugan 
milist rame deui lah)

Baraya ieu aya "Catetan Sajarah" ngeunaan masyarakat sunda (jawa barat) 
ngamimitian asup Islam
 
Agama Islam anu diturunkeun di Kota Mekkah nerekab ka mancanagara lir upama cai 
anu terus ngocor teu aya kendatna, tempat anu sakumaha jauhna oge katepi bae da 
sungapanana terus muka.
Dina abad ka 15 Agama Islam jol ka tatar sunda nu jadi gapurana nya eta kota 
Cirebon anu mimiti ngadeg taun 1445 M* (*Drs. Atja. carita purwaka caruban 
nagari, pada 50-53 seri Monografi No. 5 Ikatan karyawan Museum Jakarta 1972). 
Syarif Hidayat ane engkena disebut Susunan Jati sumping ka Cirebon dina taun 
1470, maksadna teu aya sanes iwal ti bade nyebarkeun Agama Islam di Jawa Barat. 
Masyarakat Jawa Barat harita teh masih ngagem kapercayaan Hindu. 
Pusat pamarentahan karajaan ayana di Dayeuh Kawali anu engkena dipindahkeun ka 
Pakuan Pajajaran (di kota Bogor ayeuna).
Padamelan Susuhunan Jati aya hasilna, dina taun 1530 geus laloebet Islam 
rahayat di daerah Kuningan, Rajagaluh, Majalengka, Talaga, Sumedang, Garut , 
Galuh.
 
Anu ngawitan lebet Islam ti lingkungan karaton Talaga nya eta Aria Wangsa 
Goparana. Barang kauninga ku ramana nya eta Sunan Ciburang, sakalangkung 
benduna nu jadi rama teh. Cacakan mun lain putra kakasih anu kacida 
dipikameumeutna meureun harita oge ditelasan. Pangwujuk supaya tetep henteu 
ngantunkeun agama Budha ku Wangsa Goparana henteu dutolih, da lebetna Islam teh 
lain kabawa ku sakaba-kaba, tapi ku lantaran anjeuna boga kayakinan yen Islan 
teh Agama anu sa leres-leresna. 
Akhirna Wangsa Goparana ditundung ku ramana, teu meunang aya di wewengkon 
Talaga. Disarengan ku pangiring pangiringna nu satia anjeunna ngalih ka 
Sagalaherang.
 
Naha bet ka Sagalaherang ngalihna teh ?  
Insya Allah engkin (engke) disambung deui
 
2007/11/13, Hasan Supriadi <[EMAIL PROTECTED] co.id>: 
HAHAHAHA...
satujulah Kang Endud...
kumaha tah kira2 reaksi urang sunda islam, mun urang sunda hindu atawa urang 
sunda nu ngagem agama sunda buhun ngomong kieu : "urang sunda asup islam ?! 
murtad jadi islam ?! beu !!! rek dikamanakeun beungeut kisunda ?! kumaha 
pertanggungjawaban- na ka luluhur urang sunda ?!" ...
 
yeuh nya ceuk uing mah (si kuring urang islam - tingali we tina ngaran), 
kanyataanna urang sunda teu kabeh islam (bihari jeung kiwari)... 
urang sunda teu langsung jadi islam (hindu heula sa acan islam)...
luluhur urang kabeh (nu aya di ieu milist) baretona teu langsung jadi islam 
(sok susud terus ka luhur luluhur urang masing2)...
rek nu islam, nu karesten, nu hindu, nu sunda buhun, nu budha kabeh ge nampa 
kayakinan eta teh ngadasarkeun "ceuk cenah" alias beja... beja nu bisa datangna 
tina hasil bacaan, tina omongan atawa tina penafsiran titinggal nu aya... nu 
terus ditimbang-timbang ku akal masing-masing. .. 
 
euweuh urang islam nu langsung panggih jeung nabi Muhammad SAW, euweuh urang 
karesten nu langsung panggih jeung nabi Isa/Yesus, euweuh urang hindu nu 
langsung panggih jeung dewa... 
tah lantaran kabeh ge "ceuk cenah", jadi teu kudu hiji golongan ngarasa 
pangbenerna terus ngajejeleh golongan nu lain...
 
jadi nyikapan postingan hal2 anu jiga kieu, teu kudulah langsung 
nga-diskreditkeun atawa nga-gogoreng nu lain islam...
keun we urusan eta mah urusan masing-masing. ..
ayeuna mah sok we masing2 ngajalankeun kayakinan masing2, teu kudu ngomentaran 
nu lain...
nu islam, ngajalankeun sare'at islam sing bener...
nu karesten (sok ka portugis jeung walanda euy), ngajalankeun sare'at karesten 
nu bener...
keun da dua2na ge dijamin ku nagara...
 
lamun kabeh nu ngagem agama2 di ieu nagara ngarasa pangbenerna, jeung boga 
kayakinan yen batur kudu sarua atawa ngilu kana kayakinana, dijamin ieu nagara 
bakal paburantak.. . bakal dor-dar teu anggeus2... tuh contona di ambon jeung 
di poso... rek sabaraha nyawa jelema nu kudu paeh, lamun sikep nu kieu nu terus 
dicecepeng.. . 
 
 
 
^_^
urang sunda islam...
(ngan sok era jeung heran, naha korupsi di nagara mayoritas islam ieu mahabu 
pisan...
teu kira-kira, menterina agamana pisan asup bui lantaran korupsi)
jadi ceuk uing mah daripada ngurus batur nu memang geus kanyataanna ti dituna 
teu sa-iman, mending urus dulur sa-iman nu aya supaya bener jeung teu 
ngerakeun... 
 
 
 
----- Original Message ----- 
From: dudi herlianto 
Subject: Re: Balasan: Re: [Urang Sunda] Re: SAmpurasuuun. ..

 
heuheu, lain naha nya. ari sunda = islam kitu? cek saha? samemeh islam nincak 
tatar ieu ge cenah urang sunda mah geus aya...

punten ah
d


On Nov 13, 2007 5:03 PM, rohmat s < roh_sholihin@ yahoo.co. id> wrote:



urang sunda agamana kresten? murtad jadi kresten? beu ngerakeun pisan eta 
mah,rek dikamanakeun beungeut ki sunda....... ...ambuing- ambuing .....

wassalam


asep smd
.
 





Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

Kirim email ke