Abdi urang  Kecamatan Cicalengka, aya desa nu namina: Cikuya, Cisaladah...

----- Original Message ----
From: Eman Suherman <[EMAIL PROTECTED]>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Monday, November 19, 2007 6:43:27 AM
Subject: [Urang Sunda] Ngaran Patempatan di Pasundan

Ngaran Patempatan di Pasundan
Urang Sunda baheula resep pisan mere ngaran patempatan dimimitian ku Ci, keun 
atuh ari ngaran walungan atawa susukan mah jamak dingaranan dimimitian ku kecap 
Ci, sabab ceuk dina kamus basa Sunda oge Ci teh hartina cai. Geura ieu ngaran 
walungan upamana bae walungan: Cilosari, Cimandiri, Cimanuk, Cisadane, 
Cisanggarung, Citanduy, Citarum, Ciujung. Diitung teh moal kurang ti 60 
walungan atawa oge komo jeung susukan mah ngarana dimimitian ku kecap Ci. 


Da ieu mah ngaran patempatan, kadang teu aya hubunganana jeung cai, geura ieu 
mun dipaluruh di Wikipedia ngaran kacamatan bae saheulaanan nu aja di provinsi 
Jawa Barat. Panglobana ngaran kacamatan nu dimimitian ku kecap Ci nyaeta 
Kabupaten Sukabumi. Kacamatan Cibadak, Cibitung, Cicantayan, Cicurug, Cidadap, 
Cidahu, Cidolog, Ciemas, Cikakak, Cikembar, Cikidang, Ciracap, Cireunghas, 
Cisaat, jeung Cisolok. Tuh nya, tina 45 kacamatan aya 15 kacamatan anu make 
ngaran Ci.


Encan eta teh ngaran-ngaran gunung, pasir, lengkob, lelewek, pangangonan, 
pamandian, paranti guyang munding, tonggoh, lebak, sawah, bebera, hulu cai, 
jeung rea-rea deui. Di lembur kuring bae balatak ngaran patempatan anu 
dimimitian ku Ci, Ciongka, Ciawitali, Ciheras, Cieurih, Cihonje, Cipaku, 
Cipondok, jeung rea deui. Unik lain? Sok lah teangan dibeulahan dunya mana anu 
bisa nyaruaan kabiasaan urang Sunda baheula mere ngaran patempatan, na ena 
atuh! (tina: “la iya lah!”) moal aya.


Nu aya putula patalina jeung cai mah rada kaubaran ku ayana katerangan ti Dede 
Kosasih (Cupumanik No. 17/2004) yen urang Sunda mah ceuk Karl A Witfoge 
(Jerman) kaasup kana hydrolic society masyarakat anu teu leupas tina cai. Hiji 
ciciren yen tanah Pasundan teh subur taneuhna kusabab loba cur corna cai. Ari 
patempatan anu teu aya hubunganana jeung cai? Saterusna disebutkeun yen cenah, 
katajen pikeun ditalungtik ayana akumulasi ngaran patempatan di Tatar Sunda 
didominasi ku ngaran nu dimimitian ku kecap Ci.Perlu ditaliti leuwih jero. Sok 
barantuan dulur!



Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! 
Answers 



      
____________________________________________________________________________________
Be a better pen pal. 
Text or chat with friends inside Yahoo! Mail. See how.  
http://overview.mail.yahoo.com/

Kirim email ke