Wah, teu apal ari selukbeluk bisnis kembangna mah. Ngan sok resep we ari weekend teh. Sok anteng di kebon ningalian sarupaning kekembangan. Ngadaweung di gazebo, ningal imah aralus jeung baradag di vila triniti nu aya kampung daun tea. Muhun Mambu sareng pa Deden (landihan ti pa raden si unyil) teh tukang kembang di terusan sersan Bajuri KM 5 no. 2 Cihideung Lembang. Merekna Minerva Florist. Tos lami beliau2 mah usaha kembangna teh, saprak parangsiun. nu di greenhouse, nu langka2 sarupaning anggrek, Anthurium jemanii kitu, kusabab langka jadi teu seueur. janten rada beda jeung nu ngajajar di sapanjang jalan cihideung tonggoheun hotel Biliq (fame station). Kapungkur mah kebona teh khsusu anthurium, kembangna dikirim ka kios Asia di Pasar Kembang Taman sari. Ngan beh dieu, anthuriumna nu kembangan eta duka tos sarepuh duka katerap panyawat duka kumaha, kembangna ngaalitan, atuh kios kembang langganan teh teu kersa nampi. Nya kebonna ayeuna mah ku sansiviera atawa lidah mertua tea. Hehe. Posted by: "MRachmat Rawyani" [EMAIL PROTECTED] mrachmatrawyani Date: Mon Nov 19, 2007 5:49 am ((PST)) Asana teh, mang Jamal, salaku anu icikibung dina perkara ieu, tiasa ngabeberkeun pangalamanana ngawakilan pangusaha tanaman hias. Kudu rada ati-ati nyimpulkeun hiji fenomena di masyarakat kana hiji tulisan, anu sifatna masih can "teruji". Satiap urang boga hak pikeun nyimpulkeun, tapi can tangtu kasimpulan eta jadi hiji "kebenaran". Masih aya proses "pengujian" ti balarea kana kasimpulan eta. baktos, mrachmat UIdipura. BENER, BEUNEUR jeung JEUJEUH