Paguneman Mang Utas :
Ngabageakeun Baraya Anyar
Ku: Kebo Hideung

Kebo :         Uluh...ningan aya baraya anyar....mangga kalebet Kang, 
                  candak we sendalna Kang, nepangkeun abdi Kebo

Mang Utas : Nya muhun atuh nya, Kang Roni..piraku sendalna kudu 
                   dipesakan sagala.

Si Bolot    :  Asa kaingetan Mang...
Mang Utas: Ari kitu naon Lot ?
Si Bolot    : Eta si Jago kamari diadu jeung hayam si Ewok, matana 
                  sampe pecak Mang, duh kumaha nya ngubarana?
Kebo        : Peunciiiiiiiiit  Lot..!!!
Si Bolot    : Halah Kang Kebo mah, lain ge ngubaran atuh dipeuncit 
                  mah.
Kebo        : Hmmm..giliran hayamna suruh dipeuncit mah, meni eces 
                  dedengeana.
Mang Utas: Ke heula...Lot..naon hubungana jeung obrolan urang?
Si Bolot    : Kang Kebo, nyarios naon ceunah Mang Utas teh?
Kebo        : Peunciiiiiiiiit hayamna burukeun..!!!! (bari pepeta)
Si Bolot    : Lah..Mang Utas mah, saruana jeung Kang Kebo, piraku si 
                 Jago kudu dipeuncit mah.
Mang Utas: Naha bet kana meuncit si Jago sagala ieu teh? cikan 
                  jelaskeun tah Kang Kebo.
Kebo        : Ha..hu..wah..jug...ha yam Ja go Ciiiiiit !!!!   (bari pepeta)
Si Bolot    : Ohhh..kapanan tadi si Mang Utas keur ngabahas Pecak, 
                  nya hayam kuring anu ngarana si Jago matana pecak !
Kebo        : Hu..wa..Mang Tas..tadi os..pe...cak.. (bari pepeta ka 
                  Mang Utas)

Mang Utas: Halah tong make pepeta sagala atuh ngomong jeung uing 
                   mah Kang Kebo, mani disaruakeun jeung si Bolot.
Kebo        : heu.heu.heu...hampura Mang....

Mang Utas: Yeuh Lot..tadi mah lain nyebut Pecak uing mah, tapi 
                  Pesak...! kadenge teu !!?
Si Bolot    : Ohhh...muhun Mang, punten we atuh sugan teh 
                  pecak..hehehhe..
Kebo        : Cikan naon Kang Bolot anu bieu ditanyakeun ku mang 
                  Utas?  (bari pepeta)
Si Bolot    : Oooh...eta, enya kapanan Mang Utas teh ceunah hayang 
                  nyieun sasak, leres teu Mang ?
Mang Utas: teuing ah...lieur ngobrol jeung maneh mah Lot...hayu ah 
                  kang Roni urang kalebet, keun nu burung mah sina 
                  ngobrol deui jeung nu burung.
Si Bolot    : Tuh nya Mang Utas mah, tina hayam kana burung...teu 
                  nyambung ah ngobrolna.
Mang Utas: (Ngaleos ke jero saung)
Kebo        : Heu.heu.heu.heu.....aya anu gondok
Si Bolot    : (colohok)
--------------------------------------------------------

Kirim email ke