Heuheu* rame euy padungdengan Anthurium*nuhun kana pangwaler baraya.
Dina PR dinten ayeuna, aya kolom (he love halaman sabaraha2na mah) ngabahas 
Anthurium. Nembe terang yen Anthurium teh "kembang jalu" da seuseurna nu 
mikaresep ieu kembang teh pameget. 

Leres saur Kang Bohay, kembang ieu os aya ti kapungkur ge, kantos booming 
kinten-kinten 4 taun kapengker, nembe heboh deui ayeuna-ayeuna. Biasa, hukum 
pasar tambih seueur jalmi nu miarana, pangaosna lungsur.

Aya rerencangan, anjeuna kagungan Anthurium di bumina. Sateuacan terang eta teh 
kembang awiz, ku anjeuna disapirakeun. Tapi saparantos terang mah, teu sidikna 
dinangna nengne. Hiji waktos putrana nyoehkeun hiji daun eta kembang* bakat ku 
nyaah, diselotipan* disambungkeun deui *hehehe*

Tong boroning di luar bumi, di kulawarga abdi ge pro & kontra kana ieu kembang 
remen pisan. Hiji dinten Sabtu, kaleresan nuju ngempel di buruan ningali adi 
beuteung nu nembe uih nyiar Anthurium sareng rerencangana ti Lembang.
Pun biang : "Ieuh Mas (ka minantuna), jelema ayeunamah wareureu sugan, kembang2 
kieu wae dibareuli, di bah mana alusna? Mana mahalna kacida. Keur nanahaon? Ari 
ngan ukur dideuleu mah? Teu ngeunah didahar?...

Adi beuteung nu ngartos kana basa Sunda ngan teu tiasa ngedalkeunana mung 
saukur imut."Ibu, ini kembang bagus asalnya dari Hutan Amazon di Amerika".

"Uwaaaahhh* Amazon-Amazon nanahaon, kembang kitu mah loba, di sirah cai deukeut 
pancuran di Cidangdangrat atawa di Gunung Cakrabuana!"

Rai abdi mah nu ngaraos disakolakeun ku eta kembang,"Mas, geus beres ieuh 
sakolana ge, keun bae kembang teh rek payu rek hanteu*."

Ari abdi mah, nu mung saukur "pehobiis" nu ngukur ka pesak. Aya artos 
dimodalan, henteu mah nya teu maksankeun*komo bari "barang ciatah" alias 
haratis mah*heheh*syukur pisan eta nu dipilarian* pasti leres2 miarana. Teu 
sugan ngahaja meser paragi nyemprot nu otomatis, mung saukur dikepret-kepret. 
"Parabna" mung ku cai tilas ngisikan beas. Disemir ku santen kalapa, teu burung 
herang. Deuih, emut saur Marissa Haque dina hiji acara tipi, pami miara 
kekembangan kedah diajak nyarios, didu'akeun * yaa hayyu*yaa hayyu* 
Alhamdulillah pepelakan teh sae, janten marorontod. Ditingali tina soca 
"pebisnis" mah jiga adi beuteung langsung kieu,"Mbak, bungane dah bagus*dijual 
aja tho, lumayan*"
"Ah, mararoal teuing, ieu mah keur ingueun.." 

Heheh* bodor ari Kang Zupardi. Minggu kamari kaideuan ngadamel carpon ngeunaan 
Anthurium, tos konsul ka Kang Yaya, sae saurna. Punten teu dialungkeun ka 
milis, mangga antos we baraya, manawi lolos tiasa medal di Barakatak Mangle.

Hapunten panjang teuing... maklum hobi nyerat heheh...

Hatur nuhun,
ro2  

Kirim email ke