Hebat kang Rahmat.
Hatur nuhun tos disundakeun. Tadina kuring rek kitu (bari era....).
Hebat lah...

Baktos
tantan

On Nov 20, 2007 2:49 PM, Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   Satuju pisan eta kanyataanana anu kaalaman ku urang sadaya kiwari. Aki
> tams bade nambihan sakedik, dina perkawis: 1). "kabodoan" rahayat, eta teh
> jirima tina lemahna kurikulum pendidikan di Indonesia, anu nyiptakeun calon2
> buruh. Sakedahna saimbang sareng nyiptakeun calon usahawan (kiwari mung 0,18
> % usahawan anu idealna pami teu lepat kedah 2% tina jumlah penduduk), ari
> seueur pisan lulusan milari padamelan atuh tangtos wae sesah, da puguh anu
> damel pausahaan teu sabanding. 2). Perkawis faktor2 produksi.
>
> Salah sawios "faktor produksi" anu karaos lemah di sadaya negara anu nuju
> ngabangun teh nyaeta "modal artos", Jadi upami faktor produksi aya 5, 3
> faktor di urang teh lemah pisan; nyaeta: usahawan, teknologi, sareng modal
> artos tea. Tanah/alam urang maweuh, oge buruh, seueur pisan anu nganggur di
> sagala tingkatan.
>
> Cara2 ngigelan ieu masalah tangtos sesah, peryogi waktos; kedah milih anu
> paling efisien mana heula anu bade gigarap janten prioritas. Mungkin tiasa
> dikawitan pendidikan urang nyeueuran insinyur, alias eksakta anu orientasina
> pasar. Tos aya tanda2, jago2 dunia eksakta bangsa Indonesia tos jelas
> ngelehkeun nagara2 sanes. Mung dina praktekna can katingal calon2 pembisnis
> kelas dunia anu bakal nampung SDM unggul urang. Boa2 anu
> ngamangpaatkeun malah nagara2 maju, jelas kaalaman kiwari oge.
>
> Faktor Teknologi milihna kedah ati2, margi upami langsung mekanisasi
> modern, tangtos pangangguran malih janten maweuh. Anu kalebet konci
> saleresna faktor "modal artos" dana kredit, utamina kanggo usahawan menengah
> alit (UKM) sareng calon2 usahawan.Kiwari pamarentah masih ngamihak
> usahawan2 ageung, upami teu lepat mah kucuran dana kredit 70 % usaha ageung,
> mung 30% kangge UKM; padahal UKM jelas tiasa seueur nampung buruh sareng
> tahan banting ku resesi; pilar sakaligus pondasi usaha industri ageung.
>
> Sigahna Bank2 kedah aya petugas lapangan anu direkrut ngahaja keur
> ngabantos teknis perbangkan sakantenan ngabimbing soksokanana kredit bank
> anu dicairkeun. Maksadna teu lepat ngabalanjakeun, bilih aya anu ngagaleuh
> barang anu teu patula patalina sareng kagiatan usaha. Nya kadituna mah
> supaya ngirangan kredit macet.
>
> Kucara kitu peranan ijon sareng pelepas kredit artos panas, tiasa
> kasaingan ku ayana Bank2 terjun jemput bola di lapangan. Tangtos kedah aya
> oge filter2 supados kredit bocor (KKN) tiasa dicegah; eta masalah teknis,
> sagala transaksi ka institusi2 resmi, teu aya individu masihan atanapi nampi
> bayaran, sapertos dina lalin ngange tilang warna biru; eta sistem sae.
>
> Masalah jumlah dana memang sok kirang wae, gumantung kana proses kagiatan
> produksi sareng jumlah industrina. Dina masalah ieu tangtos tugasna BI.
> Kumaha BI kedahna ngigelan, janten hanca, insya Alloh.
>
> *MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
>
>  Ieu aya data-data kamiskinan di Indonesia. Taun 2005
> jalmi anu miskin aya 37 juta jiwa sareng pangangguran
> 11 juta, sabada Indonesia kenging "angin puyuh"
> inflasi 13,7 % (waktos harita subsidi BBM dikirangan
> pisan ku pamarentah). Bank Dunia tahun 2006, ngetang
> sorangan ku carana sorangan oge, aya 100 juta jiwa anu
> kipayahna teu langkung ti US$ 2/dinten. (dicutat tina
> C.P.I, Investasi Asing, dan Potensi Industri Angin –
> Pidato ilmiah Pengukuhan Guru Besar Kresnohadi Ariyoto
> Karnen, 14 Nov 2007).
>
> Data kamiskinan versi BPS (Badan Pusat Statistik) anu
> dikaluarkeun sasih Maret 2007, aya 37,17 juta jiwa
> (16,58 % tina total populasi penduduk Indonesia). Tina
> jumlah penduduk anu miskin teh 66% diantawisna aya di
> wewengkon pedesaan, dimana 56% penduduk miskin di desa
> ngagantungkeun kahirupanana tina tatanen tani.
> Mayoritas maranehanana teh (90%) "pekerja keras", tapi
> tetep wae miskin. Hal ieu teh kumargi maranehanana
> lemah dina hal akses ka sumber-sumber ekonomi sareng
> sumber-sumber politik. Kamiskinan strukutral ieu, anu
> ngabalukarkeun ayana kahirupan anu jomplang, antara
> masyarakat desa sareng masyarakat kota, mingkin lebar
> jurang golongan jalma jegud sareng jalma miskin.
> Salah sahiji bibit heunteu adil sareng heunteu walatra
> Atuh dina perkara pangangguran terbuka (data Februari
> 2007) aya kana 10,55 juta jiwa (9,75 % tina total
> angkatan kerja), anu sumebar di wewengkon Pulau Jawa
> (10,39 %), Pulau Sulawesi (9,94%), Pulau Sumatera
> (9,62%). Angka angkatan kerja satengah pangangguran
> aya 29,29 juta jiwa, anu paling seueur di wewengkon
> padesaan. %).(dicutat tina buku "Reforma Agraria dan
> Keadilan Sosial" karya Joyo Winoto, Ph.D Bahan kuliah
> Umum di FISIP UI, 16 Nov 2007)
>
> Kamiskinan sareng pangangguran anu kaetang ageung ieu,
> eunteung tina pasualan-pasualan struktural anu kedah
> disanghareupan. Hal ieu teh mangrupa pasualan anu
> berakumulasi ti awit jaman penjajahan tug nepi ka
> kiwari. Nyaeta pasualan kaadilan sosial, distribusi
> kakayaan sareng kasejahteraan anu heunteu walatra.
>
> Kalemahan anu utama, waktu periode Sukarno, can nepi
> pangwangunan rengse, mucunghul krisis politik (G 30
> S/PKI), Jaman Soeharto pangwangunan dikonsentrasikeun
> di wewengkon kota, sentralisasi kakuasaan, dipendet
> kabebasan ngaluarekeun uneg-unegk ditutup saluran
> demokrasi.Atuh dina perkara kawijakan nganut pola
> colonial mode of development, anu leuwih mentingkeun
> ngagedekeun kueh pangwangunan tibatan pemerataan,
> ngaeksploitasi sumberdaya alam , nyieun kawijakan anu
> sipatna generik pikeun sakabeh wewengkon, narekahan
> hiji masalah ngan semet diluhurna wae, teu pati jero
> kana pasualan anu mendasar. Antukna nimbulkeun
> pasualan anyar. Jaman reformasi sibuk nyeuseup alam
> demokrasi, otonomi daerah, ngurus kapentingan pribadi
> ku cara korupsi berjamaah, mopohokeun kaadilan jeung
> kasejahteraan pikeun rahayat. Kadang-kadang
> kawijakan/aturan anu dikaluarkeun ngarempag konstitusi
> sareng ideologi.
>
> Sajatina rahayat teh kedah gaduh akses kanggo
> ngabebaskeun dirina sorangan ngalangkungan proses
> pangwangunan, tina perkara kabodoan, ketergantungan,
> tina panindesan, kasempitan hirup kumbuh,
> katergantungan tina kasieun. Tah, perkara ieu, ti
> jaman penjajah nepi ka ayeuna teu beres-beres diurus
> ku pamarentah. Intina mah kumaha caranya sangkan bisa
> ngawujudkeun pangwangunan anu leuwih walatra sareng
> adil, pikeun sakumna rahayat Indonesia, sapertos anu
> diamanatkeun sakumaha anu janten tujuan sareng
> cita-cita Indonesia merdeka.
>
> Colonial mode of development , nyaeta rorongkong
> pipikiran pangwangunan anu sipatna kolonialistik,
> eksploitatif, teu ngabebaskeun sareng berspektif
> jangka pondok.
>
> End pipe policies, nyaeta kawijakan anu sifatna
> temporer/reaktif tina pasualan umum, gagal dina
> ngaidentifikasi sareng mecahkeun akar pasualan, teu
> aya daya narekahan pasualan.
>
> Baktos,
>
> Mrachmat UIdipura
>
> BENER, BEUNEUR jeung JEUJEUH
>
> --- kumincir <[EMAIL PROTECTED] <kumincir%40urangsunda.net>> wrote:
>
> > aduuuh... mani hese euy...
> >
> > Cikan, Kang, nyungkeun dipedar ngeunaan
> > kolonialistik, eksploitatif, henteu
> > ngabebaskeun, myopic, perspektif jangka pondok,
> > jeung pipe policies...
> >
>
> __________________________________________________________
> Never miss a thing. Make Yahoo your home page.
> http://www.yahoo.com/r/hs
>
>
> ------------------------------
> Be a better pen pal. Text or chat with friends inside Yahoo! Mail. See
> how. <http://us.rd.yahoo.com/evt=51732/*http://overview.mail.yahoo.com/>
>  
>



-- 
tantan hermansah
www.tantanhermansah.co.nr

"jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"
--siliwangi--

Kirim email ke