Sdrk Eman S, Mani haripeut hayang ngawaler jeung komentar perihal Humor
pangsiunan. Da kakara atuh aya topic tina hal pangsiunan mah. Komo nu nulisna
oge pangsiunan. Heug tah sakieu heula upami aya anu nyanggut tangtos di tuguran.
Djakara di JKT>
Eman Suherman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Carita pangsiunan teu eureun-eureun alias teu beak-beak, saperti
nu dicaritakeun di handap ieu
Huis Pangsiunan A:
âDideu mah ayeuna rumasa geus kolot, geus insap, dunia hitam teh geus
ditinggalkeun!â
Ceuk kuring:
âNa ena atuh, geura buka tah kopeah, mani ngeplak bodasâ¦..!â
Sensus Sensus penduduk keur dihangkeutkeun sabab rek Pemilu, patugas
ngadatangan ka sawatara imah pangsiunan, ari nulis ngaran jeung alamat mah
sarerea oge bener, ngan dina kolom pagawean, patugas sensus nepika
nyureng-nyureng bae. Maâlum para pangsiunan teh rata-rata urut pajabat
rada-rada boga panyakit âThe post power syndromeâ tea
Pangsiun A nulis: Pejabat teras (maksudna nungguan teras imah)
Pangsiun B nulis: Pangacara (maksudna pangangguran loba acara)
Pangsiun B nulis: Di Kodim (maksudna dikomando ku nu di imah, biasa balanja
ka pasar)
Pangsiun C nulis: BNI (maksudna Bagian Nungguan Imah)
Pangsiun D nulis: BNI Tangerang (maksudna Bagian Nungguan Incu nu di
Tangerang, dasar!)
Pangsiun E nulis: Aktivis Masjid (maksudna tugas rutin ari rek sholat
berjamaah di masjid sok miheulana qomat, sabab tara aya kajadian nu qomat oge
jadi imam. Can PD ngimaman. Rumasa ngambeu deui masjid teh saprak MPP, jadi
niat insap rek diajar deui)
Pangsiun F nulis: Mengembangkan bakat bidang pertanian (maksudna bakat ku
butuh, kapaksa macul)
Hampura saukur banyol, sok lah bales ku para pangsiunan, tamba kesel geura,
yu urang ngaramekeun Kusnet
Wassalam
Pangsiunan, pagawean: Ngajar (maksudna Ngajarâ¦edog)
---------------------------------
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo!
Answers
---------------------------------
Get easy, one-click access to your favorites. Make Yahoo! your homepage.