Alhamdulillah..........
wa........abdi mah nagdukung pisan!! tias amesen ti ayeuna teu wa komikna??
dina TETRALOGIna Yosep Iskandar, abdi kataji pisan, mani kabayang kumaha
anjeuna nalika pamanah rasa (wastu anom)  di binayapainti jampang, teras
meruhkeun maung, nyusup ka jawa, diajar nyieun keris, maos tetralogina ge
abdi mah tos ngabayangkeun yeun wastu teh : dedeg sembada, pakulitan bodas
hejo carulang, buuk hideung meles gondrong saeutik, calana sontog dibeubeur
ku kaen nu dicangreudkeun di gigir, beuheung dikangkaulung akar siga geulang
bahar, panon suekeut siga heulang, teu dibaju, tarumpah tina kulit kayu
ditalain ku akar areuy/ hoe.....

diantos pisan wa medal "WASTU"

baktos,
ikmal

PS : wa pami terang aya nu ngical tetralogina "Wastu" Novelna kang Yoseph
Iskandar, abdi nyuhunkeun wartos, tos mangtaun-taun milarian hoyong
ngoleksi, teu acan apreng mendakan



2007/11/25, MSasmita [EMAIL PROTECTED]:

Kirim email ke