Heheh... kuring nyaho, Kang... tapi lain nyaho asal-usul, sajarah, ageman,
budaya, atawa pangadatan Sunda. Kuring mah ukur nyaho kumaha cara nyiarna,
nyaeta ku cara macaan buku2 anu medar sagala unak-anik Sunda eta. Mun rek
dibaca sakaligus sapoe mah, wah... olab, Kang... dalah diseminarkeun ge ti
baheula teu anggeus2, da pangaweruh mah geuning teu weleh nambahan.

kanggo panganteur mah, salira tiasa nyobi nyusud di wikipedia,
urangsunda.or.id, kasundaan.org, sundanet.com, eh, nu ieu mah keur tilem, PR
online, jeung nu sanesna. Cobian we langsung nyungkeun pangnyusudkeun ku
Google. Atuh buku2na, da henteu tiasa disebat sakedik, Kang... Bilih bade
ngagaleuh mah, mangga abdi gaduh daptar bukuna. haar... jadi dagang ieu
teh... heuheu...

mangga dilajeng...

On 11/28/07, rizal novandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   saha wae anu terang masalah asal-usul sunda, sejarah sunda, adat
> istiadat sunda, kepercayaan, budaya jeung nu sejena anu ngeunaan sunda,
> bagi-nagi atuh informasina.
> diantosnya,, sesama urang sunda kan kudu silih tulungan.
>


-- 
sikandar
su.wikipedia.org
www.urang-sunda.or.id

Kirim email ke