kang sadayana, lain eta geuning ari urang cina mah bisaan pisan euy jualan
enteh-na teh. geura we titenan, ti mimiti produkna nu loba pisan variasina,
kitu deui cara masarkeunana, jeung nyiptakeun lingkungan nu ngadukungna
hebring pisan.

kulantaran diwarah ti keur lembut sok ngalegik ci enteh, nya nepi ka ayeuna
kana ngalegik ci enteh teh jadi kabiasaan. jadi sakapeung sok panasaran
luha-loho ka tukang enteh cina. produk enteh cina kacida loba variasina,
jeung kesanana oge edun pisan. jeung deui enteh teh lain ukur keur inumeun
deui. aya produk peremen rasa enteh, semur endog rasa enteh. eta dibungkus
ku kecap sakti "herba" tea, nu kiwari keur meumeujeuhna kakoncara.
panasaran, nyobaan semur endog rasa enteh. sugan teh kumaha rasana, alah
ieung geuning rasana teu puguh, endog lain enteh lain. masih keneh pelem
semur endog di lembur. tapi nyakitu geuning, bisa ngigelan jaman tea urang
cina mah. usum "herba" ngalalakon, nya sagala rupa make "herba". semur endog
rasa enteh nu teu puguh rasana tea, angger we pada meuli, sabab loba jalma
nu hayang sehat ku pangbibita khasiat herba.

kitu deui lebah pamasaran jeung nyiptakeun pendukungna. apan urang cina mah,
ngalegik cai enteh teh geus jadi acara sakral, acara ritual budaya. nginum
enteh dinaekkeun darajatna tina ukur inuman biasa urang lembur, jadi inuman
para inohong, para sodagar. upama rek ngayakeun negosiasi bisnis, wajib
hukumna ngawangkong bari ngaregot ci enteh. jigana pantes rada di tiru tah.
misalna, urang usulkeun ka MUI supaya nyieun patwa yen nginum enteh amalan
nu gede ganjaranana. hahaha.

salian ti eta, batur mah geuning ari nyiptakeun lahan dagang teh, lain ngan
ukur nguruskeun produk intina wungkul. urang cina jeung jepun, keur
ngarojong ritual ngaregot enteh teh, dirojong oge ku industri teko petot
tina keramik. jeung harga teko petor teh teu euleum-euleum deuih. teko
sacangkewok, sagede batok kalapa, hargana edun. hebatna, ninggali urang
cina, rata-rata barogaeun tah teko petot teh. padahal di urang aya tempat
keramik plered, tapi kunaon nya teu bisa nepi ka jiga kitu. (mh)

======
On 11/29/07, Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Ngeunaan pertanian/perkebunan enteh, eta mah bogana BUMN wae Mh.
> BUMN urang apan katelah dina widang naon wae rugi. Mun teu rugi,
> dijual ka investor, malah lolobana mah investro bangsa deungeun.
> Jadi, konci masalahna, lain produkna, tapi manajemenna.
>
> Perlu dipikaweruh ku nu seja nyuprih pangaweruh, yen anu ulin dina
> bisnis kebon enteh teh aya tilu pihak: BUMN, swasta, jeung patani
> individu. Tah anu dua disebut pangakhirna mah kondisina teu saperti
> BMUN. Komo keur sabagean patani individu mah, enteh masih tetep jadi
> andalan Mangga geura amengan ka Wanayasa, Cianjur kidul, Bandung
> tengah jeung kidul, jst.
>
> BUMN sigana geus kuduna ditata. Proses manajemanna masih khas
> warisan orde baru. Kakuatanana ukur ngandelkeun pangrojong jeung
> panyalindungan ka Pamarentah. Samasakali nihil tina kreativitas
> perusahaan siga swasta. Contona, dina "pengadaan" gemuk (sarana
> pertanian. Oge dina masalah SDM atawa tanaga kerja, umumna BUMN
> bermasalah. Loba BUMN anu kalobaan teuing pagawe anu teu pati mere
> kontribusi kana kamajuan usaha.
>
> Ngabedah BUMN kudu ngabedah filosofis jeung sajarah diadegkeunana
> BUMN. Diantarana: pikeun ngokolakeun usaha anu pakait jeung
> kabutuhan jelema loba. Tujuanana jelas, sangkan ulah aya monopoli
> anu ngabalukarkeun harga produk atawa jasa anu jadi mataholang
> bisnis eta BUMN (anu tangtuna oge pakait jeung kabutuhan rahayat
> loba) mahal kabina-bina.
>
> Anu kajadian kumaha? harga-harga produk jeung jasa eta usaha pakait
> jeung kabutuhan jelema loba lain tambah murah, tapi tambah ngapung.
> Anu sangsara rahayat-rahayat keneh di tengah-tengah saeutik kacida
> jelema-jelema beunghar anu "pajabat" BUMN. Mangga geura aos
> tipikalna, BUMN PN Timah sakumaha digambarkeun dina novel "Laskar
> Pelangi" (novel anu keur hit di lemah cai, dina 2 taun geus 13 kali
> citakan).
>
> Hal ieu, sakali deui, henteu pakait jeung karyawan BUMN. Sabab, di
> dinya loba jelema hebat anak bangsa Urang sorangan. Anu kudu
> dibebenah taya lian ti sistem jeung kapamimpinana.
>
> Sakitu wae heula Mh, keur ngubaran kahandeueul salira di
> pangumbaraan hehehe.
>
> salam,
> manAR
>
>
>

Kirim email ke