Minggu kamari, sore-sore kakara ge datang ti pagawean, si Bungsu gegerewekan, ngabejaan aya semah dihareup. Bari rada hoream, da cape keneh, kuring nyampeurkeun ka ruang tamu. Kasampak si Tamu keur nangtung we, kuring neuteup bari rada bingung sabab teu wawuh. Kuring nyolongkrong nyampeurkeun, ngasongkeun leungeun ngajak sasalaman, bari terus diteuteup, saha ieu teh. Nempo kuring siga nu bingung, manehna ngomong: Poho deui nya?, poho deui nya?". bari belenyeh seuri.
Gebeg teh, kuring apal kana kerut seurina, "Ieu teh Oo nya?" "Enya!", cenah bari sasalaman, lengeunna nyekeul leungeun kuring mani pageuh pisan. Si Oo teh sobat kuring keur di SD waktu di Lembur ngan waktu nuluykeun sakola, kuring mah ka SMP manehna ka ST (sakola Teknik Pertama). Lulus ti ST, manehna teu nuluykeun deui sakola, tapi muka bengkel mobil jeung bapana. Sanggeus papisah ti SD kuring jarang papanggih jeung manehna teh, komo sanggeus kuring sakola jeung digawe di Bandung mah, tara papanggih pisan. Nya ngobrol kaditu-kadieu, lila-lila manehna nyebutkeun pamaksudanana, cenah salian ngahaja hayang papanggih tapi oge aya perlu menta tulung, rek nginjeum duit. Kuring rada kerung, ari kana diinjeuman mah ..hehehe, heueuh maklum da kuring oge lain jalma nu lubak-libuk duit. Manehna nyaritakeun boga hutang gede, urut ngawinkeun anak-anakna, tepi ka imahna arek dijabel kunu nginjeumkeun. "Na atuh ngawinkeun teu kira-kira teuing?", Ceuk kuring teh. Manehna ukur ngaheruk, pajarkeun hayang nyugemakeun anak-anakna. Kaciri beungeutna sedih. Kuring milu sedih ... tapi teu bisa ari kudu mere nginjeum duit gede-gede mah. Waktu manehna pamitan, kuring ukur bisa mekelan we ka manehna teh. Balik manehna, kuring jadi malaweung, heueuh eta ku masalah NGAWINKEUN, kuring oge boga budak awewe dua urang. Jaga, lamun umur panjang, meureun kuring oge kudu ngawinkeun. Nu matak wegah teh, eta geuning KAWIN di urang mah BIAYANA gede pisan. Biaya ieu lain biaya ka KUA, tapi biaya pestana. Ceuk pamikiran kuring, cara ngawinkeun model kieu, sabenerna "PEMBOROSAN". Bayangkeun we duit nu sabenerna bisa dipake meuli imah atawa ngontrak imah keur nu anyar kawin, malah beak dipake pesta. Mending lamun biayana teh lain meunang nginjeum, tapi sakapeung meunang nganjuk-ngahutang kaditu-kadieu. Dilemnana, ieu sigana geus jadi TRADISI nu hese dirobah, dalah kuring sorangan oge teu wani ngarempag tradisi ieu, waktu adi bungsu pamajikan kawin, kulantaran geus teu boga indung-bapa, kuring sadulur-dulur rereongan, mestakeun kawinna. Da teu umum, kawin teu dipestakeun. Kuring teu terang, naha ari bangsa batur, lamun ngawinkeun sok jor- joran kawas di urang kitu? Maksud teh keur kalangan jalma biasa, lain kalangan elite (kaum selebriti) .... Cik sugan nu ngalalanjreg di LN, ngadarongeng kumaha pesta kawin bangsa batur? Baktos, WALUYA