Diduakeun aschev mugia sing lungsur-langsar eta projectna

Baktos
ERN

On Dec 6, 2007 4:53 PM, Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>
> Operator A ngagaleuh bandwidth Rp. X ti Singapura. Operator B ngagaleuh
> bandwidth Rp. X ti Singapura. Janten pangaosna sami awisna. Dina hal
> operator A nawiskeun ka palanggan pangaos anu langkung mirah ti operator B,
> aya kamungkinan operator A ngabagi bandwidth ka sajumlah palanggan anu
> langkung seueur. Akibatna bandwidth anu ditampi ku palanggan langkung
> sakedik sareng tiasa wae koneksina janten kaganggu akibatna kualitasna
> langkung awon.
>
> Koncina mah Indonesia kedah gaduh alternatif sanes kanggo ngagaleuh
> bandwidth, ulang ti Singapura hungkul. Tiasa Ti Australia sareng nagara
> sanesna. Mung kedah aya heula infrastruktur serat optik anu ngait ka
> Australia atanapi ka nagara sanesna sajabi ti ka Singapura.
>
> Ayeuna sim kuring saparakanca nuju ngadamel standar kualitas pelayanan jasa
> akses internet dialup sareng broadband access kanggo para operator internet,
> anu "ditentang" (naon tah Sundana) ku Telkom tapi disatujuan ku YLKI sareng
> APJII katut AWARI sarta sajumlah palanggan. Mudah-mudahan taun payun ieu
> garapan tiasa rengse.
>
> Salam,
> Aschev Schuraschev

Kirim email ke