Enya cenah kang,
malih aya carios guyonna sagala...
mun si A (nyebut kelompok) asup masjid paling bakal leungit sendal
mun si B (nyebut kelompok) asup mesjid paling bakal leungit kitab
tah mun si C asup mesjid, malah masjidna nu leungit...
(teu lucu pisan da humorna teh...)

Yu ah kang, urang ka masjid... karunya masjid teh, komo mun subuh mah
lolobana eusina ngan marbot jeung aki-aki wunkul...




--- In urangsunda@yahoogroups.com, Maman Gantra <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>
> Maling Masigit
>    
>   Sawatara waktu ka tukang aya warta nu matak reuwas. Kuring macana
dina Kompas: Ketua PBNU KH Hasyim Muzadi nyebutkeun, yen loba masigit
NU nu "diambil alih" ku golongan lian. Teu sawatara lila mucunghul
deui warta: Rhoma Irama ngadegkeun Forum Silaturahmi Pengurus Mesjid
dan Mushola – nu keur kuring, ieu alpukah Bang Haji teh taya lian ti
lajuninglaku tina kasauran Hasyim Muzadi tadi. Sanajan, dina Koran
Tempo, aya pembaca nu nyawad kasauran Kiai Hasyim: Masigit mah milik
kumna umat Islam, lain milik salah sahiji golongan. Kituna teh bari
nandeskeun, yen teu pantes pamingpin umat pantar Kiai Hasyim nyarios kitu.
>   Komentar eta pembaca teh bener teu bener. Benerna, nya enya secara
normatif nu ngaranna masigit mah milik muslimin – rek naon bae
golongan atawa alirannana. Komo deui, sakapeung, pangurus saencanna
sok "ngacapruk". Lain dina pasoalan bag-bagan sholat atawa ibadah
lainna, tapi dina perkara akuntabilitas jeung transparansi soal duit.
Lain bae perkara "profesionalisme"-na, tapi oge siga nu teu amanah
pisan: Infaq jeung shodaqoh teu weleh ngaleut, ari tempat kiih atawa
abdas matak jararipen jalma sholeh: Kandel ku daki.   
>   Teu benerna, nya teu ngaragap hate batur bae. Komo, siga nu
disebutkeun Bang Haji pakait jeung organisasi nu diadegkeunnana,
"pengambilalihan" masigit teh sok dibarungan ku nyawad – malah dina
ucapan Bang Haji mah "ngapirkeun" – batur.
>   Keur kuring, perkara masigit ieu lain bae perkara golongan atawa
aliran kaagamaan. Tapi, dina sababaraha kasus, oge numpuk jeung
pasoalan etnis, tingkat ekonomi, atawa tingkat pendidikan. Teu
saeutik, masigit-masigit nu ahirna diurus ku dulur-dulur urang ti
peuntas. Boh ti Sumatera, boh ti Sulawesi. Atawa, mun di Jakarta, ti
Kalimantan. Kituna teh, lian ti mawa wanda Islam nu "modern", 
"rasional", "fundamentalis", atawa "otentik" pisan, tingkat ekonomi
jeung pendidikannana ge leuwih alus manan masyarakat nu aya di dinya.
Dibarungan ku kapercekaan dina widang organisasi, atuh masyarakat
"pituin" urang dinya ge teu bisa nanaon. Eleh sawab. 
>   Ongkoh, tina kituna mah kaharti: Lain bae agama Islam teh dibawa
ku urang luar, tapi wanda "pembaruan", "modern" atawa "pemurnian"-nana
pisan nya diluluguan ku urang luar. Dina harti lain urang Sunda atawa
lain urang Batawi – mun konteksna Jakarta. Pan Persis, inohong nu
kakoncarana teh Kiai Hasan, urang Pakistan ti Singapura, nu muka
pasantren di Pajagalan, Bandung, nu terus jadi lawan diskusi Soekarno
dina bag-bagan Islam – kaasup mangsa Soekarno dibuang ka Ende? Atawa
Moh.Natsir sareng  Singa Podium Bandung, KH Isa Anshory, ramana
almarhum Mang Endang, urang Jl. Pangarang, turunan Padang nu soleh,
masket kana badminton, bari Basa Sunda-na matak era jalma nu ngaku
urang Sunda pituin. Pon, kitu deui inohong "pembaruan" lianna: H.Agus
Salim, urang Padang nu bubuara ka Jawa alatan teu laju sakola ka
Walanda, nu muka hordeng nu misahkeun jamaah lalaki jeung awewe dina
hiji pangajian di Ciparay? 
>   "Supremasi" urang luar dina widang kaagamaan teh nerap nepi ka
kiwari. Utamana di kota-kota nu urbanisasina leuwih intens manan
wewengkon lianna. Antukna teu saeutik, urang Sunda atawa urang Batawi
nu kapaksa mipir, bari "rumahuh". Contona masigit di gigireun imah
mitoha, nu ayeuna jadi panganjreukan kuring. Ceuk urang dinya, oge
ceuk sawatara jamaah di eta masigit, eta masigit teh sabenerna wakaf
urang dinya. Tadina, bisa kasawang, nya masigit kitu bae. Ilaharna
masigit di urang. Basajan. (Malah, nu matak helok kuring, ceuk
maranehna, tempat abdasna, cenah, siga tempat abdas di Priangan:
Mangrupa kulah. Bari laukna galede). Taun 60-an katompernakeun,  aya
karep ngalegaan jeung ngawangun eta masigit. Nya dijieun panitia
pangwangunan. 
>   Ngan, mangsa pangwangunan lumangsung, jalma nu diamanahan pikeun
ngurus pangwangunan eta "loba heureuyna". Lain bae sumbangan keur
kenteng dibeulikeun panto -- hartina rada pakojot dina nerapkeun akad,
nu keur sawatara urang mah dicekel pisan, salaku bagian tina amanah.
Tapi, oge remen nyalenggor jadi roko atawa "uang bengsin". Atuh
masigit teh teu anggeus-anggeus. Ongkoh, lulugu eta panitia teh ngadon
hayoh manggung di DPR. Pangwangunan masigit teh beuki kaluli-luli.  
>   Antukna, eta panitia teh "dikudeta". Diganti ku nu lian, nu leuwih
amanah jeung "profesional". Alhamdulillah, masigit teh ngajenggeleng.
Weweg, bari dua lantai pisan. Ngajegreng nepi ka kiwari. Lian ti eta,
wuwuhan nyakola jeung perceka, bari miboga visi nu jauh jeung boga
kasadaran hukum nu kandel, kapanitian anyar ieu teh teu kagok asong:
Lian ti jadi panitia pangwangunan, maranehna nyieun yayasan nu jadi
pangurus eta masigit. Saha pangurus eta yayasan teh? Nya aranjeunna.
Atuh, nepi ka kiwari, sanggeus leuwih ti 30 taun, bari yuswana tos aya
nu meh 80 taun, pangurus eta masigit teh aranjeunna. Bari teu bisa
diungkit-ungkit. Da, sacara hukum puguh hideung bodasna.
>   Kumaha kulawarga atawa masarakat urang dinya nu ngawakafkeun tanah
keur eta masigit? Kapaksa ngungsi ka jero gang. Nyieun masigit lian,
nu leuwih leutik jeung leuwih basajan. "Ngahibur maneh" ku muludan,
ratiban, jeung marawis – kalan-kalan ngaraji kitab. Sakalina rek
nyekar ka makam karuhunna, ukur bisa maca Yasin jeung tahlil di imah
atawa di masigit anyar tadi. Da makamna, nu aya di pipir masigit
heubeul, geus euweuh. Geus obah jadi tempat abdas. Sakapeung,
murukusunu: "Batur mah maling di masigit teh ukur maling sendal,
maling tarompah. Tapi, golongan anu mah maling teh maling masigitna".
Kituh...
>   Demi pangurus anyar tea, mageran manehna teh lain bae ku badan
hukum. Tapi, oge ku prak-prakan ibadah. Kaasup ku pangajian-pangajian
nu "keras". Lengkep jeung ngerahkeun massa, siga nu kajeueung kiwari:
Lian ti ngeprak papada urang peuntas, oge ngamangpaatkeun kakompakan
anggota hiji partai Islam. Atuh, diembohan ku semah nu kabeneran keur
liwat, wuwuhan aya di sisi jalan nu kaitung rame, atawa ku barudak
mahasiswa nu sakolana teu jauh ti masigit, tiap sholat rawatib di eta
masigit teh matak reugreug kana hate: Rempeg, sok nepi kana lima atawa
genap shaf-na. Kituna teh rapih jeung rekep. Matak reueus. Bari,
sakalina urang wiridan rada panjang, bari urangna teu kaopan, sok asa
diusir. Da, nu jaragana pahibut ngoncian panto hareup, inggis aya
"jamaah" nu maling AC! Atawa tausyiah geus dimimitian. Pon kitu deui
perkara rekep tadi: Awahing ku rekep, solat teh sok tambah jauh tina
khusyu. Da, jempol katindihan birit batur. Atawa birit sorangan
kaganjel ku suku batur.
>    
>    
> 
> 
> Maman Gantra
> Jalan Salemba Tengah 51,
> Jakarta 10440.
> 0812-940-5441
>        
> ---------------------------------
> Looking for last minute shopping deals?  Find them fast with Yahoo!
Search.
>


Kirim email ke