Leres. Mung, eta serat optikna beut nyambung ka Singapura. Henteu aya pilihan 
sanes. Daya tawar Indonesia janten lemah. Pangaos bandwidth janten awis. 
Padahal langkung sae, upamina wae, mun nyambung ka Hong Kong atanapi ka 
Australia, panginten bakal aya jalan alternatif kanggo ngengingkeun bandwidth 
kalayan beaya anu langkung mirah.

Salam,
Asep

NB: Kang Eko teh anu alisna "Hanjuang Bodas" tea, sanes? Upami leres, naha 
henteu nganggo alias "Hanjuang Hejo"? Sakaterang sim kuring, waktos ka Karang 
Kamulyan, tangkal hanjuang mah da hejo (utamina daunna). Hatur nuhun kanggo 
panjelasannana.
 





----- Original Message ----
From: aeko.nugraha <[EMAIL PROTECTED]>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Thursday, December 6, 2007 8:03:04 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Internet murah

Leres kitu kang aschev, mudah-mdauah atuh program palapa ring nya sing
enggal mudah-mudahan mirah sareng tarik aksesna internetna diurangnya.
Sanes XL parantos gaduh jalur serat optik ti batam ka singapur kitu ?
eh boa-boa kasingaparna he he...

Hatur nuhun
ERN

On Dec 6, 2007 4:41 PM, Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:

>
> Karaos ku sim kuring pangaos akses internet teh masih awis. Ayeuna nuju
> ngalanggan Telkomsel Flash; samenit kedah ngaluarkeun artos Rp. 350. Aya oge
> paket beaya bulanan, Rp. 200 rebu per 40 jam sareng paket-paket sanesna.
>
> Pangawis akses internet di Indonesia masih awis kumargi cenah ngagaleuh
> bandwidth-na oge awis, upami teu lepat ti Singapura sareng teu aya
> alternatif sanes. Kumargi kitu, peryogi alternatif sanesna sapertos
> ngagaleuh bandwidth ti Australia, atanapi nagara sanesna. Ayeuna pamarentah
> nuju ngadamel program palapa ring (cincin-cincin kabel serat optik). Kanggo
> munggaran, bade diwangun di Indonesia bagian wetan heula. Ti cincin-cincin
> di wewengkon wetan eta, diharepkeun Indonesia tiasa ngagaleuh bandwidth ti
> Australia atanapi nagara sanesna anu aya di kaler wetaneun Indonesia.
>
> Kiwari Malaysia jigana ngagaleuh bandwidth kalayan pangaos anu langkung
> mirah sahingga tiasa nawiskeun ka palanggan beaya akses anu langkung mirah
> oge. Sugan wae Indonesia tiasa nurutan Malaysia dina taun-taun nu bade
> dongkap saatos palapa ring ngawujud.
>




      
____________________________________________________________________________________
Looking for last minute shopping deals?  
Find them fast with Yahoo! Search.  
http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping

Kirim email ke