Mangsa Sunda keur "ngarasa" kakurangan figur "nonoman picontoeun"...dina widang 
"kasenian" sunda....
Kustian anu cenah tadina budak jalanan (tukang ngamen)... aya milik 
dikeresakeun tandang makalangan aya anu ngamodalan "asup dapur rekaman" 
medalkeun album munggaran manehna.....

Bagja euy, dulur-dulur.....
Ningali jeung ngabandungan bakatna mah ieu budak teh boga kasempetan keur 
"nyeungitkeun" kisunda....

Tah ayeuna mah urang sunda anu ngarasa boga katineung geusan "medalkeun" 
nonoman-nonoman sunda anu lainna (salian Kustian), mangga dorong tur pasihan 
kasempetan ka ieu murangkalih (Kustian, tea)kanggo tandang makalangan..... 
InsyaAlloh, Kustian sukses... bisa jadi salah saurang figur nonoman sunda anu 
bisa dijadikeun bahan pieunteungeun (conto) barudak sunda lianna...... sugan 
weh atuh..... 

Ieu album munggaran Kustian dina wanda pop sunda...
Henteu pamohalan.... upamana dibere kasempetan mah... dina wanda kacapian atawa 
anu sejenna oge bakal "kaawakan" ku ieu budak....

Cek jang Kustiang teh :

Ulah poho seni sunda, warisan kolot baheula..
Nu lahir di tatar sunda..sing jadi ciri pasundan..


Bral Kustian..... Tandang Makalangan.....    

=================================================
Punten ieu seratan sanes bade ngagulkeun payung butut...
Teu pisan-pisan nyapirakeun kana naon rupa lampah senior-senior nonoman
Sunda anu langkung ti payun gaduh lalakon.....

Hatur Nuhun kanyaah ti sadayana....

       
---------------------------------
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! 
Answers

Kirim email ke