Tah aya dongeng heubeul Kang..mangga nyanggakeun :)

Lalampahan Nemonan Kanu Ngawinkeun
Ditulis ku Kebo Hideung 
Perum Mitra Batik Kawalu Tasikmalaya #2006
Ceunah jeung beja numutkeun adat atawa kabiasaan kolot baheula mun rek hajatan 
teh kudu diitung heula poe naon nu alus, bulan naon nu hade keur prakna 
hajatan. Duka teh teuing maksudna naon, da sakaterang kuring mah poe atawa 
bulan mah sarua, enya sih numutkeun katerangan anu katampa ku kuring boh ti 
kolot atawa ti guru atanapi ti mubalig ceunah Poe anu sae teh poe Jum'at tah 
mun Bulan nu alus teh Bulan Ramadhan.

Ah jigana ieu mah utang-itung kolot mah ngabogaan alesan atawa dasar anu 
kukuring can ka talungtik, tapi keun wae mana dimumule oge panginten eta 
kabiasaan teh teu ngalanggar norma agama tur darigama.

Tatangga kuring ti saprakna harita nanyaan geus nyenyekel tanggal jeung poe 
kawinan anak cikalna. Tanggal jeung poe eta ceunah geus meunang ngitung tinu 
jumhur, dumasar tina weweton budak jeung liana deui. Poe jeung bulan nu alus 
eta teu aya lian ti poe Salasa tanggal 11 Juli 2006.

Pisabulaneun kawinan sagala disiapkeun, timimiti ngecet imah tur meresihan 
buruan oge solokan, ngahadekeun kenteng nu nyorosod tur nambal eternit nu 
bolong urut ucing beger ti gebrus. Geus puguh ari kucah-kicih nyiapkeun dana 
keur waragan kawinan mah, da eta anu kawilang penting oge, komo ku jaman ayeuna 
harga-harga barang pada naraek. Jadi ku ngaran kawinan di jaman kiwari mah teu 
saeutik waragad anu kudu disiapkeun, timimiti keur ipekah mas kawin, keur 
bawaeun ka panganten istri, keur nyumbang waragad hajatan di pihak panganten 
istri, tacan keur mulang keur anu karondangan ka imah langsung, pokonamah matak 
lieur lamun tacan disiapkeun tianggal-anggalna mah.

Jigana mun hayang tenang mah ti mimiti kakandungan teh geus direncanakeun tah 
sakieu keur biaya lahiran, sakieu keur biaya aqiqah, sakieu keur biaya 
nyunatan, sakieu keur biaya kawinan tapi dakitu da hese prak-prakanamah.

Pisaminggueun deui ka hajatan uleman geus disebarkeun ku calon besan dibagikeun 
ka kadang warga boh di padesaan atawa anu di kota.

Tilu poe saencana acara kawinan kaayaan diimah geus sagala beresih ka 
jukut-jukut nu ngajejembrung pipir imah geus dicabutan, pon kitu deui di tengah 
imah geus diberesan, korsi jeung meja katut lomari geus di ingkahkeun, diganti 
ku ngampar samak jeung karpet ngarah lalega mun seug aya tatamu nu rek 
kondangan. 

Malahan Kang Aris tatangga nu beulah tukang mah saprak budalan magrib ti 
masjid, geus paciweuh ngangatur saha wae nu deuk ngiluan nganteur panganten ka 
Wanguwati. "Kumaha yeuh saha wae nu rek milu ka kidul, urang naraek motor we." 
Ajak Kang Aris.

"Insya Alloh sayah ge rek kana motor, da mun seug boga mobil mah rek kana 
mobil" cekeng. 

"Mending kana motor we ngarah ngabring, tah Pak Jaya, Pak Endang, sayah 
meureun, saha deui nya..Pak Haji kumaha bade kana mobil ?" Tanya Kang Haris.

"Insya Alloh upami teu aya halangan rek ngiluan kaditu, mun rek kana malotor 
mah Pak Haji oge rek kana Mio we" tembal Pak Haji

"Enya lah itung-itung ngetes Mio Pak Haji..ha.ha.ha.." tembal Kang Haris bari 
seuri.



Sabtu sore basa kuring deuk nyampeur maen bal ka Pak Wawan kapirakana calon 
panganten pameget, kabenaran didinya aya Jang Doni. "Kumaha Don tos siap nikah 
teh ?". Tanya kuring

"Insya Alloh pa, da namina ibadah siap we.hehehehe." Tembal Jang Doni

"Syukur atuh ari tos siap mah, da namina nikah mah kedah siap sagalana terutami 
siap mental jeung jasmani leres sanes"

"muhun"

"Kedah siap mekacinta kana sikep atawa adat pamajikan anu ku urang teu 
dipakaresep, maksudna kieu kapanan ari keur bobogohan mah katingalina calon 
pamajikan teh sagalana alus, sagalana payus teu aya cawadeun kaasup adat jeung 
kabiasaana, ari adat goreng mah kapanan sok disumputkeun, pon kitu deui urang 
ka manehna, lah conto nu leutik we kieu, mun urang keur nganjang ka bebene 
hate, tuluy hayang hitut kapanan belaan beuteung kembung nanahan hitut, da era 
bisi katohyan ku bebene komo aya calon mitoha mah. Tah kapanan ari geus puguh 
pruk kawin mah tur bebene geus jadi pamajikan mah, hitut teh dimana karep, 
kadangkala hitut teh ngahaja ditarikeun ngarah kadenge ku pamajikan. Pokona 
loba Don..contona, anu penting mah urang kudu saling. Ari ngaranan kawin mah 
kapanan ngahijikeun atawa ngawinkeun dua pamikiran, tah didieu urang kudu bisa 
ngahijikeuna, kitu tea sayah oge masih diajar keneh Don, da sok aya wae 
paketrok mah eta kasebutna wajar da nanaon oge aya proses, kapanan ceunah 
sendok jeung piring oge sok kadangkala diadu. Anu penting mah urang boga 
prinsip to be continued improvement ceuk basa jawa mah.



Anu katilu ngarana kawin mah aya masa endahna aya masa patina, tah didieu urang 
kudu siap oge.



Pabeubeurang poe Senen basa kuring istirahat balik ka imah, kuring panggih 
jeung Pak Ijang nu rek ngawinkeun budak cikalna.tuluy kuring ngobrol bari 
cinggogo.

"Kumaha Pak Ijang perasaana rek ngawinkeun budak teh, cikan jiga kumaha." Tanya 
kurin malahmandar keur persiapan kuring engke ngawinkeun budak awewe 
satilu-tilu.

"Lah biasa we kitu aya bungah aya sedih, enya sedihna mah ti leuleutik ku urang 
karawu kapangku ayeuna dileupaskeun  boga tanggungjawab sorangan, heueuh sok 
ras inget ka jaman manehna leutik.Bungahna mah geus teu kudu dicaritakeun saha 
nu teu bungah mun budakna geus meunang jodo. Nu sejen namah  kitu tea tagiwur 
nyaeta loba kabutuhan nu sifatna ngadadak, diluar dugaan."



"Deuh..komo abdi atuh nya Pak Ijang boga budak awewe satilu-tilu, tapi keun we 
da boga rejekina jeung jodona masing-masing ieuh" tembal kuring ngabeberah hate 
karep.

"Kumaha rencana  berangkat ka kidul teh, jam sabaraha ?" Tanya kuring

"Isuk-isuk we kurang leuwih jam genep isuk, da eta kapanan didituna aya acara 
upacara adat heula saencana walimahan." "Sakalian ngulem engke ba'da Magrib 
urang ngariung di imah"

"Muhun Insya Alloh"



Ba'da Magrib kuring jeung tatangga nu sejena ngariung mungpulung di bumi Pak 
Ijang, nu maksudna mah ngayakeun syukuran, rehna anakna nu cikal rek 
diwalimahan, oge syukuran rehna anakna nu panengah geus beres kuliahna.



Beres acara syukuran, Pak Rw ngabahas rancana angkat jajap calon panganten 
pameget ka Wangunwati. 



Ti subuh keneh di imah Jang Doni geus kadenge kunu galuntreng ngarobrol, 
pagaliwota jeung sora mesin cai anu ngagerung, pahibut paheula-heula ka cai, 
aya oge sabagian anu masih keneh ngaguher sare, eta meureun peutingna bagadang 
jadi masih tunduh keneh.



Ari Jang Doni mah tunduh-tunduh oge geus tanghi malahan geus saged dipakean 
rapih, pon kitu deui sepuhna. Kurang leuwih jam satengah tujuh rombongan 
panganten pameget kaasup kulawarga jeung tatangga anu rek jajap geus siap na 
kendaraan masing-masing, malahan kuring oge geus anjeucleu na motor jeung 
indung budak oge budak. Bring we rombongan arindit, mobil ti heula anu na 
malotor palandeuri. Kuring mah pangdeurina. Barang rombongan arindit, kuring 
sajig-jigna indit torojol aya mobil box naroskeun rombongan panganten, "tos 
arangkat kitu anu ka Wangunwati teh?" 

"ooh..parantos aya kana lima menitan mah, ti palih mana kitu pak?" Tanya kuring

"Abdi saderekna, pedah ieu nyandak tuangeun"

"Ah da teu acan lami pak, engke oge kasusul geura dijalan, da abdi oge bade 
angkat kaditu" cekeng

"Mangga atuh pak abdi ti payun" cekeng bari tuluy ngagas motor biur we indit 
nyusul rombongan.



Dijalan kuring papanggih jeung rombongan motor pangjajap, kaasup Pak Endang 
Asmara anu ngabonceng istrina Ibu Yuyun, Pak haji Maman, Pak Jaya malihan aya 
tim penyapu rombongan nyaeta budakna Pak Dadan, ceunah bisi aya kandaraan anu 
katinggaleun. Enya we teu sababaraha lila vesva Pak Jaya ngadat embungeun maju, 
pedah harita katohyan Pak Jaya keur ugal-ugil nyelah Vesva.

"Kunaon Pak Jaya..mogok nya?" Tanya kuring bari ngalaunan motor.

"Biasa ieu mah Pak..mangga ti payun we"

"Teu peryogi bantuan..?" cekeng mastikeun

"Sawios Pak teu keudah.biasa ieu mah da"

"Heug atuh abdi ti payun nya"

Biur deui kendaraan maju deui, da ari Pak Endang mah geus mangpret ti payun, 
jigana Pak Endang mah keur ngorana tukang balap, da eta meni hese kasusulna, 
teu kurang ti 60km/jam kecepatana.



Srog ka belokan didinya geus ting lalungsar rombongan motor, aya anu ngageberan 
dada ku topi aya anu keur ngaropi goreng pisang haneut. Reg we kuring oge 
ngiluan eureun, istirahat heula ah..cekeng



Gap Bu Yuyun kana goreng cau, pon kitu deui Pak Endang ari kuring mah ngopi 
gorengan tempe anu ngagantel na keresek meunang tadi meuli di jalan deukeut Pom 
bengsin. "Pak Haji sakalian tah pangmayarkeun, abdi goreng cau hiji." Cek Bu 
Yuyun 

"Abdi dua" cek anu beulah ditu  tuluy anu sejen tingkolesed tina bangku warung

"Aeh da Pak haji mah ngadahar goreng cau oge ngan hiji, jaba teu nyandak artos 
yeuh..soklah Pak Endang sakalian pangmayarkeun" tembal Pak Haji



"Ah..si Pak haji mah..tah Pak bayar.." tembal Bu Yuyun bari ngaleos

Ari kuring mah bati seuri leutik we, untung uing mah teu ngiluan ngopi goreng 
cau. Hayu atuh siap urang angkat deui. Bring kendaraan arangkat deui, nu 
panghareupna motor Pak Dede jeung babaturana deui da ceunah babaturana apal 
tempat kawinan, da ari kuring jeung nu sejen mah apal-apal poho tempatna oge.



Beuki lila beuki butut jalan teh, jaba oge asa bareda jalan teh jeung anu 
tiheula basa nganteur nanyaan. "Pak Haji bener kitu jalana kadieu?" Tanya 
kuring panasaran

"Ah bener jigana kapanan tuh aya babaturan Pak Dede  nu apaleun, urang 
tuturkeun we manehna" tembal Pak Haji

"Muhun atuh" cekeng

moal kitu nyandak jalan pintas Pak Dede teh, ah enya jigana ? gerendeng kuring  
bari tuluy nunutur Pak Dede anu ngabiur tiheula bari galuntreng ngobrol jeung 
babaturana.



Jalan beuki butut pisan tur nurugtug mudun, batu sagede sirang munding 
ngajarentul sisi jeung tengah jalan, pokona mah teu aya piliheun, saleuheung 
motor kuring mah rodana rada jangkung coba anu Pak Haji, motorna rodana pendek 
enya Mio ieuh atuh jaba anyar matak paur kabetrik ku batu anu ngacleng. Eta we 
nyetir motor mei hut-het sampeyan ngajegang, panangan duanana tingpereket 
ngerem jeung ngegas, teu acan kesang nyurucud mapay tarang bersihaneun. Kocap 
aya mobil ti beulah pudunan kajeun areureun heula, da bisi tikosewad.



Beres pudunan anu hararese bras ka jalan anu rada alus saeutik..naha torojol 
deui Pak Dede jeung babaturana balik deui, bari tutunjuk, "Balik deui 
euy..salah jalan.." ceunah bari jeung seuri.

"Aeh..aeh.aya kukituna eta Pak Dede, eta deui babaturana jiga nu heueuh apal 
jalan" cekeng

"Astagfirullah aladzim.terlalu.." Tembal Pak Haji

"Keun wae Pak Haji itung-itung ngetes Mio" tembal Pak Dede teu euleum-euleum.

Ari Pak Endang jeung Bu Yuyun mah bati nyenghel seuri, bari nempokeun Pak Haji.



Atuh rombongan teh, balik arah deui, mapay-mapay tanjakan anu matak hararese 
diliwatan. Kuring jeung Pa Endang teu langsung indit, kocap melongkeun heula 
jajalaneun bari rumahuh. 



Keun lah Pak Endang tong nuturkeun deui Pak Dede, paingan atuh asa bareda jalan 
teh.

"Hayu atuh urang keureuyeuh." Tembal Pak Endang.



Singket carita kuring Pak Haji, oge Pak Endang dugi kanu diseja. Alhamdulillah 
geuning dugi oge yeuh.cekeng bari babatek leungeun da pegel balas ngekewek 
setir motor.

Didinya geus rajeg hansip ngangatur tempat parkiran kendaraan. "Mangga Pak ka 
palih lebak, mapah we..keun kendaraan mah dijagi didieu." Cek petugas hansip.



Deuh enya dulur, jalan anu tadina satapak geus dilegaan dihahade bisa kaliwatan 
samobileun mah, ti beulah lebak anu ngaliwatan sawah jalan dilegaan dugi 
kasadeupana, anu tadina pas tanjakan diumpak-umpak ayeuna mah diratakeun tur 
dilegaan, ngan edas kunetekna. Ngan eta aya oge nu wanian, aki-aki dibonceng 
kubudak ngora make motor Yamaha F1 ZR keukeuh hayang dianteurkeun dugi kaburuan 
imah. Atuh motor teh eureun heula pas dinu rata, "Ki nangkod sing pageuh" cek 
budak ngora

"Sok jang geus pageuh ieu oge." Tembal si aki bari peureum jigana soakeun oge.

Ke heula Kang..eta bade ka tonggoh kana motor..?  kade ah bisi nyorosod..paur 
yeuh" cekeng

"Atuda ieu si Aki keukeuh hayang didugikeun  ka tonggoh, ah..da ari kudu 
ngagandong mah beurat kang" tembal budak ngora bari ngagerung-gerung motor rek 
ngawahan.

"Ki.siaaaap!" cek budak ngora

"Siaap.Jang.." tembal si aki bari tipepereket muntang kana beuteung budak ngora.

Biur motor mangpret nanjak, kuring jeung nu sejen bati narahan napas, sieun 
motor teukuateun tuluy mudun deui.



Da enya baraya eta motor alhamdulillah dugi oge, reg motor di erem, suku 
dijegangkeun nanahan kasaimbangan, ceg si Aki pada marangku.  

Tidinya kuring jeung nu sejen karek naretek ngahanca tanjakan. Jol anjog ka 
buruan imah, didinya acara geus dimimitian, tuluy ting galutrut ngareusian buku 
tamu. Gek dariuk ngabandungan acara anu keur dimimitian, regot nginum da 
hanaang balas nanjak. Ari budak kuring mah kalahka arulin jeung budak Pak 
Bangbang, malahan jarajan es krim.



Satadina mah acara walimahan teh rek di masjid ceunah, kulantaran tempatna rada 
anggang walimahan teh jadina diimah. Alhamdulillah acara walimahan kaitung 
lancar, tuluy disambung ku acara sungkem ka ibu rama, disambung ku acara 
saweran.



Kusabab acara walimahan geus beres kumaha mun urang ngahanca sangu ? cek Pak 
Wilman.  "Hayu atuh.."  

Bring we bararis ngantri sangu sapuratina, gek dariuk bari ting camuil taruang.

Pak Dede eta aya ku karompak urang perum diukna ngajajar kitu. Cek Pak Wilman

Saha..?

Tuh Pak Jaya, Pak Nana jeung Pak Dadang,

Heueuh matak serab hehehehehehe.sambung Pak Dede



Hareupeun pak Jaya, Pak Nana Pak Dadang , aya budak awewe anu rada mencrang 
tugasna nungguan pecel jeung bungbuahan.

"Paingan atuh meni ngajajar kitu diukna, tah ka asup Pak Rahmat, meni embung 
ingkah, da eta keur ngahareureuyan budak awewe"



Emmm..karolot-kolot masih keneh wae resep heureuy teh, cikan ngageser Pak 
Rahmat..cekeng bari gek diuk tuluy belewek dahar.

"Neng tolong dong minta caunya.." cek Pak Nana bari noel budak awewe

"ihh..apa sih Pak!" tembal budak awewe bari ngajerete bangun anu teu ngarti

"Ituh cau..neng cau.." tembal Pak Nana bari ngusapan curuk anu dibentik-bentik.

"Halah..bohong Neng dia mah mau kenalan sama Eneng" tembal Pak Rahmat

"Oh..Neng gak bisa basa Sunda yah.." tembal Pak Jaya bari seuri nembongkeun 
ompong.

Si budak awewe unggek bari semu bareureum rarayna.

"Nah cau itu artinya pisang Neng.coba Neng AA minta satu yah, tapi kenalkan 
dulu nama AA Jay.." sambung Pak Jaya bari ngasongkeun leungeun

Can oge gep sasalam leungeun Pak Jaya ditepak ku Pak Dadang, tuluy Pak Wilman 
Rikat sasalaman, .A Wilman..ceunah  atuh Pak Jaya bati handeueul, bari mureleng 
ka Pak Wilman.

"Sudah-sudah Neng kenalannya, cau AA mana..? saur Pak Nana bari noel cangkeng 
budak awewe.

"Ihhh..apa-apan sih  tuh ambil sendiri.!" tembal budak awewe bari jomotrot

Barakatak teh kuring jeung nu sejena sareuri, da nempo Pak Nana nepakan tarang.



Sabot arudud beres dalahar kuring pamitan ka panganten jeung kulawarga, tuluy 
ngajak marulang. "Sok lah tiheula sayah mah rek nongton heula dangdutan" cek 
pak Wilman bari mureleng nempo artis dangdut anu jangkung leutik.

"Halah geuning et amah murid sayah euy." cek Pak Rahmat

"Oh..ma enya Pa..geulis oge nya." Sambung Pak Wilman



Anu sejen mah narongton heula dangdutan, meureun ngiluan oge joged, ah kuring 
mah balik we ti heula jeung rombongan motor deui. Alhamdulillah dugi deui ka 
Perum tur salamet.



Tah rupina sakitu catur bukur lalampahan nemonan pangulem anu kawinan teh.

Kirang langkungna nuhunkeun sihapuntena, bilih aya anu kasabit nami oge kasebat 
tempat, sakali deui nyuhunkeun tawakufna, da ieu mah direka-reka sangkan hade 
dipayus-payus ngarah alus, ngan jigana angger we sakieu ayana, keun itung-itung 
diajar nulis.



Cag..



Kebo



  ----- Original Message ----- 
  From: Husna K 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Saturday, December 08, 2007 1:48 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Simpe....euy...sunyi sepi sorangan


  Cik atuh ngadongeng...Kang



  On Dec 8, 2007, at 1:36 PM, Kebo Hideung wrote:




    Aya..aya Kang   :)

    Kebo
    http://genibara.multiply.com/

      ----- Original Message -----
      From: Husna K
      To: urangsunda@yahoogroups.com
      Sent: Saturday, December 08, 2007 1:31 PM
      Subject: [Urang Sunda] Simpe....euy...sunyi sepi sorangan


               Abongkena dinten saptu milis teh sararepi kieu...

      Padahal mah waktosna keur heureuy guguyonan....
      Cik atuh...Aya nu ngadongeng we ....







   

Kirim email ke