tah hade oge, upama dikumpulkeun. sok geura baraya euy, kumpulkeun ngaran
kabeh jalma nu kungsi urang wawuh, ti mimiti dulur, jeung batur sakola.
jigana engke bisa katoong jiga kumaha pola-na ngaran urang sunda.

ngan wae, potongan kalimah "kangaranan urang sunda" jigana hade ditukeur ku
"ngaran urang sunda" wae. sabab potongan eta kalimah, boga harti lain nu
ilahar dipake, pikeun maksud sejen. contona wae, "kangaranan urang sunda,
upama katatamuan teh kudu we geksor ku susuguh". tah lebah dieu harti
potongan eta kalimah teh, maksudna "geus jadi kabiasaan urang sunda", "geus
ilahar pikeun urang sunda". (mh)

On 12/10/07, Dian Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Wawaran ieu sigana tiasa dilebetkeun kana artikel ngeunaan kangaranan
> urang Sunda:
> http://su.wikipedia.org/wiki/Kangaranan_Urang_Sunda
>
> Kumaha kang Kumi?
>
> Baktos,
> -Dian-
>
>
>
> On 10/12/2007, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> nuhun bah iwa, kang oman, kang 'keom' syam, oge baraya sanesna.
>
> urang teruskeun noong ngacaprukna. pola kahiji ngaran diwangun ku hiji
> aksara vokal nu diulang. contona jiga nu geus didongengkeun ti heula.
>
> ayeuna pola kadua, ngaran diwangun ku dua aksara: aksara vokal jeung
> konsonan.
>
> contona: aam, iim, uum, eem, oom
>              aan, iin, uun, een, oon
>              aas, iis, uus, ees, oos
>
> (mh)
>
> On 12/10/07, syam <[EMAIL PROTECTED] > wrote:
>
> Punten nambihan, ciri has ngaran urang sunda salian diwangun aksara vokal
> nu diulang oge sok ditambah ku aksara "H" ditungtungna saperti : ooh,aah.
> Aya oge nu dicokot ti ngaran anu geus aya ditambahan "H" tungtungna
> saperti; dedi jadi dedih, edi jadi edih, dede jadi dedeh, dudu jadi duduh,
> aci jadi acih, oci jadi ocih, aca jadi acah, oco jadi ocoh, yoyo jadi yoyoh,
> yaya jadi yayah jrd. Saking reana ngaran sunda nu ditungtungan ku "H" najan
> can nyebutkeun asalna tapi mun geus nyodorkeun ngaran kaparengan
> ditungtungan ku "H" ( misalna "odah" boa aya ketah urang los angeles ge nu
> ngarana "odah") sok langsung teg we yen manehna teh urang sunda.
>
> Aya oge ngaran artis atawa biduan nu ditungtungan ku "H" duka urang sunda
> duka kolotna mere ngaran ka anakna geus kaismeuan ku urang sunda, contona;
> elvi sukaesih, tiar miyarsih, kinaryosih, asmirandah. Tah boa marshanda ge
> mun urang sunda mah jadi "marshandah" , bunga citra lestari jadi "bungah
> citrah lestarih" atawa dian sastro jadi "dian sastroh wardoyoh"
>
> ih menih maksah nyah!
> sr
>
>  ----- Original Message -----
>  *From:* mh <[EMAIL PROTECTED]>
> *To:* urangsunda@yahoogroups.com
> *Sent:* Friday, December 07, 2007 9:15 AM
> *Subject:* [Urang Sunda] Ngaran Nyunda?
>
>  sok mindeng kawenehan dina milis, aya baraya nu neangan ngaran nu
> NYUNDA. nu kumaha atuh ari ngaran nu nyunda teh. duka kungsi aya teu
> nya nu kungsi nalungtik atawa ngotektak perkara ieu.
>
> sainget kuring, ngaran urang sunda pang basajanna SADUNYA, enya lain
> bohong SADUNYA. teu percaya pek we bantah upama boga fakta sejen mah.
> naon buktina? pek we geura, ngaran urang sunda mah loba nu diwangun
> cukup ku saengang, cukup ku HIJI aksara diulang. contona bae, kabeh
> aksara vokal (a, i, u, e, o) sosoranganan geus cukup keur nyieun
> ngaran, jiga kieu: aa, ii, uu, ee, jeung oo. eta kabeh ngaran teh
> kuring kungsi manggih jalmana, boh dina tulisan atawa paamprok
> jonghok.
>
> ngaran aa, putrana pun ua nu dumuk di bogor, kitu deui aya aa tukang
> tonjok aa-boxer. ngaran ii oge aya baheula babaturan di lembur. ari
> ngaran uu mah, apan contona urang sunda nu ngagali alun-alun bandung
> tea, hehehe. tah ari ee mah, baheula ngaran sinden sandiwara di desa
> kuring. ari ngaran oo mah, alo kuring pisan, nu geus almarhum.
>
> nu matak kuring nyimpulkeun, ngaran urang sunda mah pang basajanna
> SADUNYA. najan aya oge ngaran nu sarua saengan di afrika, jiga xi dina
> felm "gog must be crazy", tapi diwangun ku dua aksara. (mh)
>
>
>
>  
>

Kirim email ke