Aya oge anu Ucim sok dlandi Tinceu upami wengi  kumaha tah ?
heuheuheu.....

punten pami aya nami Kang Ucim..da ieu mah Ucim fabel..:)
Kebo

  ----- Original Message ----- 
  From: Roro Rohmah 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Tuesday, December 11, 2007 10:35 AM
  Subject: [Urang Sunda] Re: Ngaran Nyunda?



  Nambihan ah..Muhammad jantan Emuh, Maemunah janten Mae, Husna janten Uus, 
Siti Rodiah janten Erod, srrd.

  Dititenan teh nami Sunda teu aya tingkatanana, sapertos nu kapendak dina 
nami2 Jawa : Eka, Dwi, Tri, Catur, srrd. Paling nu pangageungna disebat Teteh, 
Eteh atanapi Ceuceu. Pami pameget pangageungna Aa, Akang, Aang. Nu bungsu remen 
dinamian Cucu boh istri boh pameget, boh murangkalih boh nini2/aki2, di lembur 
abdi seueur pisan namina Cucu geugeutna Ucu.  Nu ngabentenkeun teh nami panjang 
wungkul, eta ge pami aya pami henteu? ngalieurkeun batur. 
  Emut waktos nuju di SMP di Wado.
  "Cu (Cucu Cahyati), nambut buku."
  "Teu aya nuju ditambut ku Cucu Aisyah."
  "Cucu Aisyah nu sok sasarengan sareng Cucu Komariah?"
  "Sanes, sareng Cucu Rokayah."

  Salian ti Cucu nami nu tiasa dianggo ku istri & pameget (unisex) aya oge 
Endang. padahal bentenna mung tina ngucapkeun E-na wungkul tiasa katingali 
istri atanapi pameget. Da, wayah kiwari mah teu ilahar kedah nyurekan E dina 
nami atuh.
  Komo pami pendak sareng waria mah,
  "Kamu cantik deh."
  "Endang, yuuuuuuukkk." heheh.

  Dibandingkeun urang Sunda, urang Jawa langkung wantun nganamian putra2na 
sapertos dina tokoh2 pewayangan atanapi nami Dewa, contona : Bimo, Aryo, 
Dewangga, Gatot, Nakula & Sadewa dll. Kaleresan pun alo nu ramana urang Jawa 
dinamian Whisnu Abhiseka. Noong dina www.wayanggolek.net  (hatur nuhun ka Mang 
Asep nu di Batam) seueur pisan nami Sunda nu biasa dianggo contona, Rama, 
Sumantri, Yudistira, Dewi Nila Ningrum srrd.

  Mung nganamian murangkalih sapertos dina wayang mah kedah ningali heula, 
murangkalih teh pibakaleunana kumaha (istilahna mah, nganjang ka pageto 
sanes?), kedah ngukur ka ibu ramana oge. Moal nya atuh dinamian Arjuna nu 
kedahna gaduh pangawakan bangbang jangkung badag, ari pek teh pecekrek alit 
(ampun paralun, punten sanes ngece dadamelan Allah ieu mah.) Atanapi, budak 
sakasep-kasep dinamian Dawala. 
  Emut ka pun biang sok hahariringan.Cepot, Dawala. kupat-kepot kanu 
bala.heuheu.

  Ro2


  >>> [EMAIL PROTECTED] 12/11/07 06:12AM >>>
  Anu kanapasan Arab oge aya..Zubaedah, Romlah, Barokah, Zadeh,Abdullah, 
Mulah..jrrd.



   

Kirim email ke