Ah Kang,

Basa mang Tata ngala kalapa , aya abah Aga ngawakwak,
da jang Maman hayang dahar kalapa, ngan pan kang Tata
na kakara ngala.
Can kaasaan kalapana mah, Jang Maman kalahka mamawa
barangbang ka sawah,, da jang Yaya ngajak ka pasar
hayang mawa barangbang ka mang Warman, ngararah aya
ladangna., da hayang mangpaat sarta aya karasana.

Ngan hanjakal ,dasar naas, hanas mamawa barangbang ka
pasar, mang Warmanna tara kapasar Ahad mah, ngan
kasampak aya kang Lala anakna mang Warman, ngajaga
dagangannana.

Basa jang Maman nanya masalah barangbang, kang Lala
kalahka ngajak dahar bakakak hayam da lapar tas jalan
jalan ka Bababakan Banjaran ka  Wa Karta bapana Yayah.

Salasa na jang Maman ngajak jang Yaya ka sawah bah
Manta ngala gaang, jang hayamna mama Anwar.
Da Mama Anwar mah sagala kacabak,
Kana agama jarang aya papadana, paham kana basa arab, 
sawahna aplak aplakan, malah dagang hayam wawar  ka
mana mana, sabab hayamna jaragjag, ngan rada mahal
hargana,  sabab parabna gaang, bangga ngalana.



............. mangga teraskeun .........

Tata



      ________________________________________________________ 
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi 
Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo.com/

Kirim email ke