nu lengkepna mah ieu Aturan Milis Kusnet teh :

Aturan Milis  Komunitas Urang Sunda di Internet [KUSNet]
1.Para wargi nu nembe gabung, disuhunkeun kajembaranana, kersa 
nepangkeun heula, make cara Urang Sunda. Saha, kawit timana, ayeuna 
di mana, damel naon, jeung sajabana. Perluna ieu, sangkan pancakaki, 
sugan bae panggih jeung dulur, sobat, jeung saterusna. nepangkeun 
kedah jentre. supados teu disasaha. 

2.E-mail ka milis Komunitas Urangsunda di internet [KUSnet] kedah 
ngangge basa Sunda. hukumna WAJIB. Sabisa-bisa. Nyerat naon bae asal 
ku basa SUnda. Teu kudu make undak-usuk basa, cukup ku basa merenah 
jeung loma.

3.Kaci basa nasional atanapi Inggris [forward berita, jrrd] upami 
patali sareng Sunda sareng kasundaan. Oge kaci [sakali-kali tapi] 
ngintun heureuy/jokes, seratan hikmah atawa pieunteungeun] ku basa 
nasional atawa Inggris.

4.Ieu milis perkawis Sunda jeung Kasundaan. Jang mikareueus, malire, 
jeung ngamumule Sunda jeung kasundaan, lain jang nanaon.

5.Teu kaci nulis nu jorok/porno/jorang. 

6.Teu kaci ngagogoreng seler/etnik/ras/bangsa sejen [bangsa Sunda mah 
komo]. Dina ayana tulisan ngeunaan eta, jang diajar/peinteungeun.

7.Teu kaci ngogogoreng agama jeung kapercayaan batur. komo agama nu 
diagem mayoritas Urang Sunda [Islam]. 

8.Hak Penerbitan posting ka milis KUSnet diaku ku Yayasan Perceka, 
wadah di darat KUSnet. 


okeh ?

-dul-
kuncen #8


--- In urangsunda@yahoogroups.com, Gan Lesmana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Heu... heu.... kaluar geuningan sihungna ........
> 
> Kang ...... sapangemut, asana mah aya poin-poin anu sanesna oge 
nya ...... Cingan atuh pangwawarkeun geura, da rarasosan teh sanes 
tina saperkawis ieu wae nu sok tisoledat teh ...... Eta wae-lah 
ambeh dumuk kanu misi lan visi ieu milis ........ heueuh 
manglebarkeun wae ari sim kuring mah .......
> 
> hatur nuhun,
> gl
> -------------------
> 
> Dari: ndoell <[EMAIL PROTECTED]>
> Terkirim: Senin, 17 Desember, 2007 12:30:14
> 
> Punten,
> nyarioskeun soal agama mah saena tong didieu. bilih jadi 
pacogregan.
> kahiji ieu teh milis Sunda, keur ngamumule budaya sunda, kaduana
> pan urang Sunda ge teu Islam sadaya. 
> 
> Dina aturan milis tos jelas dibejaan basa mimiti ditampi janten 
> anggota. ku uing di "copy paste" keun deui meh teu poho :
> 
> -Teu kaci ngagogoreng seler/etnik/ ras/bangsa sejen [bangsa Sunda 
mah 
> komo]. Dina ayana tulisan ngeunaan eta, jang diajar/peinteungeun .
> 
> -Teu kaci ngogogoreng agama jeung kapercayaan batur. komo agama nu 
> diagem mayoritas Urang Sunda [Islam]. 
> 
> ku kituna wayahna, soal-soal nu kararitu mah mangga we 
dicarioskeunana
> dina milis nu sanes.
> 
> hatur nuhun,
> 
> -dul-
> kuncen #8. 
> 
> 
> 
>       ________________________________________________________ 
> Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang 
Anda! Kunjungi Yahoo! Answers saat ini juga di http://
id.answers.yahoo.com/
>


Kirim email ke