Ngeclakeun Cimata ku : Kebo Hideung - Kawalu Tasikmalaya 14/07/07
Langit angkeub angin ngagelebug, lemah cai keur ngeclakeun cimata, teu beurang teu peuting nyurucudkeun cai soca, ngabaseuhan taneuh pakuburan. Ngadadak loba jalma anu ngaheruk bangun anu susah, ceurik ngabangingik bangun anu kanyenyerian, malahan tinggolepak kapiuhan luhureun pusara. Enya kukituna mah ceunah asa disamber heulang, anu dipikanyaah, dipikameumeut tibaheula leungit teu puguh-puguh, mun seug teu ningali atawa teu nyabak layona mah asa teu percaya yen kakasih teh geus nandangan pati. Ucu..geulis.kasep.bageur sing sabar..sing kuat. Tos urang ikhlaskeun wae, hawatos tuh ka Bapa, ka Ema, ka Teteh, ka Dede, ka Uwa, ka Mamang, ka Bibi. Ucu..geulis.kasep.bageur, sadaya makhluk kaasup urang bakalan nemonan maot, bakal mulih kajati mulang ka asal, dipenta kunu Maha Kawasa. Sok ayeuna mah sing teger, sing sabar, sing tawekal. Pasosore maju kasareupnakeun sora gaang pacampuh jeung sora tonggeret disarada disusul kusora jangkrik bangun anu milu sedih nambahan jemplingna taneuh pakuburan. Sepi teu aya sasaha..poek teu aya dikieuna teu bisa ningali curuk-curuk acan, eungap anu aya. Duh..kamarana ieu teh.naha aing aya didieu ?.naha bet poek kieu ? Saha atuh anu ngabakutet awak aing? Geus paeh kitu aing teh ? Duh Gusti.hirupkeun deui abdi, abdi teu acan siap mulih ka tempat asal.abdi teu acan gaduh bekel..! Rasa hanjakal minuhan dadana, kuciwa teu weleh datang nambahan kasusah. Lain deui jalma anu sholeh atawa sholehah mah Insya Allah, balik ka jati mulang ka asal teh pinuh ku kabagjaan, rasa bungah anu teu aya dikieuna minuhan alam kuburna, unggal sore unggal isuk bakalan ditempokeun kaayaan di Syurga. Teu aya kuciwa atawa hanjakal, da basa didunya hirupna alus banglus, teu aya cawadeun. Wallahu A`lam Bish-shawab
<<clip_image001.jpg>>