sae kang…. kanggo ngeuyeubkeun sangkan basa sunda angger dianggo mah
 nya kedah leukeun “ngahuapan” deui kabiasaan baca tulis dina basa sunda ka 
barudak ayeuna…..
 carana tong ditaragal…. maksa kudu make...kudu bener…da moal daekeun…
 carana anteur sabisana barudak ayeuna nyarita/nulis sunda
 bari disadiakeun di dinya anu benerna keur pembanding….
 tah mangga atuh urang ngangon basa di : 

www.kusnet.ning.com
 baktos.
 mang maya


urang_cupumanik <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                               
Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PPSS),  gawé bareng sareng Universitas 
Padjadjaran, badé ngayakeun deui acara Miéling Poé Basa Indung Internasional, 
ping 21 Pébruari 2008. Kamari tos ngobrol sareng Kang Ganjar perkawis 
kagiatanana.

Manawi aya kamandang ti urang Kusnét kinten-kinten kagiatan naon waé nu payus 
kanggo ngeusian éta acara. Maksad téh supados sanés ngan sérémonial wungkul, 
tapi aya tapakna. Pangpangna mah supados aranjeunna nu ngaku urang Sunda 
nyararios basa Sunda.

Informasina tiasa ditingal di dieu. 


Hatur nuhun,
Dadan Sutisna
 
     
                               

       
---------------------------------
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! 
Answers

Reply via email to