Der wae atuh bade da'wah mah kang.
moal aya anu nolak lamun urang nyebarkeun anu matak ngagedekeun hate, 
ngagedurkeun sumanget, nanjeurkeun harepan, mawa tingtrim kahirupan.
 perkawis "TJAP" eta mah biasa kantenan deui ayeuna "mahabu pisan", Keur kuring 
budak keneh baheula ari balik sakola teh sok nginum cai cap "kendi" enya tina 
kedi langsung mani asa seger teh, sakapeung mah lamun geus teu kuat ku hanaang, 
di tengah jalan dibareng ku rasa gumbira regot wae nginum cai cap "sumur' 
he..he..seger oge he..he... kiwari aya tjap AQEO, WAQEO, ADESI, FRUTo jrrd. 
kantun milih, raoskeun mangpaatna. Mawa Walatra Keur Balarea????

nuhun
sonirosa
www.bolotot.com
  ----- Original Message ----- 
  From: Ahmad Dimyati 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Saturday, January 05, 2008 7:49 AM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Deui Islam vs Transnasional isme



  Leres pisan peryogi najeurkeun syiar Islam sareng nerekabkeun da'wah teh, 
mung kan da'wah ge aya "fiqih"na. Kitu oge milis urangsunda kedah aya fiqihna. 
Upami dikawitan da'wah Islam warna tertentu, panginten engke oge aya da'wah 
Islam warna sanesna. Upami gagasan transnasionalisme diwadahan ku urangsunda, 
kumaha sikep urangsunda ka warna Islam sanesna sapertos Islam liberal, Islam 
matematik (Rasyad Khalifa, nu akhirna ngangken janten Rasul tapi sanes Nabi), 
atanapi Ahmadiyah nu oge ngangken Islam, Islam waktu telu. Ah cenah balik deui 
wae kana Quran sareng Sunnah Rasul. Quran sareng sunnah tafsiran nu mana? 
Jalalain, Ibnu Katsir, Maraghi, Al Azhar-na Buya Hamka, atanapi Al Mishbah-na  
Quraish Shihab? Margi Rasyad Khalifa ge nganggo dasar Quran sareng rujukan 
Sunnah dugi ka janten ingkar Sunnahna teh. Babakan urangsunda tiasa janten 
media da'wah nu lumintu upami urang taat kana "fiqih" urangsunda, bari urang 
ngaguar budaya Sunda, bari urang heureuy nyunda, bari urang ngebrehkeun 
pribadi-pribadi Sunda nu Islami. Ceuk kuring mah, toleran, sensitif ka papada 
urangsunda nu boga kayakinan, aliran agama nu beda ge kalebet sikap Islami  
keneh. Panginten eta nu disebat da'wah bil hal teh. Kumaha para moderator?

  A. Dimyati



  ----- Original Message ----
  From: Tessar Wardhana <[EMAIL PROTECTED]>
  To: urangsunda@yahoogroups.com
  Sent: Friday, January 4, 2008 7:43:49 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Deui Islam vs Transnasional isme


  Ah...naha da Syiar Islam mah tiasa dimana wae atuh!
  pan sae pisan upami milis Urang Sunda ieu tiasa janten
  media dakwah, teu wungkul media heureuy teu aya
  tungtungna. sae oge sih mung maenya bade heureuy
  wungkul padahal urang sadaya terutami urang islam
  gaduh masalah nu ageung pisan nyaeta masalah umat tea.
  saur abdi mah sih...mending jantenkeun silaturahmi ieu
  kanggo media dakwah oge kumargi tos teu aya deui jalan
  kanggo lebet Sorga salian Dakwah jaman ayeuna
  mah...amin

  --- H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:

  > Enya atuh ari kitumah.tadina sugan wae aya anu
  > hoyong nambihan
  > wawasan...ulah ari pasea mah..teu aya dasarna..upami
  > dibaca mah..juatru
  > ngagungkeun agama Islam tibatan ngan saukur
  > idealisme manusa...
  > 
  > On 1/4/08, Ahmad Dimyati wrote:
  > >
  > > Punten, sanes teu kenging nge-post-keun masalah
  > nu terkait sareng
  > > agama? Nu kieu mah seueur di tempat sanes ge. Teu
  > kedah dicacandak ka milis
  > > urangsunda. Komo nu eusina matak pipaseaeun mah.
  > 

  ____________ _________ _________ _________ _________ _________ _
  Looking for last minute shopping deals? 
  Find them fast with Yahoo! Search. http://tools. search.yahoo. com/newsearch/ 
category. php?category= shopping






  Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

   

Kirim email ke