Ceuk kuring mah, aya kalemahan dina nyimpulkeun
"Amerika Negeri Islami?". Sabab tulisan eta, ngan
nyaritakeun ti sisi jeung pikiran urang Islam. Jadina
rada subyektif.
salian ti kitu, tata kahirupan jeung aturan di
Amerika, diwangun lain di luhureun dadasar ajaran
Islam, tapi diwangun ku semangat calvinis, lutherian,
liberalisasi jeung kapitalis.
Jadi sabenerna mah, teu aya hak pikeun "mengklaim"
Amerika Negeri islami.
(para pendiri Amerika di aherat, atawa gegedug Amerika
kiwari bisa teu narima lamun Amerika disebut nagri
Islami).

Langkung obyektif, jeung tingkat validitasna luhur,
upama anu ngaluarkeun pendapat perkara islami ieu teh
ku urang non Islam. Bandingkeun geura jeung kasimpulan
dina hiji acara "nyi oprah", anu nyaritakeun
pangalaman salah sahiji urang Amerika, anu nyaru milu
hirup jeung salah sahiji kulawarga muslim Amerika,
sabada aya "tragedi September". Dina hiji obrolan
Oprah jeung tukang nyaru teh, dicaritakeun, tukang
nyaru diuk paduduaan jeung sohibul baet awewe. Eta
sahibul baet teh, ngingetkeun teu meunang paduduaan
lamun lain muhrimna, pikeun nyegah anu teu dipikayang.
Si tukang nyaru teh sadar, cara saperti kitu, bisa
nyegah dekadensi moral.

Kuring leuwih satuju, upama tata kahirupan di Amerika,
anu cocok jeung ajaran Islam disebut sabage "rahmatan
lil alamin", atawa fleksibilitas jeung
kauniversalanana ajaran Islam. Hal ieu oge sabenerna
mah jawaban pikeun tulisan kang Darpan 'Agama dan
Lingkungan Budaya' anu netelakeun "Sunda teh Islam,
Islam teh Nyunda". Bandingkeun oge jeung para Wali di
tatar wetan Jawa, anu nyebarkeun Islam, ku cara
"nyulusup ngarekayasa" adat isitadat jeung budaya
Jawa. Sok sanajan cenah, pola siga kitu teh dianggap
"da'wah anu can anggeus", sabab masih aya agama "Sunda
Wiwitan" jeung "kejawen",
Tapi ceuk kuring mah pola siga kitu teh hiji tarekah
"smart", relatif aman, pikeun nyegah konfrontasi jeung
bentrokan fisik.

baktos,

mrachmat uidipura


--- H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Ustadz model kieu anu kedah dilobaan
> kwantitasna...identifikasi
> Islam..sacara nalar...
> 
> On 1/5/08, Deny Suwarja <[EMAIL PROTECTED]>
> wrote:
> >
> >    Hi *urang sunda*,
> > Teman Anda, *Deny Suwarja*, merekomendasikan
> artikel berjudul '*Amerika
> > Negeri Islami?*' untuk Anda baca.
.



      
____________________________________________________________________________________
Looking for last minute shopping deals?  
Find them fast with Yahoo! Search.  
http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping

Kirim email ke