Pamacek
Ku: Kebo Hideung  - Perum MB Kawalu Tasikmalaya

Hiji mangsa aya pupuhu lembur sareng istrina ngayakeun silaturahmi ka hiji 
'peternakan' sapi anu aya di pilemburan. Tujuan anjeuna nyumpingan peternakan 
sapi eta, bakating ku hoyong meupeuskeun kapanasaran, da eta ceunah ngadangu ti 
rahayatna yen bibit sapi ti peternakan Mang Juha mah kalintang saena. Dina 
acara kunjungan teu resmi eta, pupuhu lembur tatalek ka Mang Juha, diantara 
obrolana sapertos kieu;

Mang Juha    : Wilujeng sumping pangersa
Pupuhu        : Kumaha calageur ?
mang Juha    : Alhamdulillah sae pangersa, duh asa rareuwas pacampur sareng 
bingah ieu
                      teh pangersa.
Pupuhu       : Hiis...teu kudu reuwas sagala Mang, da kuring mah teu resmi 
datang kadieu teh,
                    tuh kapanan teu marilu ajudan oge.
Mang Juha  : Ohhh...manawi teh....dupi ieu saha pangersa? 
Pupuhu      : Aeh...kapanan ieu teh juragan istri
Mang Juha  : Aduh....punten ibu..eh juragan..manawi teh....
Juragan istri : Ajudan....!!!
Mang Juha   : He.he.he..sanes atuh juragan, piraku juragan janten ajudan 
pangersa.

Teu lila torojol aya pamajikan Mang Juha nyampeurkeun, bari lumpat leutik 
samping dising-
satkeun samet bitis, tuluy hariweus-weus ngabageakeun tatamu;
"Euleuh-euleuh paingan ti kamari aya kukupu ngendong dina kandang si Jagur, 
singhoreng aya tatamu agung, wilujeng sumping di kandang sapi pangersa, euleuh 
aya juragan istri oge geuningan."

Juragan istri : kumaha daramang Bi..?
Jikan Mang Juha    : Alhamdulillah pangesto juragan, duh si Bapa mah tamu teh 
naha 
                               bet sina diluar, atuh kalebet juragan.
Pupuhu                 : Keun we Bi kuring mah diluar wae
Mang Juha            : Har ari Ibi kapanan ieu teh kandang sapi...!  (bari 
molotot)
Jikan Mang Juha    : Aeh muhun nya duh..punten pangersa, da eta atuda bapana 
mah sok 
                              mondok moe dikandang, janten langkung betah keneh 
di kandang sapi
                              tibatan dirorompok.
Juragan istri           : Ah piraku Bi..?
Jikan Mang Juha    : Kantenan leres pisan juragan
Mang Juha            : Ah..si Ibi mah kamana karep nyarios teh

Pupuhu                : Mang ceunah cek beja sapi Mang Juha mah tok cer, nu 
mana atuh anu
                             ngaran si Jagur teh.
Mang Juha           : Tuh pangersa anu itu...anu nuju kokoer
Juragan istri         : ohhh..paingan atuh Bapa..eta mah mani badag kitu
Jikan Mang Juha  : Ihh..kantenan atuh juragan, komo upami nuju beger mah 
katingali badagna
Pupuhu               : Maksudna kumaha Bi..?
Jikan Mang Juha  : Eu...anu pangersa...eta taeuna upami nuju dipacekeun mah 
janten 
                            katingalina langkung ageung maksad teh.
Juragan istri        : Har ari Ibi...da kuring mah maksud teh lain badag etana, 
tapi awakna.
Jikan Mang Juha : Hi.hi.hi.hi...manawi teh
Mang Juha          : Matakna jempe geura..sok pipilueun ari salaki keur ngobrol 
teh.

Pupuhu               : ehem...Mang ari pamacekna ngan ukur si Jagur ?
Mang Juha          : Aya deui pangersa tuh anu semu hideung eta mah sadinten 
kiateun dugi 
                            tilu kalina
Pupuhu              : Tilu kali macekeun Mang ?
Mang Juha         : Muhun
Juragan istri       : Tuh..bapa tilu kali Pa... (bari nyiwitan cangkeng pupuhu)
Pupuhu             : Ari anu bodas eta ?
Mang Juha        : Tah anu bodas eta mah paling banter opat kali sadinten
Juragan istri      : Bapa opat kali bapa...(bari jeletot deui nyiwit cangkeng 
pupuhu)
Pupuhu            : Ari si Jagur  kuateun sabaraha kali sapoe?
Mang Juha       : Wah..kantenan we atuh Pangersa si Jagur mah pang hebatna, 
sadinten
                         tiasa genep kali.
Pupuhu            : Sabaraha? genep kali? teu salah Mang?
Mang Juha       : leres pangersa, ke sakedap deui oge si jagur mah neangan 
bikangna.
Juragan istri     : Tuh Bapa...genep kali..!  (jeletot deui wae eta nyiwitan 
cangkeng pupuhu)
Pupuhu            : ke heula atuh Bu..da Bapa teh can beres tatarosna
Juragan istri     : Pan tos jelas pa genep kali...
Pupuhu            : Mang ari genep kali teh, bikangna angger nu eta?
Mang Juha       : Ah..henteu atuh juragan guntas-gentos
Pupuhu            : Yeuh Ibu..Bapa oge tiasa dalapan kali sadinten asal istrina 
guntas-gentos.
Juragan istri     : Heuh..si Bapa mah kahayangna..!
Pupuhu           : Bongana atuda piraku Bapa disaruakeun jeung sapi.
Juragan istri     : Heug ku Ibu diwidian sadinten dalapan kali guntas-gentos, 
asal Ibu anu milarian
                        calona.
Pupuhu          : Tah..ti baheula teh cariosan ieu anu ku Bapa diantos-antos teh
Juragan istri    : Mang Juha....!
Mang Juha      : Muhun juragan aya pikersaeun naon?
Juragan istri    : Cikan pang neangankeun sapi bikang dalapan, kanggo juragan 
pameget.
Mang Juha      : Leres ieu teh juragan? 
Pupuhu           : Halah..si Ibu mah hanas atoh Bapa teh...(bari tuluy ngaleos)

Mang Juha oge pamajikana, ningali Pupuhu ngaleos bari jomotrot teh bati olohok 
ngembang kadu.

Tamat

Kirim email ke