kuring kungsi tilu kali meunang beasiswa supersemar teh...
basa keur SMA jeng kamari basa kuliah, lumayan dipake mayar SPP...


Pada tanggal 18/01/08, Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
>
>   Nuhun Mj, kuring dingetkeun deui perkara beasiswa anu geus
> dipedalkeun di jaman/ku BK. Bari kituna teh dina kaayaan BK keur
> fokus kana ngarengsekeun pasoalan badag anjeunna: tataan politik
> dunya harita anu dengdek teuing kana kapitalisme, satemenna anjeunna
> oge teu mopohokeun pasoalan minterkeun bangsana. Hasilna? kaala ku
> HMS nya? heuheu.
>
> Memang, sigana HMS apal pisan kana kakuatan jeung kakurangan ieu
> bangsa. Ngan hanjakal, pangaweruhna teh digunakeun pikeun ngawangun
> politik inyana sorangan anu hasilna "karasa" ku urang ayeuna.
> Upamana, kasus Golkar.
>
> Satemenna, ceuk nu miluan ngadegkeun Golkar, ieu organisasi teh alus
> niat dijieunna mah, keur nyaimbangkeun jeung memeres kaayaan politik,
> sangkan di Indonesia ngan ukur aya dua partei siga di Amrik. Anu
> hiji, nasionalis nu hiji deui partei agama (islam khususna). Tah
> tugas Golkar teh ngaping, utamana ka anggota mantan partei komunis
> sangkan milih ka salah sahiji tiantara eta dua partei. Tugas Golkar
> sejenna: ngusahakeun (akselerasi) sangkan bangsa Indonesia mimiti
> ngawangun jatidiri bangsana ku karya (luyu jeung ngaranna, "golongan
> karya") atawa prestasi. Hanjakal ieu ideu brilian meunang US keneh
> teh diselewengkeun deui wae ku inyana.
>
> Sapuk, ka hareup urang memang kudu ngawangun prestasi. Hiji amanah
> anu universal, boh dina agama2 samawi (amal saleh), dina budaya
> (upamana eusining prasasti2 Sunda, anu jelas pisan: prasasti Kawali)
> oge ceuk kamoderenan (merrit system, seven habits, jsb).
>
> manAR
> --- In urangsunda@yahoogroups.com <urangsunda%40yahoogroups.com>, "mj"
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >
> > BK kantos ngayakeun program beasiswa kang. Malah BJ Habibie sakola
> ka Aachen
> > jerman oge sabagian danana tina beasiswa program BK-harita BJH
> karek sataun
> > kuliah di ITB (tpb keneh cigana). Cenah harita beasiswa pikeun
> nyitak
> > insinyur laut jeung udara alatan indonesia mah apan nagara
> kapulauan. Aya
> > deui beasiswa ka eropa timur (uni sovyet) harita RI nuju condong ka
> dinya.
> > Gan Willy Wirantaprawira-kawit ti tasik (aya di wirantaprawira.net)
> sakola
> > ka Uni Sovyet alatan kenging beasiswa ti BK. Oge puluhan pamuda
> > sanesna-kalebet ti tangtara-asana gan Aang Kunaefi oge kenging
> tambahan
> > atikan kamiliteran ti uni sovyet. Nu sakola di blok timur, sapalih
> teu uih
> > alatan peristiwa g 30 s tea. Sieun disangka pro-komunis alatan
> sakola di
> > nagara komunis, padahal teu kitu. Lalakon gan Willy Wirantaprawira
> diadopsi
> > jadi tokoh Agus Irianto di novel Epigram.
> >
> > Solusi eta -disita kakayaanana- persisna siga urang ka urang wetan
> dina
> > kasus bubat: forgive but not forget.
> >
> > Nu geuleuh teh pernyataan hms dina bukuna, pikiran, ucapan dan
> tindakan
> > saya, cenah teh, "bangsa urang mah teu loba kahayang, teu macem-
> macem,
> > jst..." dianggapna barodo bae siga baheula cigana teh. Manehna
> makmak mekmek
> > numpuk kakayaan jeung kakuasaan bari masang ideologi pancasila
> > dihareupeunana pikeun saha bae nu ngeritik siga kelompok petisi 50,
> nu
> > diantarana bang ali.
> >
> > Generasi kahareup kudu rancage jeung kritis. Ulah nepi ka ieu
> nagara nu
> > meunang cape kolot baheula oge walanda -sanajan kabacana ngajajah,
> sabanerna
> > mah oge ngahijikeun- murag deui ka pamingpin model kitu. Cigana aya
> dina
> > amandemen UUD 45, jabatan presiden paling lila dua kali masa
> jabatan.
> >
> > -----------
> >
> > Beasiswa supersemar- pedah wae dirilis di jaman orba anu salah
> sahiji
> > pusakana "supersemar" tea. Lamun seug BK masih keneh jadi Presiden,
> > tur purati ngarengsekeun status politik hubungan LN Indonesia
> harita,
> > laju ngarambah kana ngawangun ekonomi jeung pendidikan, asana kudu
> > pisan BK oge ngaluarkeun beasiswa.
> >
> >
> > manAR
> >
>
> 
>

Kirim email ke