lain kitu kang...
apanan masing masing boga pancen nu kudu di jalankeun.
nya pancen "pamarentah" kudu bisa ngatur kahirupan rahayat sangkan mawa 
kawalatraan ka balarea.

tapi ari ceuk implengan kuring mah pamarentah teh lain teu apal tugasna, ciga 
namah teu walakaya lantaran sacara depakto anu ngatur kahirupan rahayat teh  
cenah mah "kong lomerat", pamarentah mah umurna paling panjang 5(lima) taun, 
ari "kong lomerat" umurna bisa nepi ka 7 turunan,....keur akang mah 8 turunan 
lah he..he..
...mangga teraskeun.

sonirosa
www.bolotot.com

  ----- Original Message ----- 
  From: dede solehudin 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Saturday, January 19, 2008 10:05 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Penggusuran deui penggusuran deui..........



  nya da manusa mah sok neangan kahirupan nu gampang.....
  pan ti baheula oge geus dibejaan lamun erek dagangmah tuh di pasar......ulah 
disisi jalan!
  lain ngabela pamarentah, tapi da urang oge kudu objektif, saha nu salah?

  hatur nuhun 
  jangdede-semarang

   
  Pada tanggal 18/01/08, netta fahad <[EMAIL PROTECTED]> menulis: 
    Ah,,,Kunaon ari pamarentah nya???
    Lamun memang kaki lima teh ulah aya di jalan atawa tempat nu teu alus, naha 
atuh digusurna lain keur jumlahna masih saeutik ?? 
    Tuh tingali, mun geus lobaan mah, beuki hese ngagusurna, jiga kasus 
pedagang di jalan Barito (Jakarta) ayeuna. Jadina teh pan karunya ongkoh ka 
pedagang kaki lima, Teu tega we ningali ibu - ibu ngoceak dengkek, gogoleran di 
jalan aspal, barijeung dihareupeunana aya pulisi nu siap ngagebugan. 
    Matak ngoceak kitu ge meureun jang mertahankeun lahan / sumber "dahar" 
sapopoe manehna.
    Asa teu payus rahayat diadu jeung rahayat, Pulisi teh pan rahayat keneh.

    Cobi tingal di Baduy, naha aya nu jiga kitu??? atau cobi tingal Brunei 
Darussalam atawa Singapura, naha aya nu jiga kitu??? Naon bedana Urang jeung 
Baduy, Brunei Darussalam atawa Singapura??? 
    naha pedah pendudukna nu loba, jadi hese ngaturna????Atawa nu "ngaturna" 
hoream ngatur sacara bener ???atawa memang rahayatna nu kurang disiplin???
    Mun diibaratkeun  mah, Pasualan di Indonesia teh jiga hiji panyakit 
komplikasi nu can ditimukeun ubarna. Can kanyahoan naon sumber panyakitna. 
    tapi,  tuntungna mah pasti balik deui ka diri masing - masing...... 








----------------------------------------------------------------------------
    Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it 
now. 







   

Reply via email to