Cenah, ceuk sahibul hikayat, baheula dihiji nagara, aya Raja nu ngukut anjing. Raja kacida nyaahna ka anjingna teh. Nyaah ka anjingna ngaleuwihan kanyaah ka kulawargana komo ka Rakyatna. Hiji poe, anjingna teh paeh. Raja kacida sedihna, karaton geunjleung, rakyat oge ear pabeja-beja ......
Bakating ku nyaah, bangke anjing teh, dikurebkeun saperti kumaha ngurebkeun bangsawan nu mangkat. Kabeh para gegeden jeung rakyat tumplek da dikudukeun. Sanajan ditarurut tapi bari kukulutus. Sajajalan jalma ngarereg, nyambut kareta karajaan nu mawa bangke anjing. Waktu tepi ka tempat ngubur anjing, aya jalma ceurik auk-aukan, komo sanggeus prosesi nguburkeun beres mah, manehna ceurik bari kokosehan dina deukeut kuburan anjing. Kalakuanna akhirna katangen ku Sang Raja. Manehna digeroan ku sang Raja :"Hey Ki Silah, kunaon maneh ceurik tepi ka kitu?" "Abdi sedih kaulanun Gusti!" "Sedih kunaon?" "Sumuhun ku wafatna Si Tumang nu parantos nyarengan Gusti mangtaun-taun" Kacida gumbirana sang Raja, aya nu maturan sedih kaleungitan anjing. Nu nyeungceurikan paehna anjing Raja teh, ku Raja dibere hadiah duit jeung Emas berlian. Sapuluh taun ti harita, Raja teh mangkat. Teu aya nu sedih, teu aya nu ceurik, nya biasa we. Malah Ki Silah nu baheula auk-aukan ceurik waktu ngubur anjing Raja, teu indit-indit acan ka tempat nguburkeun Raja. Ku tatanggana ditaranya, kunaon sababna ari waktu anjing raja paeh mah, tepi ka ceurik jeung kokosehan, ari ayeuna waktu Raja pupus, datang oge henteu ka tempat nguburna teh, kalahka senang-senang we di imah. Jawab Ki Silah: " Pan rajana ge geus paeh, percomah, lamun kuring ceurik tepi ka auk-aukan oge, moal aya nu mere duit jeung emas!" Baktos, WALUYA