Kataji ku kang Kumi anu nganggo kecap "bagapurusa" (tina basa Sunda Buhun) dina wikipedia Sunda.
----- Original Message ---- From: kumincir <[EMAIL PROTECTED]> To: urangsunda@yahoogroups.com Sent: Monday, December 10, 2007 8:05:30 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Basa Sunda Buhun jeung Kosa Kecap Basa Kosta Usulan anu sae... Kapungkur mah anu getol ngampanyeukeun dilarapkeunana istilah2 kuna pikeun gaganti istilah2 kosta teh di antawisna Mang Ayat (almarhum). istilah2 sanes anu galib di urang tapi tina segi basa 'kirang matut', tiasa dijadikeun kaca alihan (redirect) ka kaca anu judulna nganggo kecap2 kuna tadi. On 12/8/07, Aschev Schuraschev wrote: Poé Salasa minggu kamari, waktu diparengkeun bisa ka Bandung, kuring meuli Kamus Bahasa Sundu Kuno – Indonesia (KBSKI) karya Elis Suryani N. S jeung Undang Ahmad Darsa. Ceuk kuring, kecap-kecap KBSKI bisa dipaké pikeun neangan padanan kosa kecap dina bahasa kosta (utamana basa Inggris). Contona, dumasar KBSKI, kecap wahana wiyati bisa dipaké pikeun narjamakeun aircraft atawa airplane (Ind: kapal terbang). Airline atawa airways bisa ditarjamahkeun jadi pusahaan galur wiyati atawa pausahaan marga wiyati tibatan ditarjamahkeun jadi panghiberan (asa anéh) anu pernah kawénéhan dina wikipédia Sunda; rarasaan (mun teu salah) basa Sunda tidak mengenal imbuhan pang-an. Conto lian, kecap success bisa dipadankeun jeung kecap wipaka. Loba kecap-kecap basa Sunda kuna kawénéhan dina pagelaran wayang golék, jadi sabenerna mah henteu anéh. Urang waé anu tara make atawa tara ngadengekeun wayang anu ngarasa asing. ____________________________________________________________________________________ Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search. http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping