----- Forwarded Message ----
From: Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]>
To: [EMAIL PROTECTED]
Sent: Thursday, January 31, 2008 8:23:54 AM
Subject: Re: [kisunda] Asal ngarang kota Sumedang

Kahatur ambu sareng para wargi sanesna,

Hanjakal talaah ti almarhum juragan Noorduyn mah henteu kalebet bahasan 
padalisan "su" dina kecap "sumedang" kumargi anjeunna mung nalaah dumasar kana 
topografi / geografi; Cipunagara --> Medang Kahiyangan --> gunung Tampomas --> 
wahangan Cimanuk. Kumargi Cipunagara, gunung Tampomas sareng Cimanuk teh 
ngurilingan kota Sumedang kiwari nya anjeunna nyindekkeun rehna Medang 
Kahiyangan (kapungkur) anu diserat Bujangga Manik teh sami sareng Sumedang 
(kiwari).

Dumasar kana data topografi dina naskah Bujangga Manik, Noorduyn oge neguh nami 
buhun Gunung Slamet (kiwari), anu dicandak tina basa Arab, cenah kapungkur 
namina teh Gunung Agung. Padahal upami dilakukeun talaah tina kecap sareng 
padalisan mah pan tebih antawis Gunung Slamet sareng Gunung Agung teh.

Kitu panginten.

Baktos,
Aschev

----- Original Message ----
From: richadiana kartakusuma <richadianakartakusu [EMAIL PROTECTED] com>
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Sent: Wednesday, January 30, 2008 11:38:00 PM
Subject: Re: [kisunda] Asal ngarang kota Sumedang

Kahatur Kang Oman
Leres sapagodos palebah ti jaman Islam na mah partikel SU teh, namung kanggo 
babandingan tiasa kenewh dikotektak tina leuit sorangan nya dina perbendaharaan 
kecap Sunda ge aya.. hasil pangaruh JAWA WETAN (JAWA PAWWATAN) eta SU teh 
hartosna baik (good or have something important behind)

kawit ti jaman buhun (su)----Mdang Kahiyangan-- hartosna puseur para hiyang > 
ngacu kana tempat suci para karuhun..ti kapungkur kecap Mdang aya ti jaman 
Galuh (Mdangjati-ibukota kerajaan Galuh)--kecap Mdang teh dianggo saterasna 
kangge nyebat ibukota Mataram Kuno dugi ka ngalihna pusat ka Jawa Timur
"i mdang i bhumi Mataram....i mdang i mamratipura. .i mdang i watugaluh" saatos 
Kadiri ngadeg diluluguan ku Dharmmawangsa Tguh nu pupus basa pralaya (mertua 
Airlangga) nya teu kadangu deui..

padanan Mdang kahiyangan teh janten sumedang larang > di dieu kecap larang 
hartosna suci = unsur hiyang = buyut

Mangga nyanggakeun, saukur babandingan, manawi kaanggo
AMBU 

oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: Heuheu...tos bab Sumedang deui 
geuningan wangkongan sajarah teh,
wilujeng. Si kuring moal ngajelaskeun naon hartina kecap "Su" dina
'Sumendang", bubuhan lain ahli basa, oge lain ahli sajarah. Ngan ieu
mah sakolepatan wae inget kana sababaraha kecap basa Sunda anu make
rarangkeun "su" di hareupna. Upamana wae: "sumujud" (asalna kecap:
"sujud"), "sumeleber" (asal kecap: "meleber"), "sumawonna" (tina kecap
"mawon" + na di akhir). Naon maksudna eta rarangken "su" dina
kecap-kecap conto bieu?

Duka teuing anu sabenerna mah, ngan ceuk rarasaan tina larapan anu sok
kapanggih, aya sababaraha maksud rarangken "su" dumasar conto
kecap-kecap di luhur. Diantarana: 1) anteb, anu sabenerna (tina conto
"sumujud" = sujud anu sabenerna, anu anteb), 2) geus karuhan, nyakitu
keneh, enggeus tangtu (tina kecap "sumawonna") , jeung 3) anu mindeng,
kerep atawa bolak-balik, terus-terusan, atawa nuduhkeun lain
pagawean/kaayaan anu ngan sakali-kalina kajadian (tina kecap
"sumeleber") . Patali jeung harti anu katilu ieu, aya babandinganana
dina basa Arab.

Dumasar tata basa Arab, aya timbangan nyieun kecap gawe make - sebut
wae - "pola + "ta" + tasdid dina hurup kadua" (umumna kecap gawe basa
Arab diwangun ku 3 hurup). Maksudna make eta rarangken nyaeta
nuduhkeun yen pagawean anu make kecap pola anu bieu robah hartina,
jadi "pulang anting" atawa "terus-terusan taya eureunna". Jadi, lamun
kecap asalna, hartina "ngagawean", lamun make eta pola hartina robah
jadi ngagawean anu terus-terusan teu aya eureunna. Pon kitu deui,
upama kecap asalna hartina teh "turun", mangka sanggeus make pola anu
bieu mah hartina teh robah jadi "turun anu terus-terusan" atawa
"pulang anting turun"

Urang make conto geura, meh langsung nyoko ka anu dimaksud: tina kecap
"tanazala" (fiil madi: geus turun si fulan), make pola anu tadi, aya
kecap "tanazzala" (make tasdid, "z"-na dua; fiil madi, hartina jadi
"geus pulang anting turun"). Kukituna urang mendakan kecap anu kadua
dina kalimah Al Qur'an: "tanazzalu al malaaikati fiiha biidzni
robbihim min kulli amrin salam" (salah sahiji ayat tina Surah Al Qodar
anu mashur salaku dalil naqli karomahna laitaltul qadar). Kulantaran
kitu, pihartieunana, kalawan maksud fiil madi di dieu teu kudu
nunjukeun pagawean anu geus liwat wae, balikta bisa oge nunjukkeun
hiji kapastian (seueur pisan conto ayat-ayat Al Qur'an anu
ngagambarkeun kaayaan poe akhir tapi make kecap wangun fiil madi) kl :
"jeung tangtu baris pulang anting turun para malaikat dina maleman eta
(maleman lailatul qadar tea) kalawan ijin Pangeranana (Pangeran para
malikat, nyatana Gusti Alloh)".

Lah, na asa di pangajian santri kalong nya ieu teh? hapunten para
wargi upami abdi nyayahonana, ieu mah bati sakainget wae, inget mangsa
baheula keur jadi santri kalong bari teu tamat. Ngan, maksud si kuring
tina dadaran ngaji anu teu anggeus ieu teh taya lian yen aya
sababaraha kecap tina aturan basa dina basa Sunda anu sarimbag
pimaksudeunana jeung aturan basa dina basa Arab. Salah sahijina nyaeta
rarangken "su" jeung anu dirarangkenana anu bisa disajajarkeun (leupas
tina faktor "waktu" atawa "mangsa" anu memang aturan grammar basa
Sunda teu ngawengku soal "waktu" atawa "mangsa"). Contona:
"sumeleber", anu bisa dihartikeun "seleber" anu terus-terusan, teu aya
ereunna. "Sumeleber, sumeleber, nyambuang sapakarangan" , kitu ceuk
salah sahiji kalimah dina Sinom "Malati".

Jadi, 'Sumendang"? Mangga wae teraskeun. Teu wasa si kuring mah, bisi nyalahan.

manAR

On Jan 30, 2008 9:20 PM, richadiana kartakusuma
<richadianakartakus u [EMAIL PROTECTED] com> wrote:
>
>
>
>
> Su- Medang > mdang kahiyangan, dupi su-na naon, kakantun teu dijelaskeun
> mdang kahiyangan > ku kiwari janteng Sumedang larang > larang = kahiyangan =
> suci.
>
> Punten, SU... dijelaskeun
>
> Nyanggakeun
> Ambu
>
> Aschev Schuraschev <aschevetea@ yahoo. com> wrote: Asana mah kuring pernah
> maca di milis urangsunda cenah kecap Sumedang teh asalna tina kecap-kecap
> ingsun medal. Tapi aya talaah ti J. Noorduyn, urang Walanda anu nyaah ka
> Sunda, dumasar kana naskah Bujangga Manik (BM), cenah Sumedang téh mungkin
> asalna tina ngaran tempat Medang Kahiangan, bagian ti wilayah Medang (anu
> ngawengku Medang Kahiyangan jeung Medang Sasigar). Rumpaka tina naskah BM
> anu dijadikeun dasar ku juragan J. Noorduyn téh saperti di handap ieu:
>
>
> leupang aing nyangwétankeun,
> meuntasing di Cilamaya,
> meuntas di Cipunagara,
> lurah Medang Kahiangan,
> ngalalar ka Tompo Omas,
> meuntas aing di Cimanuk.
>
> Tah ieu talaah anjeunna ngeunaan sumedang téh:
>
> After crossing Cipunagara river, Bujangga Manik entered another district
> (lurah), called Medang Kahiangan, and passed Mount Tompo Omas (which is the
> present day Mount Tampomas near the town of Sumedang. It is not impossible
> that the name of Sumedang preserves the memory of the former lurah Medang
> Kahiangan, as did the region of Medang which existed in this neighborhood in
> the 17th century, and was divided between Bandung and Parakanmuncang at the
> foundation of these regencies around 1640, when the later part was called
> Medang Sasigar; "one part of Medang" (De Haan 1912:99, 100, 107). Next
> Bujangga Manik crossed the Cimanuk, not far to the east of Sumedang.
>
> Aschev
>
> ____________ _________ _________ _________ _________ _________ _
> Looking for last minute shopping deals?
> Find them fast with Yahoo! Search.
> http://tools. search.yahoo. com/newsearch/ category. php?category= shopping
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
> pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
> mengupdate antivirusnya.
>
> Yahoo! Groups Links
>
> ------------ --------- --------- ---
> Never miss a thing. Make Yahoo your homepage.
>
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
>
>
> 

------------ --------- --------- ---
Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search.

[Non-text portions of this message have been removed]

____________ _________ _________ _________ _________ _________ _
Be a better friend, newshound, and 
know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now. http://mobile. yahoo.com/ 
;_ylt=Ahu06i62sR 8HDtDypao8Wcj9tA cJ 

[Non-text portions of this message have been removed]





      
____________________________________________________________________________________
Be a better friend, newshound, and 
know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.  
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ 

Kirim email ke