Pami tina kuningan mah biasana "cecepengan", tos "dieusi" komo aya seratan ara 
gundul. Wah sae atuh pami tiasa difoto mah kangge conto. Abdi asana aya keneh 
foto kujang Kang Agus Pakusarakan, kapungkur janten disain kaca patri keur imah 
sim kuring. Ke urang kokorek deui.

Kang Dudi sim kuring pesen tina wesi baja campur meteorit tea nya, sanes nu 
kuningan da ieu mah sanes kangge "cecepengan"

Heulang Saung Galah
 
Makarya Mawa Raharja



----- Original Message ----
From: SPB-OQA. Asep Heriandi <[EMAIL PROTECTED]>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Wednesday, January 30, 2008 10:19:18 PM
Subject: RE: [Urang Sunda] Nyarekel Kujang

Kang Jalak,
Ngomongkeun masalah kujang lain kabeneran, kuring kawarisan 2 kujang ti dua 
generasi anu beda, ukuranana beda bentukna beda tur maksud nurunkeun warisanana 
oge beda.
Kujang anu kahiji.
-Warisan ti pun bapa anu tegesna ragrag ka si kuring taun 2000-an cenah kuring 
generasi kaopat nunyekel ieu kujang, artina numimiti nyekel uyut kuring ti bapa.
-Gedena teu lewih siga peso dapur
-Kujang di jieun tina kuningan, aya tulisana siga arab gundul dina lebah 
kuningana.
-Panyekelna tina bahan tulang sigana, klir hideung semu herang bakating mineng 
di elapan, dina tungtung panyekel dijieun bentuk hulu maung keur 
nyerengeh…hehehe…malah aya guratan ngaran bapa kuring dina eta cecekelan.
-Khasiat jeung history can pernah dicaritakeun lewih jero ngan ukur aya carita 
mangsa aya angin putting beliung di lembur kuring, pun bapa nyangsangkeun eta 
kujang dina luhur kenteng anu di singhareupkeun ka Beulah kidul, atuh cenah 
angina nu geus ngagulung ti kaler mengkol ka kidul tur teu lila oge leungit 
(heheh…Kuring sorangan anu boga iman ka Allah SWT, percaya teu percaya…kana eta 
carita)
-Baheula keur di lembur eta kujang kungsi di bungkus ku lawon bodas, saacan 
kuring jarambah ka Batam oge kungsi nempo di sangsangkeun dina tembok lihur 
panto.
-Ayeuna kujang geus di cekel ku kuring, kungsi di simpen di ruang gawe imah 
dina tembok tegesna luhureun computer, tapi 2 bulan katukang kungsi ragrag ku 
pun bojo disimpen dina laci…dugi ka kiwari masih ngahenen dina laci.
 
Kujang anu kadua.
-Warisan ti mitoha lalaki, dibikeun mun teu poho 3 taun katukang.
-satadina dibungkus lawon bodas, Sakabeh bahan dijieun tina kunigan.
-Ukurana leutik pisan sagede cingir urang dewasa.
-Ditalatahan kudu disimpeun luhureun palang dada panto utama, tapi kuring teu 
ngalakonan.
-Kujang disimpen dina wadah pulpen dina meja gawe di imah.
 
Sakabeh barang eta kukuring ditarima keur ngahargaan pamere nujadi kolot, ngan 
ari pikeun nusejenamah teupati diseuriusan teuing.
Tapi ayeuna sugan bisa dipake jang pitulung anu ngarigahla urang sunda anu 
lumpat ka Batam ku Aing di tubless siah….(enya da ban…tubles….)
 
Isukan sugan pareng urang poto kujang nu diimahteh, cag ahhhh…
 
Asep Heriandi
Zaika Distro muslimah
RedRocket Clothing & Souvenir
Sik-Clothing- Batam 
08127721788
 
 
From: [EMAIL PROTECTED] ups.com [mailto:urangsunda@ yahoogroups. com] On Behalf 
Of Jalak Pakuan
Sent: Thursday, January 31, 2008 12:48 PM
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
Subject: [Urang Sunda] Nyarekel Kujang
 
Kumaha mun pesen rame-rame kujang. Sukarela tapi maksa nu aktif di kusnet meuli 
jeung nyarekel kujang.
- Saha nu apal kamana pesena;
- Sabaraha hargana (nu ekonomis pan ieu mah massal)
- Disaina kumaha  (pan supaya aya simaan kudu boga ciri urang sunda abad 21)
 
Cag ah
 
Makarya Mawa Raharja


 
 



Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search.



      
____________________________________________________________________________________
Be a better friend, newshound, and 
know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.  
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ 

Kirim email ke