Hatur nuhun, Kang Agus. 

Ku ayana informasi ti Kang Agus ogé, kuring jadi terang yén panitia
téh manahoréng ngawilah-wilah "urang Sunda anu aya di internét".
Ongkoh di antara jejerna téh hoyong nyieun pajemuhan antara "anu di
internét" sareng "anu di darat". 

Ana kitu mah Kang Agus téh dianggapna ngancik di awang-awang atanapi
di laut. Tapi bisa jadi, Kang Agus dianggap anu henteu giat dina
widang kabudayaan Sunda. Margi, panitia nyebatkeun judulna pajemuhan
téh kirang-langkung "Agenda Pajemuhan Nepungkeun nu Giat dina
Kabudayaan antara nu di Darat jeung nu di Internet". Hiji judul anu
pararadu, henteu dikonsép, atah kabina-bina.

Kang Agus, kuring henteu terang kalayan écés saha-sahana nu hadir tur
naon kacindekan tina éta pajemuhan. Sabab, kuring henteu ngiring
pajemuhan. Tadina mah badé ngahadiran, tapi diantos-antos waleran
serat ti panitia téh henteu jol baé. Anu torojol téh kalah Cucu.
Wengina… torojol Cucu deui. Cucu sareng cucu wé anu sumping téh. Teu
aya serat waleran ti panitia mah.

Jadi, sigana panitia teu bisaeun ngajawab surat kuring (komo
ngadebat), da puguh teu gaduheun argumén anu pertéla. Padahal kuring
ogé bakal ngama'lum upama panitia bingung ngajawabna. Kilang kitu,
surat kuring tetep perelu dibales, sakurang-kurangna ngaku kana
kahéngkéran tatahar éta acara. Teu kudu réa alesan itu-ieu, upama
jejerna teu jelas mah, mending aku wé henteu jelas.

Atuh dina poé Ahad ogé, anu norojol téh kalah Lugiena De, pangarang
Sunda anu jangkung luhur simbar dada, mahasiswa UPI Bandung. Lugiena
ngirim peuteuy 7 papan sareng sukun dua sirah. Malah tuluy dipesék ku
manéhna, dikeureutan, tur digoréng ku manéhna kénéh. 

Kuring teu pati resep ngagoréng sukun téh. Tapi ari ngadaharna mah
sedep kabina-bina. Teu lami ti harita, torojol serat ti panitia
gempungan… aéh lepat, Kang. Maksad téh torojol sapasang nonoman numpak
vésva. Nu hiji jenenganana Ari. Nu hiji deui mah Ciko, aktivis Daya
Mahasiswa Sunda (Damas). Der wé balakécrakan ngahanca goréng sukun.
Kuring nepi ka dua kali pulang-anting ka kamar cai. Margi… (ieu mah
élmu) buah sukun téh saé pisan kanggo nu katarajang panyawat sesah
miceun. Tapi ulah seueur teuing nuangna, bilih méncrét.

7 Langkah Mudah Menjadi Web Master, aéh… maksad téh 7 papan peuteuy,
dua sirah sukun, Lugiena De, Ari, Ciko, raket patalina sareng
pajemuhan di Unpad. Margi, pabuburit, torojol Dadan sareng Kiai Ahmad
Gibsol Al-Bustomi, guru kuring. Dadan sareng Kang Gibson téh apan
mulih ngaluuhan pajemuhan. Teras wé balakécrakan tuang sareng peuteuy,
goréng asin kéré, sambel buatan Lugiena, pleus leunca. Tah, palih
dinya hubunganana antara peuteuy, sukun, Lugiena, Ari, Ciko, sareng
pajemuhan di Unpad.

Naon kacindekan tina pajemuhan téh? Kuring yakin, panitia moal bisaeun
ngadadarkeun kacindekanana. Bet nyieun surat ogé meni wawayagon pisan.
Kuring henteu ngobrol panjang lébar jeung Dadan atanapi Kang Gibson
ngeunaan éta pajemuhan, da kuring geus bisa ngira-ngira siga kumaha. 

Nu jelas mah, ladang tina pajemuhan téh Dadan mah manggih mukena anu
ngagantung dina motorna. Duka mukena saha. Jadi, saha baé anu hilap
ngagantungkeun mukena dina motor Dadan, tiasa ngintun e-mail ka:
[EMAIL PROTECTED] atanapi [EMAIL PROTECTED] Kuring yakin 100%
tur wani taruhan, yén anu kakantun mukena téh pasti istri. Kunaon
pangna éta mukena digantungkeun dina motor Dadan? Tah, ieu mah aya
sababaraha kamungkinan, di antarana:
1.      Anjeunna hilap kana motorna (motor Dadan mirip sareng motor anjeunna)
2.      Anjeunna aya nu ngajak chating pas ngalangkung ka payuneun motor
Dadan. Lajeng anjeunna chating heula, sok wé mukena mah digantungkeun
dina motopr Dadan.
3.      Anjeunna resepeun kana motor Dadan.
4.      Anjeunna aya haté kadua leutik ka Dadan tur ngahaja nyimpen éta
mukena supados kaimpikeun ku Dadan.
5.      Anjeunna seueur teuing mukena di bumina, lajeng hoyong masihan
mukena ka Dadan.
6.      Anjeunna miwarang Dadan énggal-énggal gaduh kabogoh nu nyantri
kalayan dipancing ku mukena; sareng kamungkinan sanésna 

Ku kituna, sakali deui, ka Tétéh atanapi Ibu anu ngaraos kaicalan
mukena, mangga saénggalna ngintun email, bilih kabujeng diical ku
Miftahul Malik. Henteu kedah ngajukeun proposal. Komo ngalampirkeun
surat keterangan rajin solat ti DKM mah. Cekap sebatkeun namina,
alamatna dimana, gaduh putra istri nu lalagasan sabaraha urang, sareng
nomor kontakna. 


Kapayunna, ieu kagiatan nu teu puguh alang-ujurna téh muga baé sing
jadi pieunteungeun. Upama badé ngadamel acara téh sing asak nyusun
konsépna, transparan dina ngabacarkeun waragadna (mun aya nu
ngawaragadan), tur ngabéjaanna ulah dipilihan nu seueur artos wungkul,
siga saur Kang Agus. 


Baktosna
DHIPA GALUH PURBA
Kuring ogé: ANTI DISKRIMINASI




--- In urangsunda@yahoogroups.com, Agus Pakusarakan
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Assalamu'alaikum Wr Wb,
>  wilujeng enjing baraya sadayana kumaha damang?
> kamari isuk2 di Bakus (urangsunda@yahoogroups.com)
> kuring maca uleman anu di haturkeun ku kang oman ka kang dhipa 
> nu terusna di cemplungkeun ka milis ku kang dhipa
> 
> tah kumaha hasik gempungan kabudayaan eta (saurna gempungan
kabudayaan sunda) mung nu diulum teu kabeh urang sunda (nu alimeun
diulem nu hoyong sumping teu diulem) 
> 
> abdi hoyong terang kumaha hasilna naha aya anu kuduh di teruskeun
lengkahna atawa mung saukur gempungan sabiasana nu ukur aya hasil
kanggo sewang-sewangan?
> 
> hatur nuhun
> salam baktos
> Agus Pakusarakan (Anti Diskriminasi)
> 
> 
>
----------------------------------------------------------------------------------

> AGUS PAKUSARAKAN 
> +62 81283 776 62  / +62 81806170432
>
----------------------------------------------------------------------------------
> UWJ | Azzoman | Abu Hafizh | Pakusarakan
>
----------------------------------------------------------------------------------
> 
> KAS I USAHA | FINGERPRINT | SOFTWARE | MultiJasa
>
-----------------------------------------------------------------------------------

> 
> 
> 
>        
> ---------------------------------
> Never miss a thing.   Make Yahoo your homepage.
>


Reply via email to