Hiji poe, Euis nyambut carogena nu mulih ti kantor bari semu sugema.
Panganten anyar carita.

"Kang. abdi telat sasasih. Urang baris gaduh orok." Ceuk Euis. "Tadi tes
ka dotker. Tapi ulah waka ngawartosan sasaha, bilih teu janten." 



Isukna, aya tukang nagih listrik ngetok panto.

Saparantos panto dibuka, tukang tagih listrik nyarios, "Ibu, punten,
rupina ibu telat sasasih."

"Hah? Timana anjeun terang?"

"Ieu aya dina catetan abdi." 

"Hah? Piraku nepi ka aya dicatetan anjeun?"



Enjingna, si caroge ngambek ka kantor pembayaran listrik. Nepungan nu
tukang nagih listrik kamari. "Kumaha ieu teh,

Naha anjeun bisa nyaho, pamajikan kuring telat sabulan?" 

"Sabar, sabar, pa. Upami bapa hoyong catetan ieu dipupus, kantun bayar
we ka abdi.."

("Wah.pemeresan yeuh." ceuk si caroge tea. "Mun kuring nekat teu mayar?"

"Nu bapa baris dicabut."

"Wah..mun nu kuring dicabut, ke pamajikan kuring make naon?" 

"Nya..tiasa nganggo lilin.."



Garing! hehe 
 

Kirim email ke