waaahh... tah, kahoyong teh nu kieu, sarangkana oge sae,,,
mung abdi mah gaduh kahoyong teh bahanna tinu stainless, herang jiga samurai
tea geuning, jeung rada lebar sakedik, ngarah ngimbang jeung salira
kuring...
hehehehe...

-Bohay-

2008/2/8, MSasmita <[EMAIL PROTECTED]>:
>
>   Dihenteu-henteu ge sim kuring teh Sekretaris dina Paguyuban Pecinta
> Kujang,
> ieu organisasi teh memang encan jinek, kakara kitu we kumpul-kumpul bari
> ngawangkong, keur ngawadahan anu mikacinta kujang, hartina mikacinta
> didieu
> yen kujang "benda budaya" anu geus diaku boh dina pelajaran sakola SD
> atawa
> ku umum ge, enya kujang teh pakarang tradisional ti Sunda. Lamun enya eta
> teh pakarang urang Sunda nya atuh saeutikna mikawanoh. Tah ngobrol-ngobrol
>
> teh perkara kitu. Keur saheulaanan, kulantaran can jinek tea, nya can bisa
>
> nampa kaanggotaan, kakara aanggotaan, eta ge kawatesanan ku anu wawuh
> wungkul jeung nu sok ngilu ririungan bari teu puguh catetanana. Kakara
> embrio Paguyuban.
> Nu jadi pupuhuna Pa Gun-gun, nganjrek di Bandung di Jl.Kuningan Antapani,
> inyana boga koleksi kujang jeung keris, ari kujang mah ukur ratusan lamun
> keris mah ngarebu. Wakil pupuhu Pa Wisnu aya teureuh empu, tukang nyieun
> keris, profesi sapopoena dokter kulit, praktekna di Garut di Jl.Cimanuk
> Ari kuring mah ngan ukur boga hiji kujang teh, eta ge pamere, alus da aya
> pamorna, umurna can lila kakara taunan, nu nyieunna Kiayi Tapa (baca TP
> wancahan tina Tedi Permadi, dosen UPI). Kiayi Tapa salian ti ngajar di UPI
>
> nya boga kabisa nyieun kujang jeung neuleuman kertas saeh (daluang).
> Nyieun
> kujangna lain kujang keur dijieun jimat tapi benda budaya anu dialus-alus
> tur jadi barang suvenir Pemda Jabar. Nyieunna gawe bareng jeung pengrajin
> di
> Ciwidey, ugeranana tujuh atawa lima lapis logam, waja, jeung nikelin.
> Dilipet jadi 6 lipetan, salipet hartina jadi 2 x lima, lamun dua lipet
> hartina 2x2x5 jst.Jadi lamun 6 lipetan 72x5 lapis logam, kulantaran kitu
> jadi alus, pamorna kaciri, sanggeus beres ditempa tuluy di blackening, tah
>
> ieu mah keur ngaleungitkeun karaha. Salian ti gawe bareng jeung panday,
> saterusna gawe bareng jeung tukang nyarangkaan, ngagagangan, tah ieu ge
> alus
> deui bae da kaina meunang milih, kaasup kai petingan (poho deui ngaran
> kaina), diukir dina wangun macan keur ngadakom, boh gagang boh sarangkana.
> Hargana teuing mahal teuing henteu nya kira-kira dalapan ratus rebu, eta
> teh
> geus kaasup kotak keur nyimpen disaput ku buludru. Bisi aya nu bade pesen
> mangga urang dugikeun ka Kang Tedi, ngan ulah ukur hiji atawa dua, mun
> bisa
> mah leuwih ti sapuluh, jadi kumpulkeun heula saha-saha anu bade pesen.
> Perkara harga mah eta ge kakara ancer-ancer ngan sigana moal leuwih ti
> sakitu, sugan we bisa kurang, ke urang tanyakeun deui ka ingkang rayi
> Kiayi
> TP...eh Kiayi Tapa (dina aksara Sunda mah TP pan dibaca Tapa)
> Contona tah ieu fotona hasil karya Kiayi Tapa, conto foto teh lain nu
> kuring, nu kuring mah moal diebreh-ebreh da kamari ge aya nu naksir
> majarkeun geus kolot umurna cenah boa ratusan taun, padahal kakara taunan,
>
> boa can leuwih ti dua taun. Nyimpen soteh tamba kawaranan we, lamun aya
> mah
> hanyang nyimpen bukuna ngeunaan kujang tapi geuning can aya. Tah ieu ge
> jadi
> garapan pecinta kujang, hanjakal bahan keur nulis eta can aya, kakara ceuk
>
> cenah.
>
> MSasmita.
>
>  
>
>

Kirim email ke