Muhun, saé, anjangan tah Gedong Kasenian Miss Tjitjih. Kuring ogé tos
lami teu nganjang ka ditu téh. Pamungkasna tanggal 07 Méi 2005, basa
kuring masih ngontrak di wewengkon Pulo Mas, Jakarta Timur. Perenahna
di Jln. Cempaka Baru IV, Cempaka Putih, Jakarta Pusat. Ngahaja harita
téh malem Minggu, ngarah sakalian lalajo Sandiwara Sunda. 

Gedong Kasenian Miss Tjitjih anu anyar dibangun téh mémang kaitung
agréng. Diadegkeun dina taneuh anu legana  kurang-leuwih 4000 m2,
kalayan diresmikan ku Presiden (harita mah Mégawati Soekarnoputri),
tanggal 26 Maret 2004. Ieu wangunan Gedong Kasenian Miss Tjitjih téh
méakkeun  waragad Rp 14 miliar (ti Pemda DKI). Janggélék gedong
agréng, diwengku ku wangunan  dua tingkat, kalayan panggung nu legana
15 x 4 méter persegi. Korsi lalajo mangrupa korsi lipet warna beureum,
 anu jumlahna 234 korsi. Lengkep asilitas séjénna saperti  kamar rias,
aya di lanté  dua, kaitung lega jeung pikagenaheun. Di tukangeun
gedong, diwangun asrama para pamaén nu jumlahna 20 kamar nu ukuranana
5 x 4 méter persegi. Unggal kamar ditempatan ku hiji atawa dua
kulawarga (basa kuring nganjang, aya hiji kamar nu kosong). 

Bilih Kang Firman hoyong uninga langkung jelas ngeunaan lalampahan
kuring nganjang ka Gedong Kasenian Miss Tjitjih, mangga baé aos
seratan di dieu:
http://galuh-purba.com/sapanjang-jalan-sandiwara-surat-keur-holisoh-me/

(Eta seratan mangrupi walonan surat kuring kanggo Ibu Holisoh MÉ, basa
mantenna ngintun serat panjang anu eusina tetelepék ngeunaan Sandiwara
Sunda. Kaleresan kuring keur diajar ngéstokeun pikeun ngawalonan surat)

Baktosna
Dhipa Galuh Purba
http://galuh-purba.com




--- In urangsunda@yahoogroups.com, Firman Juliansyah <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>
> Sim kuring tos lami nguping hal ihwal perkawis Gedong
> Kasenian Miss Tjitjih di Jakarta. Ti kapungkur teh
> panasaran hoyong nganjang kadinya.
> 
> Ayeuna sim kuring tos ampir opat sasih dumuk di
> Jakarta. Janten emut deui kana kahoyong kapungkur,
> hoyong nganjang ka GK Miss Tjitjih.
> 
> Manawi aya di antawis aranjeun anu uninga alamat, no
> tlp, jadwal, sareng info acara di Miss Tjitjih, mugia
> kersa ngawartosan ka simkuring. 
> 
> Malihan langkung sae upami aya nu kersa ngarencangan
> nganjang atanapi nongton acarana. komo dugi ka ntaktir
> tiket, katuangan, mondok di Ritz Carlton, sareng tiket
> pesawat mah, langkung sae pisan (nu ieu mah heurey
> ketang).
> 
> Ke buruhna, bilih karaos cararangkeul, ku sim kuring
> seja dipeuseulan...
> 
> 
> Hatur Nuhun,
> 
> 
> 
> 
> Firman Juliansyah
> Jl. Kancra Dalam II No 7Ab, Bandung, Indonesia
> Phn: +62 22 5431324, Fax: +62 22 5431325
> MP : +62 (0)81.320.656.905
> YM & FS: [EMAIL PROTECTED]
> http://bozzetto.blogs.friendster.com/bozzetto
> 
> 
> 
>      
____________________________________________________________________________________
> Never miss a thing.  Make Yahoo your home page. 
> http://www.yahoo.com/r/hs
>


Kirim email ke