malem minggu nganjang ka CCL, celah celah langit asalna center of cultural ledeng, kantong budaya di gg. bapa eni pengkeren terminal ledeng bandung. pupuhuna teh kang Iman Soleh, dosen di STSI, raina kang TIsna Sanjaya. kang Iman Soleh taun 80an kungsi jadi juara nasional lomba baca puisi. ngelehkeun butet kertarajasa oge landung simatupang. hehe. puisi nu dibacakeunanana harita, Jante Arkidam karya Ajip Rosidi. si kuring langsung rebeh irung, reueus.
kamari teh di komunitas eta keur aya barudak SD jeung nu can SD latihan penca silat gagak lumayung cenah. barudak masih marake kaos atawa baju sapopoe. aya duapuluhan barudak. kalolobana mah cenah barudak yatim. ngahaja dikeprik ti sabudeureun tempat eta, minangka pewarisan kabisa karuhun. regenerasi. kahayang mah cenah barudak teh baroga baju latihan, kelirna hideung, kampret tea modelna. geus nanyakeun cenah sasetelna lima puluh rebu. ngan teu awasa cenah menta ka sepuhna, da kalolobana anak yatim. yp teu aya dana kanggo eta. ke atuh urang ngumaha ka baraya kusnet, sugan we aya baraya nu haat mantuan baju latihan silat pikeun barudak. tah kanu kersa tiasa transfer sabaraha oge ka rekening yp atanapi bade langsung ka kang iman soleh di abdi aya no. hpna. nuhun, sakitu heula -- geocities.com/mangjamal mangjamal.multiply.com

