Leres pisa kang abdi sapamadengan jeung salira.. kuduna kitu mun rek gaya
amerika nya sok ulah kagok
mun rek gaya walanda oge nya sok mun rek gaya indonesia mah pan kudu balik
deui ka jaman karajaan tea
tinggal jien we dewan raja cigana ampir sarua jeung nagara bagian lah....
beda2 saeueutik...

kela mun teu salah maca na berita mah PILGUB jabar meakeun dana 60 M
langkung nya ceunah..
bedul teh.. eta artos atawa bandera partai jeung gambar hulu para calon
kitu?

baktos
nu hoyong jadi nagara bagian he he he hehe RIS tea masih aremut?

2008/2/11 Kang Maman <[EMAIL PROTECTED]>:

>   Haturan,
> Ieu bukti yen reformasi teh ngan setengah hate.
> Niat jeung maksudnamah alus. Niatna pemerintahan ti rakyat keur rakyat
> jeung ku rakyat nyaeta demokrasi tea. NGAN SISTEM NA TEU PUGUH.
> Naha make teu puguh?
> Kulantaran struktur organisasi nagara urang masih angger jiga jaman
> ORBA(Hirarki, PRESIDEN,DEPDAGRI,GUBERNUR,BUPATI,CAMAT,LURAH,RW,RT).
> Sok we emutan, naha teu aya PILKADA CAMAT atanapi LURAH?
> Naha Ari Pilkada RW atanapi RT aya (he..he..bari pa embung-embung da
> eweuh duitna!).
>
> Supaya rada puguh, nya nyonto we ka sistem pemilu Amerika KABEH, ulah
> sapotong-sapotong. Ulah siga ayeuna, nyonto ka sistem Belanda(anglo
> saxon) heunteu, conto ka sistem amerika continental heuntu, ah campur
> aduk we gado-gado.
>
> Buktina naon, puguh aya DPRD eh... aya oge DPD ... pan teu puguh
> gawena.(kitu oge aya MPR eh aya oge DPR). Konsepna pabaliut.
>
> Ragu-ragu lamun nyieun negara bagian(state), tapi siganama urang sunda
> satuju teu nyieun negara bagian sunda??
>
> Jadi pabetot-betot, antawis sistem sentralisasi jeung desentralisasi,
> hoyong otonomi(pinuh? ku korupsi) tapi lamun 'otonomi pinuh'
> dilaksanakeun sieun negara paburencay cay.
>
> Nu puguh mah jadi meakeun duit. Demokrasi jadi salin rupa, keur duit,
> make duit, ti duit jeung neangan duit. he.he..he
> Apan aya pepatahna, "MARI KITA KEMBALI KE UUD" (Ujung-Ujungnya Duit)
>
> Punten ah.
>
> Salam baktos
>
>
> --- In urangsunda@yahoogroups.com <urangsunda%40yahoogroups.com>,
> "jm_hndsm" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > wargi kusnet sadaya,
> > utamina anu gaduh pengaruh di birokrasi
> > sareng anu dipercanten janten wakil rakyat,
> > abdi bade ngadugikeun usul supados pilkada tingkat bupati, walikota,
> > jeung gubernur di uihkeun deui heula sepertos kapungkur,
> > janten milih kepala daerah cekap ribut di gedung dewan bae,
> >
> > da geuning pangalaman kalah jadi pasea dulur jeung dulur lantaran
> > hasutan provokasi...
> >
> > keun bae lah dewan rek milih anu kacingcalang oge
> > da buktina make sistim milih langsung oge angger wae nu menang teh
> > jelma burung ngan beda na loba duit wungkul bari jeung teuing timana
> > eta duit teh boa boa duit titipan pamarentah jang rahayat anu
> dikorupsi...
> >
> > cag ah.
> >
> > pun njum
> >
>
>  
>



-- 
-----------------------------------------------------------
AGUS PAKUSARAKAN
08128377662
www.smarthubtech.co.id-----------------------------------------------------------
Koperias Amanah Sunda
www.inkas.wordpress.com
www.garut0262.wordpress.com
www.azzoman.wordpress.com
www.azzoman.indonetwork.co.id
www.indonetwork.co.id/azzoman
---------------------------------------------------------------------
http://aguspakusarakan.blogspot.com/
http://geocities.com/prabu_siliwangi
http://geocities.com/lodaya_9
http://siliwangi.blogs.friendster.com

Reply via email to