percanten teu kang ???...
pami ieu riungan kantos "mundut wadal" ???...
aya teureuh sunda, nu boga kanyaah ka indung budayana tepikeun ka stresss ?

ti HBH .... nepikeun kiwari.... sedih kingkin "ningali kaayaan ieu"...
hese ngupah ngapeh na.....
teu puas..... tapi teu kasalurkeun energina.....

mana keur kuring mah daripada stress, teu kasalurkeun energi....
der wae lah....hahahaha.....

pek tah, maranahan. (kumaha tanggel waler moral na kanu stres?).

haturan.
abdi.

solihin yusuf <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                               

Euleuh mani ragot jigana pami katingali janggelekna 
rame papuket ......

Mugia silih asah, silih asih, silih asuh

Sy
Nu Mirengkeun



----- Pesan Asli ----
Dari: AmanK Maya Suara <[EMAIL PROTECTED]>
Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
Cc: [EMAIL PROTECTED]
Terkirim: Rabu, 13 Febuari, 2008 9:31:25
Topik: Balasan: Re: Balasan: [Urang Sunda] kang Maya & Web KUsnet na.

                         Emh, enyaan... mani asa "pang sarundana "
Emh, enyaan... mani asa "pang jarasana kana sunda"
Emh, enyaan .. mani asa "pang bogana sorangan sunda teh" 

Yeuh, dengekeun... .. 
Ku aranjeun rek diaku teu diaku..... aing boga keneh karep, aing boga keneh 
hate "nineung jeung nyaah" ka sunda ku "versi aing"...
Sia rek marere kasempetan atawa henteu ka aing....
Aing teu paduli......
Bongan sia oge marawa karep sorangan.... .
Aing oge bisa......
Saruana ?, Ah, kajeun.... ngarah rame !!!

Sukur keur aing mah, aya anu ngeundeuk-ngeundeuk ....
Sangkan rusiah kabuka, sangkan maksud kaboker....

Perkara boga ririungan "teu resmi".... heug..... hampura.....
Enya meureun..... aing teu rumasa menta ijin kanu bogana....
Heh, anu boga..... hampura aing........ ......... .

geus di konci web na oge.... teu dibuka deui........  .....
heug.... puas ??!!!  

Perkara aing make email : urangsunda_linglung ......
Pikiraneun eta teh lur !!!

Geus wae atuh, ari sia teu rumasa linglung mah, cicing !!! 

Keur aing mah ngaran teh boga harti......
Ngaran teh boga sumanget.... .

Lamun sia nyangka eta ngaran goreng, asa ngalelece... ...
Berarti semet kadinya cara mikir sia....sareukseuk !!!
Teu bisa muka siloka... teu harti.......

Keur aing mah ngaran "urangsunda_ linglung" teh wiwaha....
Keur aing mah ngaran "urangsunda_ linglung" teh mawa sumanget...
Keur aing mah ngaran "urangsunda_ linglung" teh mawa kasadaran...
Keur aing mah ngaran "urangsunda_ linglung" teh mawa siloka....

lain ngaran "kosong" ku harti.....

pikiran lur ..... piraku sia teu ngaku "sunda" ropeaneun ???...
pikiran lur ..... piraku sia teu karasa "sunda" beresaneun  ???...
pikiran lur ..... piraku sia teu  eling "sunda" ampir kasilih ku junti ???...

Belegug !!!
Linglung teu sarua jeung gelo, salah ngahartikeun sia lur !!!

Linglung ngagambarkeun jelma anu "sadar keur kasasar"....
Linglung di tengah leuweung (poho jalan balik), pasti neangan jalan kaluar.... 
satekah polah neang jalan kaluar..... teu gelo kan ???

leuwih deukeut linglung = kapahung !!!

kade euy, kana gelo mah asa jauh.... sabab jalma gelo mah teu boga "kasadaran 
kana diri"....

Tah, aing nempo... ayeuna urang sunda kesadaran akan diri "aing sunda" keur 
mimiti najeur....rame. .... ngan keukeuh kudu diaku lamun urang siga jelma 
"kapahung/linglung" ditengah leuweung neangan jalan kaluar...

eta sababna urang ngobrol, di dieu....
eta sababna urang ngaguar sajarah, didieu....(neangan tapak luluhur)
eta sababna urang adu fikiran di dieu....

Lamun keur teu linglung mah, rek naraon atuh sia teh karikieuan ????

heug, aing  budak ngora olol  leho.... diaku....
aing gancang ngaheulakeun emosi...diaku. ...
sia ambek..... aing oge bisa ambek......! !!!

cetek lah, ukur ngambek mah aing anu olol leho oge bisa !!!


Nuhun !!!
Aing si Maya.

 
Tatang Sariman <tams_sariman@ yahoo.com>  wrote:                              
Langkung sae deui >e-mail Amank Maya Suara teh cing atuh sing rada pede, meni 
nyanyandak >urang sunda sagala ari mung jadi "urangsunda-
 >linglung" mah. Aki tams punten nya, ti basa harita bade kedal ieu teh teu 
 >werat; >tapi lami2 bitu oge yeuh. soalna aki tams ngaraos urang sunda, 
 >samasakali teu >linglung. Punten nya nami teh seueur pisan tapi ulah anu 
 >ngagambarkeun teu >sae. Ari linglung teh sami sareng gelo, sanes???



Kuncen Cimanuk <kang_gibson@ yahoo.com> wrote:                          > mj 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                     
>
> 


Sampurasun,
Alah siah Mang Maya....!! ceuk uing ge baheula, kudu aya surat izin heula 
ngarah dianggap resmi. Komo ari nyangkut "SUNDA" mah, aya anu bogana 
siah....!!! aya hak patenna..!! Mun geus kieu pan akhirna mah aya kamungkinan 
keuna sangksi "DIBREDEL".. ..!!! Leuwih ti eta, bisa dibui..!!

Matak ari rumasa karek turun gunung mah  ulah legeg asa aing..!! kudu boga 
tatakrama... !! Mang Maya mah ngaku-ngaku Urang Sunda, tapi teu boga 
tatakrama..! !! Matak oge sing nurut kana papatah kolot, dengekeun carek 
balarea..!!!

Mun geus kieu kumaha tah? Pan wirang di kolong catang, nya badag nya panjang....

Geuwat menta hampura kadinyah Mang Maya...!!! Lamun perlu tulis dina spanduk, 
pasang unggal pengkolan..! !

Awas lamun teu nurut...!!!


Baktos Kuring

KGB--------- ---

 
     
            


Salam Baktos.

Mang Maya.

www.salakadomas. multiply. com
www.hasanmustapa. wordpress. com
www.kusnet.ning. com
           

---------------------------------
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!
     
      




       
---------------------------------
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! 
Answers
     
                               


Salam Baktos.

Mang Maya.

www.salakadomas.multiply.com
www.hasanmustapa.wordpress.com
www.kusnet.ning.com

       
---------------------------------
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! 
Answers

Kirim email ke