--- In urangsunda@yahoogroups.com, Agus cipto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> YEEEE... KUMAHA YEU TEH!! NGADON PARASEA JEUNG SILIH BEUBEUTKEUN!!
HANAS REK DI ILUAN... ARI PEKTEH NGAN UKUR KIEU... GORENG ADAT
GEUNINGAN.... HAH.. (URANG SUNDA)..... PUNTEN JANTEN NGISINKEUN...
> 


Sampurasun....
Ah keun we kang, da meureun geus kitu kanyataanana, teu kudu ngarasa
era. Dari pada dihengheum bisi ngaburusut di pasar, kalah matak leuwih
ngerakeun. Keun we ari gelutna di dieu mah da memang paragina jeung
tempatna. Komo ieu mah duanana aya dina niat anu sarua, hanyang
nembongkeun kanyaah ka ki Sunda. Atuh cenah beda dina carana? wajar we
mun jadi pasea da masingmasing boga titingalian jeng rasa anu beda.

Ulah kusabab nutup kaera, masalah anu aya dipirosea, antukna jadi bom
waktu anu geus moal bisa ditungkulan deui, tungtungna jadi bener-bener
ngerakeun... Keun we anggap we pepetasan cengek...

Atuh basa jeung cara ngomongna dor-dar teu puguh dengekeunana jauh ka
disebut murwakanti, teu puguh entep seureuhna ... nya maklum bae da
ngaranana oge jalma keur boga kahayang, sok poho ka temah wadi, komo
ieu mah da si wadi na ge saruana pohoan.

Malah..., aya hadena, sahenteuna urang bisa diajar jujur ka diri
sorangan yen nya kieu jeung kitu pisan karakter urang teh. Lamun ceuk
pipikiran eta teh goreng, hayu babarengan urang omean, tapi teu kudu
bari ngagogoreng, atuh alus hayu urang piasa tapi ulah baru jeung
dibarengan ku adigung adiguna asa aing uyah kidul.

Sok aya carita kieu..., Urang Sunda mah "Silih Asah Silih Asih", tah
naha bener eta ungkara teh? atawa ngan wungkul aya dina "erang-erang"
ditulis dina kertas daluang, dirapet ku rameh sesa hayam? urang godog
di dieu.... Urang tingali babarengan, Silih asih kusabab dikudukeun,
atawa silih asih anu memang kaluar tina sanubari sewang-sewangan? Lian
ti eta pan cara dina ngamalirkeun jeng ngawujudkeun rasa asih teh boga
cara seang-sewangan.

Hirup salila aya di handapeun mata poe mah..., teu salawasna
caang-beurang, dalah keur beurang oge sok aya iuh.....; kitu oge dina
kaayaang poek-peuting... sok aya wae kolenyay silalalu. Silalatu ngan
karasa manfa'atna di anu poek; iuh-iuh leuwih karasa manfaatna dina
panasna sorot caang-matapoe.




Kirim email ke