nambihan rame ahh...
diimah kuring jeung dilembur kuring basa sia aing geus biasa kang.. malah
eta aya di priangan enya di garut pan priangan keneh sanes..
tah taros we ka kang irpan nya kang.. di cilegong mah teu weleh di sia aing
dewek goblog teh geus jadi bahasa biasa sapopoe
urang cilegong ku urang garut kota disebut nagara beling da' duneh basana
kasar ari kalakuan mah insya allah lewih alus ti urang kota nu basana lemes
ente seureh tapi ngajaheutkeun maneh.. contona aya jeger ti garut kota basa
mani abdi kulan tea ari kalakuan punten we sirikna bobo oge jeung gogo.....
tah jadi kang teu kabeh urang priangan make basa sunda nu lemes
uing wae jung kang irpan oge kang iwan sumedang nya basana uing maneh
we..... kadang aya sia aing kitu tah.,



On Thu, Feb 14, 2008 at 3:58 PM, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>    > Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Pikeun nu hayang mulasara UUBS atawa anu geus biasa jeung UUBS
> > sarta nu kontra UUBS tapi maké basa lemes terus-terusan, pamakéan
> > kecap "aing" jeung "sia" karasana kasar pisan.
> >
> > Tapi pikeun nu kontra UUBS tapi ngarojong pamakéan basa kasar,
> > kecap aing jeung sia dina sagala kondisi karasana biasa-biasa waé.
> > Kumaha pamakéan kecap aing jeung sia kahareupna, naha bakal balik
> > deui jiga mangsa Bujangga Manik masih hirup? Waktu nu bakal
> > ngajawab.
>
> Gumantung Kang, kumaha ngalarapkeunana. Umpama kecap aing jeung sia
> make jeung panon molotot atawa ditambahan kecap-kecap sejen nu
> kacirina keur ngambek, kuring yakin nu diajak ngomong, sanajan nu
> kontra UUBS oge, paling henteu bakal ngarasa ceulina rawing, malah
> nu sarua bedegong mah bisa "sarua ngasah bedog".
>
> Kudu ati-ati make kecap "aing" jeung "sia" keur urang Priangan.
> Sabab "aing" nunjukkeun posisi nu leuwih luhur atawa keur ngambek,
> sedengkeun "sia" keur nu sahandapeun atawa nu keur diambek.
> Maksakeun egaliter (eegaliteran) ka masyrakat nu masih feodal,
> hasilna lain alus, tapi malah "SALAH FAHAM"!
>
> Tepi ka ayeuna, urang Sunda Priangan, sanajan nu kontra UUBS, tetep
> ari nyarita mah make basa lemes atawa paling henteu basa loma, sabab
> nyaeta bisi SALAH TARIMA, nu diajak nyarita, ngarasa kahina!
>
> Teu percanten? cobaan geura ka pembantu di bumi, nyarios make sia
> jeung aing. Dijamin, pembantu di bumi teh moal betaheun ...da asa
> dicarekan wae ...
>
> Baktos,
> WALUYA
>
> 
>



-- 
-----------------------------------------------------------
AGUS PAKUSARAKAN
08128377662
www.smarthubtech.co.id-----------------------------------------------------------
Koperias Amanah Sunda
www.inkas.wordpress.com
www.garut0262.wordpress.com
www.azzoman.wordpress.com
www.azzoman.indonetwork.co.id
www.indonetwork.co.id/azzoman
---------------------------------------------------------------------
http://aguspakusarakan.blogspot.com/
http://geocities.com/prabu_siliwangi
http://geocities.com/lodaya_9
http://siliwangi.blogs.friendster.com

Kirim email ke